MajmusSunda News, Kolom SASTRA, Minggu (30/03/2025) – Esai bahasa Sunda berjudul “Cekleuk” ini ditulis oleh: Prof. Ganjar Kurnia, Anggota Dewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Meujeuhna bucitreuk ogé. Sagala dilegleg. Aspal, beton, beusi, bangunan, sasak, ka mananekin-manekin leumpang anu hargana jutaan jam-jaman digares. Urang lembur nu kokorédeun ogé, asal geulis teu diengkékeun.
Kawas lancah. Nyieun rambat kamana mendi, ngajiret sing saha waé. Aparat jadi taméng kana kamekaran usahana. “Franchise” na renung kawas suung di huma anyar kahujanan. Najan haji, tara kacaturkeun salat, tara kacaturkeun puasa. Éstuning tunggul dirarung catang di rumpak téh enyaan. Keur meumeujeuhna maju, ngajedud dibéré kasakit parna.
Pédah sedep bubulucunan peuting, mimitina ukur bronchitis. Tapi terus ngagubag gabig kana sagala. Ceuk dokter, sabab tambarakan, kaasup ka awéwé ─ komplikasina leuwih gancang. Ngagolér sakarat akhir.
Awakna panas. Biwirna garing, suku jeung leungeunna maroréngkél kawas adonan aci anu dipanaskeun sahabek derajat dina microwave. Napasna tinggal hiji dua. Engap-engapan siga lauk teu kacaian dina karamba. Mangsa dina sapéker masjid réang ku sora takbiran, manéhna ngulisik. Panonna buringas, leungeunna pepeta, terus ngajorowok: “Pareuman….pareuman…..pareuman”. Cekleuk! (Ganjar Kurnia).
***
Judul: Esai Bahasa Sunda “Cekleuk”
Penulis: Ganjar Kurnia
Editor: Chye Retty Isnendes