MajmusSunda, Kota Bandung, 01/02/2026 – Sajak judulna “Ngalalanyah di Tanah Angar” diserat ku: Rian Aryawan., asal ti Tasikmalaya, Jawa Barat, mahasiswa semester 4 Prodi Pendidikan Bahasa Sunda UPI.
Kahatur Pupuhu BEM Hima Pensatrada 2026-2027:
Zidan Jamaludin
Geura singraykeun halimun nu ngelun ngarungkup gunung,
sangkan mumunggang caang narawangan matak tingtrim ka pawenangan,
geura sieuhkeun samagaha sungkawa nu kingkin ngaririwa,
sangkan rayat sugema, babarengan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
geura bukbak leuweung geledegan,
geusan jalan liliwatan,
geura jieun rawayan jati,
geusan meuntas naratas pitutur wangsit ajali.
Ayeuna mangsana urang tandang,
ngalalanyah di tanah angar,
makalangan nangtang hahalang, néang-néang hujan silantang,
tong ringrang, tong hariwang,
kapan Kota Inten nu langitna pinuh ku béntang baranang masih tetep anteng nyaangan,
késang urang nu bakal ngeclak ti saban réngkak,
geura tawu caina geusan jadi situ,
sina ngemplang sina nyongcolang di handapeun tangkal hanjuang,
geusan nyébor bibit-bibit nu baris datang.
Prak, geura tabeuh ayeuna mah goong téh, Jalu!!!
*****













