Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 1

Artikel ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja

Demokrasi
Ilustrasi: Suasana wakil rakyat sedang rapat di gedung parlemen - (Sumber: Bing Image Creator AI)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Rabu (13/11/2024) – Artikel berbahasa Sunda berjudul Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 1 ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).

Awalna pisan mah, reformasi teh kawas fajar harepan lir meletekna srangenge, pikeun ngawangun sistem pamarentahan nu demokratis. Tapi geuning realisasi atawa bungkeuleukanana mah nu diropea teh unsur-unsur prosedural bari henteu ngalibetkeun sora jeung jumeritna nurani rahayat. Reformasi ukur ngahasilkeun produk politik nu matak nguciwakeun  pisan.

Dina kurun waktu 26 taun reformasi, agenda pangwangunan bangsa, nu sakuduna bisa ngadorong tur ngaakselerasi tatanan budaya politik nu demokratis jeung dialogis, singhoreng masih keneh sawates kahayang wungkul, harepan, jeung impian. Demokrasi ngan diimplementasikeun sacara verbal ku elit kakawasaan atawa jurig oligarki. Dina giliranana nu kitu teh ngabalukarkeun krisis politik nu ngajanggelek jadi krisis multidimensi, antukna baris nyaremkeun lumangsungna kahirupan bangsa dina mangsa kahareup, jaga.

Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM.
Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM. – (Sumber: Koleksi pribadi)

Geus leuwih ti 79 taun Indonesia merdeka, ngan naha kamajuanna henteu sabanding jeung nu geus kakeupeul ku bangsa sejen, nu umur kamerdekaanna ampir saumur atawa sahandapeun, nu boga potensi sarupa, siga Malaysia, Taiwan, Korea Selatan, Aljazair, jste.

Legana Indonesia nu ngampar 191.9 Juta hektar, nu sakitu jembarna teh kuduna mah potensial keur lulugu, jadi  produsen produk-produk pertanian tropis. Tapi teu kitu ning, beda jeung Thailand nu gedena 51 juta hektar, nu unggal taun bisa ngahasilkeun karet, gula, beas nu manglipet-lipet batan Indonesia. Bangsa Indonesia unggal taun kalah jadi tukang impor panggedena, komo deui pikeun ekspor komoditas nu dasarna budidaya, ekspor Indonesia kurang ti satengahna tina nilai ekspor Thailand.

Teu kudu ditembrakkeun deui masalah urang jadi gering jeung mabok hutang mah, martabat bangsa geus digadekeun, teu matak reueus.

Nyakseni kanyataan ngawangun bangsa saperti kieu, urang sarerea kudu introspeksi jeung munajat ka Gusti Alloh Swt., menta disalametkeun. Pemberantasan korupsi masih katingali siga window dressing, ku sabab gagah jeung rohakana KKN, sedengkeun penegakan hukum jadi salah. Atuh dina widang ekonomi, sama sakali teu ngasaan reformasi, ku sabab dikeukeuweuk ku para pamikir nu orientasina hutang ka luar nagri.

Pola kawijakan nagara ayeuna, cenderung  dengdek ka kenca, milih ngorbankeun kapentingan rahayat leutik, kalah ngabela lapisan masarakat nu masih boga kakuatan ekonomi nu leuwih tohaga. Dominasi peran para pangusaha sarta praktek konsep tangkulak kana kawijakan pamarentah, geus nyabotase kawijakan publik, tur diganti ku kawijakan nu ngabeungbeuratan masarakat.

Tikusrukna bangsa urang teh geus ampir sampurna, ku sabab beuki waluratna (miskin) sense of crisis kelas menengah jeung kelas luhur oge beunghar, anu sakuduna jadi unsur picontoeun (pelopor) dina ngarengsekeun  sagala masalah bangsa.

Katempo pisan kanyataan di masarakat, teu kaurus jeung teu dipiroseana fakir miskin, barudak yatim, jeung galandangan, oge kawijakan publik nu hapa geus ngagelarkeun sirung-sirung katunggara sosial nu matak gimir. Salian ti eta, ngajaulna angka kriminalitas, bunuh diri, mahala budak, konflik rumah tangga, jeung beuki mahabuna nu garelo jadi panyakit sosial nu lain antepeun.

Kondisi model kitu, jelas teu butuheun deui ajegna pola konsep jeung kamampuh teknokratis. Sarebu kali reshuffle dilakukeun, sigana moal pati aya pangaruh kana kaayaan, iwal kudu ngabongkar atawa ngarungkadkeun orientasi kawijakan makro jeung institusi pelayanan, supaya mihak tur condong ka rahayat.

Nu dibutuhkeun ayeuna  mah pamingpin anu paham kana masalah nu keur tumiba kana ieu bangsa. Pamingpin nu bisa mere direction nu jelas, gamblang, caang padang narawangan, pikeun sakabeh unsur pelayanan publik (aparat jeung inohong), jeung ngeureunkeun konsep Kapamingpinan Mandor Proyek, nu ngan bisa mere ultimatum lamun geus kajadian ayana pagawean nu teu bener atawa salah. (Bersambung)

***

Judul: Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 1
Penulis: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja
Editor: Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *