MajmusSunda News – Bandung, Minggu (20/09/2026) – Saban lima taun sakali, nagri ngayakeun pésta pamilihan umum. Présidén, gubernur, bupati, jeung wali kota diganti. Sanggeus hajat réngsé, rahayat mulang bari mawa harepan anu dibungkus ku kecap muga-muga.
Lima taun ti harita, républik angger batuk. Korupsi tetep mahabu, jalan barolong, harga kabutuhan poko naék maké tarajé darurat, ari panghasilan rahayat kandeg di lanté dasar sabab liftna keur dioméan ti jaman Orde Lama mula.
Rahayat ambek. “Ganti pamingpinna!” Pamingpin diganti deui. Potrét di kantor-kantor diturunkeun, tuluy diganti ku potrét anyar anu imutna méh sarua. Jasna béda, warna partéyna béda, tapi biantarana angger sarua: demi rahayat, babarengan jeung rahayat, pikeun rahayat. Rahayat surak bari keprok, utamana anu geus narima amplop.
Bisa jadi salila ieu urang salah ngadiagnosis panyakit républik. Urang riweuh ngaganti supir, padahal panumpangna (baca: rahayatna) angger sarua. Ku kituna, sugan anu kudu diganti téh lain pamingpinna, tapi rahayatna.
Tangtu baé lain ngaganti rahayat Indonésia ku rahayat ti nagara séjén. Teu kudu ngimpor rahayat ti Jepang, Finlandia, atawa Selandia Baru. Ongkos ngangkutna mahal, jeung can tangtu maranéhna kuat dahar jangji unggal poé. Anu kudu diganti mah eusi sirahna.
Sirah heubeul kudu ditukeur ku sirah anyar anu teu gampang unggeuk lamun disodoran duit lima puluh rébu rupia. Haté heubeul bisa dipasrahkeun ka panitia pamilu pikeun didaur ulang jadi haté anu teu ngajual sora ku dua kilogram béas, sabotol minyak goréng, jeung salambar kaos gambar calon anu engkéna bakal poho ka saha nu milihna.
Di pasar démokrasi, sora rahayat mémang sora Gusti. Hanjakalna, nyanghareupan pamilu, sora Gusti téh mindeng ditawar siga togé.
Lamun aya parobahan, biasana datang bari mawa koper. Calon anu geus méakkeun miliaran rupia pikeun meuli sora tangtu moal asup ka gedong kakawasaan salaku patapa. Manéhna asup bari mawa kalkulator. Unggal kawijakan diitung, unggal proyék ditimbang, unggal tanda tangan dibéré harga. Démokrasi ahirna siga pasar maem: lampuna warna-warni, musikna tarik, tapi lokénat kudu dijaga.
Tuluy rahayat kuciwa. “Naha bet korupsi?”
Patarosan éta kadéngé polos, siga jalma anu melak siki cabé tuluy reuwas waktu anu jadi téh enya cabé.
Urang hayang meunang pamingpin beresih tina prosés anu kotor. Urang ménta pajabat jujur, tapi milihna dumasar kana duit “tunai”. Urang geuleuh kana suap, salila lain urang anu narimana.
Di républik ieu, moralitas téh sakapeung boga tombol. Tombolna dihurungkeun nalika ningali kasalahan batur, tuluy dipareuman mangsa aya kapentingan sorangan.
Waktu jutaan perkara “leutik” ngariung, éta perkara téh ngajanggélék jadi raksasa anu diuk dina korsi kakawasaan. Éta raksasa tuluy ku urang dicacampah, padahal beungeutna mangrupa gabungan tina beungeut urang sorangan.
Républik téh ukur eunteung gedé. Urang nangtung hareupeunana bari ambek lantaran kalangkangna goréng. Tuluy urang ngaganti pigurana, ngecét témbokna, masang lampu anyar, malah ngaganti nu ngajaga eunteung. Tapi beungeut anu keur ngeunteung mah tara dikumbah.
Saban lima taun urang ngaganti pamingpin siga ngaganti taplak méja, ari rinyuh handapeun méja diantep pésta. Sanggeus taplak anyar dipasang, urang dipotrét babarengan, unggah kana média sosial, tuluy nulis: Indonésia Anyar.
Rinyuh-rinyuh maca éta tulisan, tuluy seuri nepi ka huntuna maruragan.
Ku kituna, anu kudu diganti téh mémang rahayatna. Rahayat anu ngajual sora kudu diganti jadi warga anu ngajaga martabatna. Rahayat anu ngan bisa nungtut kudu diganti jadi warga anu daék milu tanggung jawab. Rahayat anu nganggap lumrah curang leutik kudu diganti jadi warga anu wani ngomong henteu, sanajan éta kacurangan nguntungkeun dirina sorangan.
Éta parobahan teu merlukeun révolusi getihan. Cukup révolusi dina sirah, sanajan bisa jadi éta pisan révolusi anu panghéséna. Taya panggung, taya arak-arakan, taya spanduk. Musuhna ogé teu nangtung di karaton. Manéhna cicing deukeut pisan: dina kabiasaan, satukangeun dompét, di tungtung curuk, jeung sakapeung datang waktu amplop disodorkeun. Salila rahayat masih gampang dibeuli, pamingpin bakal terus datang bari ngitung harga. Salila urang ukur riweuh ngaganti jalma anu diuk dina korsi, bari teu ngaganti cara urang milih, ngawaskeun, jeung nyanghareupan kakawasaan, républik bakal angger kieu: pamingpinna silih ganti, biantarana ganti, sloganana ganti, warna kaosna ganti—tapi panyakitna terus nyekel kalungguhan.
Dina pamilu nu bakal datang, urang teu cukup nanya, “Saha anu pantes jadi pamingpin?”, tapi aya patarosan anu leuwih jempling tur pikaéraeun:
“Naha urang pantes jadi rahayat?”

Judul: Anu Kudu Diganti Mah Rahayatna
Penulis: Ganjar Kurnia, Akademisi, Guru Besar, dan mantan Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) periode 2007–2015. Ahli Sosiologi Pedesaan dan Sosial Ekonomi Pertanian ini dikenal luas sebagai budayawan Sunda serta pendidik yang mengintegrasikan ilmu sosial dalam memahami realitas pertanian, saat ini menjadi Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS)
Editor: Parkah












