Sina Ngobrol jeung Témbok Wé

Oleh: Ganjar Kurnia

Sina Ngobrol

MajmusSunda News – Bandung, Senin (26/10/2026) – Sagala perkara saenyana bisa dibadamikeun. Nu beurat bisa dihampangkeun ku omongan, nu samar bisa dijelaskeun ku katerangan. Nu penting mah, daék silih déngékeun. Sabab omongan téh bisa jadi jalan pikeun ngaraketkeun, tapi bisa ogé jadi pager anu ngajauhkeun.

Dina basa Sunda, aya paribasa: “Hadé ku omong, goréng ku omong.” Ceuk Tatang Sumarsono, makna éta paribasa téh nyaéta rék alus rék goréng, omongkeun baé. Hartina kudu balaka, ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun, cacak lamun goréng gé, ulah sungkan-sungkan dicaritakeun, palebah mana goréngna.

Palsapahna, béda pamadegan téh lain musibah. Malah, sok jadi hikmah. Urang bisa ningali hiji perkara tina sisi anu béda. Nu saurang ningali ti hareup, nu séjénna ningali ti tukang. Mun daék silih tukeur pikiran, bisa waé kapanggih jalan anu saméméhna teu katingal.

Tapi ayeuna, béda pamadegan téh sok jadi pacogréaan. Aya nu teu satuju saeutik, langsung nyentak, “Anjeun mah teu ngarti!” Nu séjénna ngabales, “Anjeun ogé teu nyaho!” Tungtungna, anu dibahas leungit, ambekna wé anu beuki ngahuru.

Padahal, mun teu satuju, urang bisa ngajelaskeun alesanana. Bisa ngedalkeun bukti, nanya deui, atawa nyebutkeun, “Kumaha lamun ditilik tina sisi séjén?” Éta ngaranna arguméntasi. Lain ukur ngajawab ku sora nu leuwih tarik, sabab sora tarik can tangtu eusina leuwih bener.

Aya deui kabiasaan anu matak pikahariwangeun: mutung. Teu satuju, tuluy cicing. Ditanya ngajawab, “Teu nanaon.” Padahal, rarayna siga langit rék hujan saminggu. Lawang ditutup, telepon teu diangkat, pesen ukur dibaca.

Mutung téh kadang karasa merenah, sabab teu kudu ngajelaskeun nanaon. Tapi masalahna henteu leungit. Éta ngan ukur disimpen, tuluy ngagedéan dina jero pikiran. Nepi ka hiji poé, perkara leutik bisa ngabeledug siga kompor anu poho dipareuman.

Ngomong lain hartina kudu salawasna meunang. Ngadéngékeun ogé lain hartina kudu salawasna satuju. Urang bisa béda pamadegan bari tetep silih ajénan. Bisa nyebutkeun, “Pamadegan anjeun béda jeung pamadegan kuring,” tanpa kudu nambahan, “Jeung ku kituna anjeun pasti salah.”

Sagala hal bisa dibadamikeun, salila urang daék muka ceuli jeung haté. Sabab dina paguneman, tujuanana lain néangan saha anu éléh, tapi néangan naon anu leuwih merenah.

Kukituna, ulah buru-buru mutung kusabab pamadegan urang teu ditarima. Béda pamadegan lain tanda teu silih hormat. Urang bisa silih ajénan bari tetep pageuh kana pamadegan séwang-séwangan.

Nu penting, omongan ulah ditujukeun pikeun ngéléhkeun batur, tapi pikeun néangan jalan kaluar. Sabab dina paguneman, nu panghadéna lain anu pangtarik sorana, tapi anu daék ngadéngékeun jeung ngajelaskeun alesanana.

Paguneman ogé ulah eureun ku kalimah, “Terserah!” Sabab éta kecap sok matak bingung: ceuk omonganana mah pasrah, tapi beungeut ruhay.

Lamun teu satuju, omongkeun. Lamun can ngarti, tanyakeun. Lamun keur ambek, tungguan nepi ka tiis. Sabab omongan anu hadé bisa ngabéréskeun pasualan, ari mutung mah sok ukur ngajadikeun batur kudu diajar maca haté.

Kukituna, béda pamadegan téh lumrah. Nu teu lumrah, lamun unggal béda langsung jadi musuh, unggal kritik dianggap ngahina, jeung unggal diskusi kudu ditungtungan ku ambek.

Iklim béda pamadegan tuluy hog-hag silih adu argumén, éta téh mangrupakeun salah sahiji ciri masarakat ilmiah. Unggal gagasan dibahas, diuji ku alesan jeung bukti. Bisa ogé ku téori. Nu matak hanjakal lamun ari di hareupeun cicing siga anu satuju, tapi di tukangeun ngomongkeun.

Tina adu argumén anu séhat, bisa lahir gagasan anu leuwih asak. Pamadegan hiji jalma bisa waé can sampurna, tapi lamun dihijikeun jeung pamadegan batur, hasilna bisa leuwih hadé tibatan anu dipikiran ku ngan saurang. Jadi, debat téh lain pikeun néangan saha anu éléh, tapi pikeun manggihan gagasan babarengan anu leuwih hébat.

Nyarita bari silih ajénan, ngabantah bari méré alesan, sarta ngadéngékeun bari muka pikiran bisa dibiasakeun. Lamun heug mah, aya jalma anu ngan omonganana wungkul anu kudu didéngé, sina ngobrol jeung témbok wé.

libur

Judul: Sina Ngobrol jeung Témbok Wé

Penulis: Ganjar Kurnia, Akademisi, Guru Besar, dan mantan Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) periode 2007–2015. Ahli Sosiologi Pedesaan dan Sosial Ekonomi Pertanian ini dikenal luas sebagai budayawan Sunda serta pendidik yang mengintegrasikan ilmu sosial dalam memahami realitas pertanian, saat ini menjadi Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS)

Editor: Parkah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *