PANGURUS ANYAR PATREM DIISTRÉNAN KU DR. (HC) HJ. POPONG OTJE DJUNDJUNAN

Majmussunda.id, Bandung, Ahad 26/4/26. Dina dinten kamari, tos diistrénan pangurus anyar PATREM ku paraji PATREM Bu Dr. (HC)  Dra. Hj. Popong Otje Djundjunan di bumina Jl. Cipaganti 128 Bandung. Istrénan digédéng ku pangaping kasepuhan Prof H. Yus Rusyana, pangaping Bu Hj. Nanéng Daningsih Saini KM, sareng Pa H. Amir Suryatna (dosén Sunda manten, sobat sakelas Bu Popong). Panangtayung PATREM, Prof. H. Ganjar Kurnia sareng pangaping sanésna, Ambu Hj. Yooke Tjuparmah, teu tiasa hadir margi nuju aya agénda nu sanés.

PANGURUS ANYAR PATREM DIISTRÉNAN KU HJ. POPONG OTJE DJUNDJUNA

PATREM téh Paguyuban Sastrawati Sunda, wadah kanggo para sastrawati nu nyerat sastra dina basa Sunda. Sanaos kitu, PATREM gé nampi anggota luar biasa nu nyerat dina basa-basa sanésna sapertos basa Indonésia sareng basa Inggris. PATREM diadegkeun kaping 4 Nopémber 1982. Panaratas PATREM nyaéta sastrawati: Dra. Tini Kartini, B.A., Ningrum Djulaéha, sareng Dra. Hj. Ami Raksanagara, B.A.

Para pupuhu nu kantos mingpin PATREM nyaéta Dra. Tini Kartini, B.A., Dra. Hj. Ami Raksanagara, B.A., Hj. Nanéng Daningsih, Hj. Aam Amilia, sareng Dr. Hj. Yooke Tjuparmah, S.K., M.Pd.

Anapon pangurus nu diistrénan: Prof. Dr. Chyé Rétty Isnéndés, S.Pd., M.Hum. (Pupuhu), Dra. Hj. Eulis Héndrayani Saputra, M.Pd. (Wakil), Héna Sumarni, M.Pd. (Sekretaris), Séptiani Puspita, S.Pd. (Wakil), Sri Téti Hérawati, M.Pd. (Bendahara), Cucu Unisah, S.Pd.,(Wakil), Tiktik Rusyani, S.Sos. (Humas).

Ieu kapangurusan téh période kadua dina kapamingpinan pupuhu nu kiwari. Programna nu tos maneuh nyaéta PASASA (PATREM SABA SAKOLA) sareng PAPASA (PATREM PAGUNEMAN SASTRA) atanapi podcast-na PATREM.

Nami PATREM dipasihan ku Prof. Yus Rusyana, ngalap kana pakakas cucuk gelung nu digunakeun ku Citraresmi Dyah Pitaloka nu pupus di Palagan Bubat. Anapon gambar PATREM nu aya dina cap (gambar istri digelung dimangle-malatian) éta kenging ngadesain Ibu Ami Raksanagara, garwa Prof. Yus Rusyana.

Patrem bertransformasi jadi PATREM: péna, pakakas para wanoja Sunda kiwari dina matéakeun pajamanan, milu nyerdaskeun kahirupan bangsa tina ranah literasi nu jadi salah sahiji superstruktur bangsa Sunda. Dugi ka danget ieu, PATREM tos medalkeun 5 buku antologi carpon, kayaning judulna: Guriang Tujuh (1984), Basisir Cijayana (carpon barudak) (1984), Serat keur ka Sawarga (1997), Salikur Carpon PATREM (2020), sareng Surat Penting Pustakawati (2021). PATREM gé ngayakeun pelatihan-pelatihan sastra, pasanggiri-pasanggiri sastra, ogé seminar-seminar sastra sareng budaya*

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *