MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Kamis (31/10/2024) –Artikel dalam Kolom Ernawan berjudul “Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka – Bagian 2” ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., AnggotaDewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Jadi conto jaman bihari, geus natrat pisan, bukti pinunjul kumaha ketakna pamingpin Sunda harita, mikanyaah jeung mayungan rahayatna, sarta gumati ngolah nagara. Para pamingpin Sunda bihari, sajaba neangan, oge mere hirup tur huripna keur rahayat, henteu ngekesek tur naekkeun pajak, tepi ka rahayat bangkar, misalna. Suksesna jadi pamingpin teh dumeling tur gumilang, sarta kawentar ka unggal nagara.
Kapunjulan salaku pamingpin dibandingkeun jeung raja nu sejen, ku sabab bisa mere maweh, boga kawani dina mutuskeun pasualan, jeli alias imeut dina neuleuman masalah, oge symptom, bisa mutuskeun tindakan arif sarta wijaksana, keur rahayat leutik jeung kulawargana. Salian ti eta, sajalan jeung etika agama (sayyid al-qaumi khodimuhum).

Anapon pamingpin anu ahlakna handay bin cetek, biasana leuwih nembongkeun dirina salaku pangawasa atawa pangawulaan, anu kudu disembah tur dihormat wae. Tangtu bae, beda pisan jauh tanah ka langit, jeung anu ahlakna bener (waras tur masagi) nu leuwih nembongkeun dirina salaku pelayan atawa kabayan mun dina istilah Sunda mah. Jadi tuladan jeung picontoeun keur nu dipingpinna.
Hartina, para pamingpin Sunda pikahareupeun, atawa calon gegedug Sunda jaga, kudu geus taki-taki nyayagikeun jeung ngalaksanakeun “transformasi wewesen bihari keur kasakti kiwari”, dina sagala widang anu masagi atawa profesional, boh dina widang pamarentahan, widang usaha, widang koperasi, widang atikan budaya keur masyarakat umumna (qarira prapts qwara).
Pamingpin kudu wani nembongkeun sihung bari teu kudu gede hulu. Tangtu wae dina kapasitas diri, kamampuh diri, kualitas diri, sarta identitas diri, nu diaplikasikeun dina ngokolakeun pamarentahan nu mangrupa internal integration, pangaturan aparatur, sarta external adaptation nu dipiharep mampuh jadi puseur picontoeun pajabat atawa strategi perubahan, anu ngawengku nilai-nilai budaya, strategi, struktur, sistem, kaahlian, gaya, jeung staffing.
External adaptation, bakal gede pangaruhna, dina robahna prilaku sarta kapribadian gegedug Sunda jeung masarakatna, dina nyangking amanah ti Gusti Allah Swt. jeung mahluk ciptaan-Na –nu kadang kadang upama ditempo saliwat atawa sakarepna ku jelema-jelema nu panon batinna dilimpudan halimun sasar piker. Padahal lingkungan hirup teh ngan bisa dirarasakeun objek signified-na ku maranehna anu hate tur pikirannana seukeut.
Internal integration mangrupa torobosan jeung inovasi keterbukaan, nu mangaruhan fungsi organisasi dina nyangking tujuan, bisa mangrupa jasa layanan (service), mangfaat, gerakna kahirupan pamarentahan, sarta kabeulina hate masarakat, dina ngabulungbungna kamalir komunikasi nu ngahasilkeun sinergisme optimal. Tangtu bae bari teu hariwang ngarumpak amanah undang-undang, lain malah ngahaja nyiapkeun dinasti.
Para inohong Sunda, kudu wani tampil, tandang, teuneung ludeung euweuh kakeueung, bari ngembarkeun yen pola paradaban tur kearifan lokal masarakat Sunda teh, gede pangaruhna kana hirup kumbuh dina nyebarkeun lilinggeran SILIH ASAH – SILIH ASIH – SILIH ASUH, nu ngamalir ngabentuk karakter bangsa, CAGEUR – BAGEUR – BENER – PINTER- SINGER – WANTER, sifat karakter nu tohaga.
Masarakat geus rada ewed jeung hanjelu, nempo performance pamingpin Sunda nu sok kurang percaya diri, sieun gagal, sieun eleh, tara nohonan jangji, kurang hormat kana waktu, sarta tradisional oriented. Jadi kadongdora lamun aya nu kitu teh, komo lamun seug dina tingkatan inohong mah.
Urang sarerea geus mimiti loba nu sadar tina ngimpina, ku ayana Lambak Tsunami Globalisasi, nu ditunjang ku Neo-Kapitalisme jeung Neo-Liberalisme. Bangsa urang ampir koredas teu boga ideologi tur identitas kabangsaan, di mana budaya, hukum, politik, ekonomi, pendidikan bangsa, terus-terusan kabawa palid ku kajahatan teknologi jeung materialistis. Tungtungna bangsa urang ngan sakadar jadi pasar tina Produk Multinasional Corporation.
Di hiji sisi, bangsa urang oge geus siga jadi bangsa nu mabok tur weureu ku panyakit ketergantungan: hutang. Martabat bangsa teu bisa dipake deui kareueus ku rahayatna.
Nalingakeun kaayaan kitu, bisa-moal seler atawa suku bangsa Sunda ngalakukeun tatahar diri atawa introspeksi pikeun neuleuman identitas –salaku suku bangsa nu cacah jiwana pangreana kadua di Indonesia, sarta mibanda tanggung jawab keur nasib bangsa pikahareupeunana?
Mampuh atawa henteu?, urang Sunda nancebkeun sikap mandiri, keur mere conto ka nagara? Urang sarerea kudu ngayakeun evaluasi sarta neangan solusi keur pasualan peradaban bangsa, nu ayeuna keur ngalaman gering nangtung ngalanglayung; krisis multi dimensi kieu.
Gumulungna kakuatan jeung karongkahan seler Sunda nu optimis, nu masih boga nurani malire kana lumangsungna kahirupan bangsa, bisa jadi pangdorong pikeun ieu bangsa. Hayu urang dorong Indonesia sangkan leuwih maju. Tong poho gunakeun ageman cecekelan kareueus sajarah Sunda bihari, keur tatapakan evaluasi. Bari teu kudu silih cawad, silih gorengkeun, silih upat, silih cempad, asa pangnyahona, tapi hayu babarengan sauyunan migawe hal nu positif keur bangsa jeung nagara.
Inti tina pasualan ieu, mangrupa amanah jeung kaadilan. Sakumaha firman Gusti Allah Swt., yen saenyana Allah Swt. nitah maraneh kudu adil jeung nyieun kahadean, mere maweh keur nu lian, jeung Allah Swt. nyaram tina pagawean keji, mungkar, oge mumusuhan. Anjeunna maparin pangajaran ka urang sarerea, supaya kabeh bisa nyokot pangajaran (An-Nahl: 90). (Tamat).
Judul: Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka – Bagian 2
Penulis: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja/Guru TOGE
Editor: Chye Retty Inendes
Baca juga: Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka – Bagian 1
Baca juga: Laksamana TNI (Purn.) Ade Supandi: Sang Penguasa Lautan dari Tatar Sunda