Sajak “Jibéh (Kapangih hiji – Kapanggih Kabéh)”

Artikel ini ditulis oleh: Prof. Ganjar Kurnia

Koruptor
Ilustrasi: Manusia tamak yang bersembunyi dari kebenaran - (Sumber: Bing Image creator AI)

MajmusSunda News, Kolom SASTRA, Rabu (12/03/2025) – Sajak “Jibéh (Kapangih hiji – Kapanggih Kabéh)” ini ditulis oleh: Prof. Ganjar Kurnia, Anggota Dewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).

Nyumput pabuni-buni,
sakujur awakna di pulas hideung,
kaabus mata, 

Kabéh nu caang dipareuman:
Bulan, béntang, panon poé, lampu
kaasup haté

Dunya mongkléng,
teu katinggali jempol-jempol acan,
(keur naon jempol?
kapan geus euweuh anu kudu dijempolan).

**

Tina liang kubur murubuy cika-cika saésé,
ngapung,
muter kawas nu keur néangan nanahaon. 
terus eunteup kana curuk salah saurang

Curuk nu dieunteupan leupas jadi cika-cika deui
rabeng ngarapung 
ka suklakna ka siklukna. 

Unggal cika-cika eunteup
Aya jorowok tarik pisan.
Si éta ogé……Si éta ogé.           
Jorowok nu beuki maweuh,
ngabebela jadi seuneu.
Ngahuru. 

Dunya eundeur.
Ti jero kubur,
para pahlawan rampak gogodeg,
bari tawéhwoh jeung cirambay,
rampak nyanyi.
Laguna :motong-motong tina “Hallo-halo Bandung” jeung “Dari Sabang Sampai Merauké”.
“………..sekarang telah menjadi lautan korupsi……………..itulah énonésa”.

***

Judul: Sajak “Jibéh (Kapangih hiji – Kapanggih Kabéh)”
Penulis: Ganjar Kurnia
Editor: Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *