Malati ti Sukabumi – Camperenik

Diserat ku Camperenik

Ti dapur kadéngé sora parabot tingkoléntrang, lantaran loba nu keur babantu masak.

Hordéng disingraykeun, ngantepkeun cahya panonpoé asup ngaliwatan loster kai, has pisan kaambeuna. Asa balik deui ka jaman baheula basa masih remen paduduaan jeung nu dipicinta.

Tap, leungeun Ati kana pigura warna bodas. Katempo potrét manéhna jeung hiji jajaka basa ulin di puncak lima taun ka tukang. Éta potrét téh diilik-ilik ku manéhna,

“Kang… tos cunduk geuning kana waktosna, mugia Akang salamet dugi ka Sukabumi.”

Teu karasa cai ngucur tina juru panonna, nahan kasono ka Cép Umar, nu geus mangtaun-taun indit ti lembur pikeun nyiar élmu ka Tasikmalaya.

Harita téh kawas isuk panineungan. Lantaran sakabéh anu geus dilakonan jeung Umar, ujug-ujug ngolébat deui.

“Kin salami di ditu, Akang kedah tiasa ngaraksa diri, kedah émut kana tujuan Akang angkat tebih ti Sukabumi ka Tasik,” ceuk Ati, kaciri pisan nahan ceurik.

Ati ngawanikeun manéh neuteup jalma nu salila ieu jadi panglipur haténa,

“Akang gé kedah tiasa ngajaga haté, lantaran aya abdi di lebetna.” pokna semu carindakdak.

Sorana beuki alon, Ati nangkeup jajaka jangkung leutik nu aya di hareupeunana.

“Insyallah, Akang nyiar élmu tebih gé kanggo mangsa ka payun. Dungakeun ku Néng, mudah-mudahan hasil, mudah-mudahan jaga urang diparengkeun deui,” ceuk Umar bari ngusapan Ati nu ngagukguk ceurik.

Umar jangji pikeun ngajak kawin Ati sabada manéhna jadi sarjana, éta ogé paménta Ati lantaran hayang fokus heula kana widang atikan.

Sabulan ka tukang, Umar balik ka Sukabumi pikeun manggihan kolotna Ati. Taya lian iwal ti arék nanyaan. Umar datang sorangan lantaran kolotna téh geus tilar dunya. Éta ogé nu jadi cukang lantaran Umar hirup merih di pangumbaraan.

Wanci sariak layung, angin ngahiliwir ngusapan beungeut Ati jeung Umar nu keur cicing di tepas. Umar téh loba pisan ngalamun. Siga nu keur bingung.

Umar nyarita yén manéhna téh dipikanyaah pisan ku guruna di pasantrén, geus ibarat pangbalikan saprak Umar ditinggalkeun ku kolotna. Umar ogé dipercaya ku guruna pikeun ngajar barudak santri.

Hiji mangsa, guruna boga pamundut anu kacida beuratna keur Umar.

Mangbulan-bulan Umar bingung. Manéhna kapaksa kudu milih antara kanyaah jeung kawajiban.

Kunaon Umar maké dititah milih? Naon sabenerna nu dipikahayang ku guruna téh?

Hanjakal, kapanasaran Ati teu meunang jawaban. Perkara nu sakitu beuratna téh teu dijéntrékeun ku Umar. Mangtaun-taun bobogohan, kakara ayeuna Umar aya sumput salindung.

Ati tungkul nahan cipanon. Nyeri lantaran ngarasa diapilainkeun ku jajaka nu dipikacinta.

Salila Umar nyarita, Ati ngan saukur ngupahan manéh. Moal pati Umar nu kacida bageurna matak nganyenyeri. Ati yakin Umar bakal milih manéhna najan keur disanghareupan ku loba pilihan.

Tap, leungeun Ati dicekel tuluy diusapan ku Umar. Cipanon nu ti tatadi ditahan, teu kabendung deui.

Umar ngan ukur bisa ménta hampura jeung ngayakinkeun Ati. Manéhna jangji pikeun ngusahakeun hubunganana najan keur diuji. Kajaba, datangna Umar harita téh pikeun ngabuktikeun tékad cintana.

Sanajan kitu, tugas jalma mah ukur usaha jeung ngadunga, sésana kudu sumerah ka Gusti.

***

Sora hadroh ti luar imah geus kadéngé. Tina jandéla geus katempo sémah tingalabring.

Ati geus didangdanan, manéhna maké kabaya warna bodas jeung erok batik warna coklat. Siger Sunda nu dipaké dina sirahna nambahan kageulisanana.

Bungah kacida, lantaran sakeudeung deui jajaka nu dipibogoh rék datang pikeun maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan.

Basa Ati melong kana eunteung, kadéngé aya nu ngetrokan panto kamar.

“Mangga lebet,” ceuk Ati.

Nu datang téh indungna, tuluy diuk dina risbang, “Ti, ieu aya serat. Cobi baca heula, bilih ti Cép Umar.”

Dibuka amplop téh ku Ati. Heueuh bener, ieu mah tulisanna Umar.

 

 

Tasikmalaya, 8 Pébruari 1980

 

Néng Ati,

Mugia Néng nampi ieu serat kalawan aya dina kaayaan séhat.

Néng,

Akang téh tos usaha samampuh Akang pikeun ngajaga cinta urang duaan,

Tapi ayeuna Akang kedah jujur, sanaos nyeri.

Pun guru téh nuju teu damang parna, anjeunna mundut Akang pikeun nikah sareng murangkalihna,

Akang teu tiasa nampik,

Sanés teu nyaah ka Néng, tapi Akang téh éléh ku takdir sorangan.

Néng,

Ayeuna Akang tos lambokot ku kahinaan, teu pantes nampi kanyaah ti Néng,

Akang tos ngotoran cinta urang, Akang jalir jangji.

Hapunten, Geulis….

Akang tos jatukrami.

 

Pun,

Cép Umar

 

Ati ngahuleng sanggeus maca éta surat. Haténa nyeri, tapi cipanon téh teu daékeun kaluar, bakating ku handeueulna. Kembang malati nu geus dipaké, dipetik lalaunan ku manéhna. Sup, diasupkeun kana amplop nu tadi dipaké wadah surat.

“Mamah, punten wiatkeun deui ieu amplop. Wartoskeun, ieu malati ti Sukabumi.”

Suci Fauziyah atanapi Camperenik. Mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda entragan 2025, aktif di BEM Hima Pensatrada periode 2026-2027 salaku anggota sarta pangurus subbidang Turus.

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *