MajmusSunda News – Bandung, Jumat (14/08/2026) – Urang Sunda mah terkenal ku kecap-kecap Punten jeung Mangga.
Punten lamun ngaliwat.
Punten lamun ngaganggu.
Punten lamun nginjeum duit.
Bahkan di Cicadas aya istilah Gang Sarebu Punten. Lamun ngaliwat ka gang éta, tiap léngkah téh kudu nyebut punten, saking padedetna pendudukna jeung loba nu nongkrong.
Tapi aya hiji masalah: ka alam mah urang sok poho ngomong punten.
Sungai dicemplungan runtah: punten.
Tangkal dibabad: punten.
Gunung dibeton: punten.
Walungan jadi tempat sampah: punten pisan.
Masalahna, alam mah teu bisa ngajawab, “Mangga.”
Lamun manusa salah ka manusa, bisa silih hampura. Tapi lamun salah ka alam, alam biasana “no debat”. Manéhna cukup ngirimkeun banjir, longsor, panas, kekeringan, atawa cai walungan anu robah jadi warna bajigur atawa kopi susu tanpa gula.
Sunda téh sabenerna geus boga “green philosophy”
Lamun urang muka deui warisan budaya Sunda, hubungan jeung alam téh lain barang anyar. Alam lain ngan tempat pikeun nyieun perumahan, villa, jalan tol, atawa kontén Instagram.
Alam téh bagian tina kahirupan.
Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi (KDM), misalnya, sababaraha kali nyorot yén dina adab Sunda aya hormat ka alam. KDM nyebut opat adab: ka Tuhan, ka alam, ka kolot, jeung ka sasama.
Dina kasempetan séjén, Dedi ogé nyebut imah kai jeung awi minangka bagian tina budaya Sunda anu saluyu jeung kaayaan cai, angin, jeung taneuh.
Ieu menarik.
Sabab karuhun urang siga geus ngarti kana ekologi, jauh saméméh urang sibuk nyieun seminar “Sustainable Development”, “Green Economy”, jeung istilah Inggris séjén.
Karuhun mah basajan:
Gunung kudu dijaga.
Cai kudu ngalir.
Lembur kudu aya tatangkalan.
Walungan ulah dijadikeun tong sampah.
Ayeuna mah sok dibikin rumit.
“Kita rapat dulu, ya!”
Bikin tim.
Bikin kajian.
Bikin FGD.
Bikin spanduk.
Bikin dokumentasi.
Sanggeus éta…
runtahna tetep numpuk.
Doel Sumbang geus “ngomongkeun runtah” ti baheula
Lucuna, budaya pop Sunda ogé sabenerna geus boga karya anu judulna langsung “Runtah”, karya Doel Sumbang.
Doel Sumbang, musisi asal Bandung anu kuat ku kritik sosial jeung humor, geus ngarilis lagu “Runtah” ti 2007.
Tapi aya paradoks anu pikaseurieun.
Urang Sunda resep kana lagu “Runtah”, tapi can tangtu resep kana miceun runtah.
Ieu sarua jeung jalma anu resep lalajo film olahraga, tapi dahar cilok bari ngagolér.
Nu hiji hiburan, nu hiji gaya hirup.
Lamun Doel Sumbang nyieun lagu anyar ayeuna, meureun judulna:
“Runtah Kota Bandung: The Sequel.”
Bedana, ayeuna runtah geus boga populasi jeung jaringan sorangan.
Sunda ulah ngan jadi identitas, kudu jadi etika
Urang sok reueus nyebut:
“Sayah orang Sunda.”
Nya alus.
Tapi urang Sunda lain ukur ngeunaan basa jeung lalaban.
Budaya Sunda kudu katingali dina cara urang ngurus lingkungan.
Lamun masih miceun plastik jeung kasur rusak ka walungan, éta kawas ngaku awak berseka, tapi kamar sorangan kotor.
Dedi Mulyadi ogé nyebut tata ruang Sunda miboga logika ekologis: gunung, lebak, jeung cai boga fungsina masing-masing.
Jadi, karuhun urang teu bodo ngeunaan lingkungan.
Nu rada pikaseurieun téh urang modern.
Karuhun teu boga Google Maps, tapi nyaho mana cai.
Urang modern boga Google Maps…
tapi masih sok salah parkir jeung ngarahkeun mengkol ka walungan.
Artis Sunda siga Doel Sumbang, Joe Project P, jeung Opik Udjo bisa jadi “duta rasa” lingkungan
Seniman teu kudu jadi ahli lingkungan, tapi bisa nyieun jalma “ngarasa”.
Doel Sumbang geus lila ngagunakeun humor jeung kritik sosial dina karyana.
Joe ogé kawentar “Biker nu cinta lingkungan”. Pedah dina Moge-na (Motor Gede) sok mawa asbak, alesanana mun rék ngudud, calacahna aman.
Opik Saung Angklung Udjo, ti leuleutik geus hirup tina awi.
Jadi kampanye lingkungan ulah ngan spanduk.
Ajak seniman, komedian, musisi.
Bikin iklan anu nyentuh jeung lucu.
Misal:
“Tong miceun runtah ka walungan. Walungan lain mantan.”
Atawa:
“Tangkal dibabad mah bisa diganti. Tapi hawa panas teu bisa diganti ku kipas angin milik tatangga.”
Humor kadang leuwih gancang asup tibatan ceramah dua jam.
Lingkungan kudu jadi bagian tina gengsi urang Sunda
Jumhur Hidayat, saacan jadi Menteri Lingkungan Hidup, sebagai aktivis kungsi nyieun slogan “Ganti istilah Mangga ti Payun, jadi Punten Kapayunan!” Sunda kudu gedé wawanén. Menteri Jumhur ogé sempet viral ngomentaran kasus “Babad Pohon” di Jalan Riau, Bandung, sebagai tindakan “barbar”.
Kumaha lamun hiji poé urang Sunda boga gengsi anyar?
Bukan gengsi boga mobil gede.
Bukan gengsi boga rumah mewah.
Tapi:
“Kuring mah kampungna bersih.”
“Di lembur kuring mah walunganna herang.”
“Di lembur kuring mah tangkalna loba.”
“Di lembur kuring mah runtah dipilah.”
Jieun gengsi anu henteu ngotoran lingkungan.
Sebab lamun budaya Sunda hayang hirup panjang, anu kudu diwariskeun lain ngan aksara, kasenian, kuliner, kaulinan, jeung basa, tapi ogé cara hirup anu ngajaga alam.
Sunda tanpa alam téh ibarat nasi liwet tanpa sangu.
Panutup: balik deui ka “Punten” & “Mangga”
Meureun ayeuna waktuna urang ngarobah harti “punten”.
Ulah ngan:
Punten, abdi ngaliwat.
Tapi:
Punten, abdi teu miceun runtah.
Ulah ngan:
Mangga tuang.
Tapi:
Mangga melak tangkal.
Ulah ngan:
Hatur nuhun kana alam.
Tapi:
Hatur nuhun bari ngajaga alam.
Sabab alam mah sabenerna henteu menta loba.
Teu menta pulsa. Teu menta kuota. Teu menta like & komen. Teu menta followers.
Alam ngan menta hiji:
ulah dijieun tempat miceun sagala kahayang manusa.
Lamun urang Sunda hayang disebut masarakat anu someah, meureun ayeuna waktuna someah lain ngan ka tamu, tapi ogé ka taneuh, cai, leuweung, jeung udara.
Sabab urang bakal balik ka taneuh.
Ulah nepi ka taneuh ngomong kieu: “Punten, abdi teu narima deui manusa!”

Judul: Sunda jeung Lingkungan: Ulah Ngan “Punten”, Tapi Kudu “Mangga” Ngurus Alam
Penulis: Anto Ramadhan, pengamat budaya, alumni Sejarah Unpad, tinggal di Cicadas – Bandung
Editor: Parkah












