Poé Basa Indung Internasional: Sunda Nanjung Linuhung ku Maké Basa Indung

Diserat ku Régia Dwi Ariana

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan Helaran)

MajmusSunda, Bandung, 23/02/2026 – Dina raraga ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional, Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda jeung Hima Pensatrada ngayakeun kagiatan “Miéling Poé Basa Indung” anu lumangsung kalawan lancar di Universitas Pendidikan Indonésia (UPI). Éta kagiatan téh dilaksanakeun poé Senén, 23 Fébruari 2026.

Kagiatan ngabagéa Poé Basa Indung Internasional diluluguan ku Afta Al Insani Fasya salaku pupuhu panata calagara, mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda (S-1). Téma kagiatan jejerna “Sunda Nanjung Linuhung ku Maké Basa Indung.” Ieu kagiatan diayakeun minangka tarékah pikeun miara basa Sunda dina jaman kiwari.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan PBII)

“Aya anu nyebat basa sunda téh rada kampungan atanapi kirang modéren, nanging saleresna mah ieu basa indung téh penting pisan, upami urang ngémut dina basa anu pangsaéna, pangcaketna kana haté, nyaéta basa indung. Kanggo urang Sunda basa Sunda, urang Jepang basa Jepang. Mugi-mugi basa Sunda majeng, harum.” Kitu Prof. Mikihiro Morayama peupeujeuh ka para mahasiswa dina Kuliah Umum di Auditorium Lt.4 FPBS. Inyana nandeskeun yén basa indung téh mangrupa pondasi rasa anu pangdeukeutna jeung manusa, nepi ka kudu terus dijaga sangkan tetep hurip.

“Bahasa ibu adalah pelukan pertama dalam kata, ketika kita menjaganya, seperti kita menjaga ingatan, menjaga martabat dan menjaga kemanusiaan kita. Mari kita rawat bahasa ibu, bukan hanya hari ini, tapi setiap hari. Karena darinya lah tumbuh empati, tumbuh kehalusan budi dan tumbuh peradaban yang berakar sekaligus menjulang,” Wakil Dekan I FPBS, Prof. Dr. Yulianéta, M.Pd., dina biantaran waktu nutup kagiatan Kuliah Umum ku pesen réfléktif anu ngahudangkeun kasadaran ngeunaan pentingna basa indung salaku jati diri bangsa.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan PBII)

Salian ti Prof. Mikihiro Morayama ti Jepang, nu hadir dina éta acara nu jadi salasahiji kojo kagiatan, haladir ogé para pingpinan FPBS, dosen-dosen, katut mahasiswa, boh anu datang langsung (luring) atawa nu nyakséni ngaliwatan zoom (daring).

Dina sési Kuliah Umum, dosen-dosen nu sumping aya: Prof. Dr. H. Nunuy Nurjanah, M.Pd., Prof. Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum., Dr. H. Dede Kosasih, M.Si., Dr. Hj. Ruhaliah, M.Hum., Dr. Hernawan, M. Pd., Dr. Dian Hendrayana, S.S., M.Pd., Temmy Widyastuti, M.Pd., Dr. Danan Darajat, M.Pd., Dr. Zulfikar Alamsyah, M.Hum. Pingpinan FPBS nu sumping: Prof. Wawan Gunawan, M.Ed., Ph.D., salaku Dékan Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra (FPBS), Prof. Dr. Yulianeta, M.Pd. (WD 1), Dr. Prof. Dr. Mohamad Zaka Al Farisi, M.Hum. (WD 2), Dr. Yanty Wirza (WD 3).

Saréngséna kuliah umum, dituluykeun ku kagiatan helaran, pintonan maca sajak, jeung orasi nu diayakeun di sababaraha titik di sabudeureun UPI, kayaning Gd. Ahmad Sanusi, Jam Sunda (gigireun Gd. Museum Pendidikan), jeung Taman Barretty Vila Isola. Dina pawéy helaran, sajajalan kampus UPI kacida raména ku jargon-jargon jeung hahaleuangan mahasiswa nu pinuh ku sumanget. Katitén aya ogé lima mahasiswa asing pertukaran, ti Prancis, anu milu aub dina busana tradisional Nusantara.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan Helaran)

Nepi ka titik kumpul kahiji, Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda, Dr. Haris Santosa Nugraha, M.Pd., ngabagéa kagiatan. Kaprodi miharep sangkan ieu sumanget dina ngariksa basa Sunda dilarapkeun ku para calon guru dina kahirupan sapopoé, boh di lingkungan sakola boh di lingkungan kulawargana.
“Mudah-mudahan Basa Sunda bisa nanjung, luyu jeung téma urang ayeuna nyaéta
Sunda Nanjung Linuhung ku Maké Basa Indung.” Ti dinya, dituluykeun ku maca Sajak “Tanah Sunda” karya Ajip Rosidi ku Régia Dwi Ariana.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan Helaran)

Di titik kumpul kadua, Pupuhu BEM Hima Pensatrada Zidan Jamaludin ngabagéa, tuluy aya maca sajak ku Siti Yasinta sarta Siti Humaira Ramadhani Dakir. Dipungkas ku orasi ti Bapa Ade Sutisna, S.Pd., M.Pd. nu sumanget pisan.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan Helaran)

Di titik kumpul katilu, Afta Al Insani Fasya maca sajak “Bilal” karya Etty RS. Satutas ti éta, pintonan orasi budaya ti Prof. Dr. Retty Isnendes, M.Hum. Iéu guru besar dipikawanoh ku ngaran péna Chye Retty Isnendes. Dina orasina, inyana ngajak saréréa sangkan ngajaga ngariksa basa indung, lantaran basa indung lain wungkul warisan tapi kudu diwariskeun ka anak incu jaga, kitu di antarana. Saméméhna biantara, Bu Chye maca sajak “Ka Payuneun Sunan Indung” karyana nyalira. Orasina dibagéakeun ku Prof Mikihiro Moriyama nu ngadeg tuluy hormat jéung masihan salam ka Prof. Retty. Sae, saurna, mahasiswa kedah teras disumangetan.

(Sumber: Tim Dokumentasi Hima Pensatrada, kagiatan Helaran)

Pamungkas Puan Maharani maca sajak “Leuwi” karya Abdullah Mustappa nu dimusikalisasi ku Bapa Dian Hendrayana, S.S., M.Pd. Saméméh magrib acara réngsé dibarengan ku musikalisasi sajak “Bulan di Pamarican” karya Chye Retty Isnendes.

******

Writer: Régia Dwi ArianaEditor: Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *