MajmusSunda News – Bandung, Rabu (10/06/2026) Bumi Siliwangi — Aksatadharma Production entragan 2023 suksés magelarkeun féstival film Indie salaku wangun pikeun nyumponan pancén pamungas (TA) mata kuliah Indie Movie dina poé Kemis (4/6/2026). Acara lumangsung kalawan dua sési méré hasil nu mucekil nepi ka antusiasme para pamiarsa minuhan rohangan Auditorium B, FPBS UPI.
Sanajan sinematografi lain mangrupa widang utama di jurusan Pendidikan Bahasa Sunda, karya-karya anu dipidangkeun ngabuktikeun kréativitas para mahasiswa. Jalanna ieu féstival dipingpin ku opat panata acara, dikawitan ku Delan Fiko ogé Kristia Meilani tuluy dipungkas ku Putra Aulianto ogé Windiana.

(Sumber Foto: DOP Aksatadharma Production)
Acara dibuka ku open gate, dilaju ku laporan ti Pupuhu Calagara, sarta ayana pamapag ti Dosén Pangampu, Bapa Adé Sutisna M.Pd., tuluy pamapag ti Pupuhu Porgram Studi Pendidikan Bahasa Sunda, Dr. Haris Santosa, S.Pd., M.Pd., salaku prosési resmi dibukana ieu féstival. Dina sési kadua, aya momen spésial sanggeus pamapag Dosén Pangampu, nyaéta pamasrahan layang pangajén ka sababaraha pihak éksternal, saperti mitra gawé kostum sarta aktor-aktor nu ilubiung dina film “Sora”

(Sumber Foto: DOP Aksatadharma Production)

(Sumber Foto: DOP Aksatadharma Production)
Pupuhu Calagara, Muhammad Aditya Ilyasa, ngébréhkeun kareueusna kana gawé bareng sakabéh panata calagara. “Alhamdulillah, sanaos semester ieu sakitu riweuhna, 78 anggota entragan 2023 tiasa ngamaksimalkeun tugas ahir ieu dugi ka lancar. Ieu festival film hasil kolaborasi dua kelas, dipiharep engkin tiasa janten bebekelan kanggo mahasiswa nalika damel sabada lulus,” ceuk Ilyasa salaku Pupuhu Calagara sakaligus Pupuhu Entragan 2023.
Dosén Pangampu mata kuliah Indie Movie, Bapa Adé Sutisna, M.Pd., nétélakeun yén ieu pancén téh mangrupa wadah kréativitas para mahasiswa, anu teu kudu patali jeung jurusan sabab média kréativitas taya watesanana.
“Dina jaman kiwari mah tangtu patali pisan jeung téhnologi sarta AI, tah ku kituna para mahasiswa Sunda kudu bisa kumaha carana pikeun ngawanohkeun Kasundaan ku cara ngigelan zaman.” Tandesna


(Sumber Foto: DOP Aksatadharma Production)
Sinopsis 4 Film: Sarat Émosi jeung Aksén Budaya Sunda
Ieu féstival midangkeun 4 film indie — unggal kelas nyieun 2 film — kalawan runtuyan pidangan: Rusiah, Sora, Jangji Kamari, sarta Kembang Silihan. Ahéngna, tilu tina ieu film mawa rasa pamiarsa dina katunggaraan jalaran dipungkas ku carita nu pikasediheun.
- Rusiah

Film “Rusiah” disutradaraan ku Néng Rizna Fauziyah dibarengan ku Fahma Lutfi salaku panulis naskah. Ieu film salaku bubuka ti 4 film anu dianti-anti ku para pamiarsa.
Raka (Alifio), pamuda harepan kulawarga. Sok sanajan sababaraha kali gagal sarta nyanghareupan rupa-rupa pasualan, tapi manéhna teu weléh sumanget dina ngalakonan pasualan nu karandapan.
Nalika aya kasempetan, ngarasa hirupna bakal robah jadi jalma suksés. Tapi takdir teu bisa dipungkir, kajadian nu teu disangka-sangka, ngajadikeun harepan manéhna robah jadi pangéling yén hirup téh pinuh ku rusiah.
Salian ti pasualan hirup, carita “Rusiah” ogé midangkeun unsur friendship antara Raka (Alifio) jeung Dédén (Toto). Lalakon sosobatan maranéhanana anu pinuh ku kaihlasan sarta silih tulungan dina nyanghareupan cocoba hirup, suksés midangkeun pintonan anu ngagedurkeun rasa émosi pamiarsa.
Salaku pangalaman munggaran, Rizna Fauziyah (Sutradara) ngarasa reueus. “Sok sanajan loba kurangna, kuring reueus ka tim sarta miharep pangalaman mimiti ieu bisa jadi bekel pikeun nyieun karya anu leuwih hadé ka hareupna.” Pokna.
Ieu film mépéling sangkan urang bisa leuwih laun ngarasakeun hirup poé ayeuna tanpa gura-giru sabab waktu mah lain kawasa urang. Éta hal anu ditepikeun ku Fahma Lutfi salaku panulis naskah Rusiah.
- Sora

Mawa génré psychological thriller, ieu film suksés nyieun tegang para pamiarsa. Carita disusun ciamik kalawan diselapkeun unsur budaya lokal Sunda, saperti ritual ngipri atawa teluh (santét), nu nyieun atmosfer film jadi keueung.
Harepan panulis naskah, Siti Humaira & Windiana, sangkan pamiarsa bisa mépéling pikeun silih “Sora” di imahna séwang-séwangan. Rasa katugenah Rina (Annisa) anu teu kakedalkeun nyieun mamala ka jalma nu nyaah pisan ka manéhna. Sora nyarékan kolot téh lain sabab teu nyaah, pon kitu budak nu teu ny(s)ora téh lain sabab manéhna aya dina rasa “aman” di imahna sorangan.
Sutradara, Sanggita Puspa Gumiwang, ngébréhkeun yén aya saeutikna caritaan ti pangalamanna. Miang ti réalita, perspektif medis non-medis, lengkep jeung unsur émosi nu teu stabil, kekerasan, nepi ka suasana mistis. Gedé harepanna pikeun pamiarsa yén budak téh tanggung jawab kolot, lain sakur ‘invéstasi jangka panjang’.
- Jangji Kamari

Film genré romantis miang tina téma cinta nu teu kasorang. Alur carita museur ka dua nonoman tanpa kajelasan hubungan. Sanggeus 7 taun kalarung, Nyatana Meilinda (Rizkya) kakara nyaho, lalaki nu dipicinta ku manéhna geus matuh di kalanggengan.
Geuning, anu rék ditepikeun ku panulis naskah, lain sakur cicintaan budak ngora. Tapi kumaha kasatiaan, kasabaran, jeung kaihlasan narima takdir. “Kapan takdir ti Gusti mah teu bisa dipungkir, malih Gusti téh panulis skénario anu panghadéna.” tandes Panulis Naskah, Fitri Fuzi.
Laju, Andriani salaku Sutradara nétélakeun, yén dina prosésna mah kawatesanan waktu, tuluy ogé gawé bareng jeung panulis naskah, sanajan loba nu dirobah tina naskah dumasar kanyamanan aktor.
Lagu ‘Golden Hour’ ku JVKE jadi ruhna ieu film. Nu ngagambarkeun singgetna waktu antara Mei (Rizkya) jeung Ian (Tauqi). Kumaha waktu, jadi wates dunya antara maranéhanana. Sanajan saharitaeun, tapi nyatana tetep matri dina ati.
- Kembang Silihan

Film pamungkas, mawa téma time-travel/ connection, antara dua ronggéng dina jaman nu béda. Nyi Arum (Fitri) maké susuk jeung dijampé sangkan para lalaki kabengbat ku kageulisanana. Ieu film téh mawa amanat kuat ‘untung hidep mah hirup di jaman kiwari, henteu di jaman kos Ema’. Aya pesen anu jero, yén baheula mah awéwé téh manggihan ritual anu netek pati ukur hayang diaku salaku ronggéng. Nyi Arum (Fitri) nu jadi ronggéng bihari béda jauh jeung Laras (Kaisha) nu mangrupa ronggéng jaman kiwari.
Moch. Rizqi Taufiqurrahman salaku Pimpinan Produksi kelas A nu ngawengku ogé jadi Sutradara Film Kembang Silihan nétélakeun yén dina prosés produksi, waktu, tanaga, pikiran jadi tantangan. “Ieu téh salasahiji cara pikeun ngamumulé budaya sunda hususna dina basa ogé sastra ngaliwatan média révolusi industri 5.0. nu serba digital pikeun eksis nu bisa ditarima ku masarakat.”
Lian ti éta, para panulis naskah, Nuri S. Nurjanah jeung Néng Sulastri ogé ngébréhkeun yén ayana parobahan stigma jeung panghormatan ka penari tradisional (ronggéng), sarta ulah daék jadi kembang nu ngan sakur diseuseup seungitna wungkul tuluy alum dipicieun.
Sanggeus sakabéh film réngsé dipidangkeun, acara dilaju ku sési patalékan interaktif sarta babagi doorprize pikeun sababaraha pamiarsa. Suasana karasa jero tur reueus beuki karasa nalika MC nyebutkeun hiji-hiji ngaran aktor jeung sakabéh jajaran kapanata calagaraan Aksatadharma Production anu geus loba waktu, jeung usaha di satukangeun layar. Ieu féstival film téh saterusna ditutup sacara resmi ku sési dokumentasi babarengan.
Ieu tulisan dijieun lain sakur warta biasa, tapi jadi saksi rasa nyaah kuring nu ngagalura ka balaréa. Sanajan ieu acara téh jadi pangais bungsu caritaan urang, mugia lalakon éndahna bakal terus matuh, ngakar dina ati salawasna.
Hatur nuhun baraya Aksatadharma. Mugia ieu tulisan bisa nyugemakeun. Ti sim kuring salaku panulis pikeun balaréa.
Ti Aksatadharma pikeun Aksatadharma.
Kontributor: Windiana Nurhalisa (Mahasiswi Pendidikan Bahasa Sunda Entragan 2023)












