Laporan Perjalanan: Ka Baduy Deui

Artikel ini ditulis oleh: Prof. Chye Retty Isnendes

Dipoto dina sosoro imah Jaro Tanggungan Dua Welas (foto koleksi Bu Dian Muniroh, Ph.D).

MajmusSunda News, Kolom OPINI, Sabtu (17/05/2025) – Artikel berbahasa Sunda berjudul “Ka Baduy Deui” ini ditulis oleh: Chye Retty Isnendes, asal Sukabumi, Jawa Barat, sastrawan Sunda yang kini menjadi guru besar di Universitas Pendidikan Indonesia.

Ka Baduy (deui) teh poe Jumaah tanggal 25 April 2025. Tim nu miang aya genepan. Nu genepan teh, kuring pribadi, Pa Dr. Hernawan, Bu Dian Muniroh, Ph.D., Bu Yayuk, mahasiswa kandidat doktor nu calon disertasina perkara pemertahanan basa Baduy ─ minus Prof. Eri Kurniawan ayeuna mah, jeung Kang Supir. Ari saurang deui tamu istimewa, antropolinguis ti Melbourne Australia, Assoc. Prof. Michael Ewing. Inyana bagian tina Tim nu ngusahakeun pendanaan penelitian basa Baduy ti LIPI-na Amerika.

Memang samemehna nu ngararancang jeung ngusahakeun pendanaan teh Prof. William Davies ti IOWA University, Amerika. Inyana oge nu ngabiayaan penelitian pendahuluan salila opat taun (2014-2017) samemeh proposal ditarima ku lembaga penelitian Amerika. Inyana pupus taun 2017 alatan kanker tulang, sedengkeun dana can kaburu dicair-keun. Ari panalungtikan di lapangan mah tuluy bae dipigawe. Tah ku usahana Michael Ewing, ahirna dana penelitian teh bisa turun taun 2021. Panalungtikan ka lapangan dianggap beres satutas dalapan taun (2014-2022) dilaksanakeun, bari panalungtikna ditambahan ti 3 nagara (UPI/Indonesia, Melbourne University/Australia, Hawaii University, Hawaii), totalna jadi 4 nagara jeung IOWA University/Amerika institusina Prof. William Davies.

Teu kacatur di jalanna, ti Bandung jam dalapan isuk-isuk, jam opat burit rombongan nepi ka Terminal Ciboleger, langsung wae muru ka penginapan. Teu lila di penginapan,ukur nyimpen heula rangsel, tas baju, jeung babawaan sejenna, langsung muru ka imah Jaro Pamarentahan, kaburu poek da geus rek magrib. Malum pan di lingkungan Baduy Luar ge taya listrik, jadi kacipta mun ngobrol bari mopoek.

Michael Ewing & Jaro Oom (foto koleksi Dr. Hernawan)

Sukurna, Jaro Pamarentahan, Jaro Oom, kasondong kasampak aya. Nya kami sarerea sanduk-sanduk papalaku keur ka sakitu kalina rek asup ka Baduy Luar seja ka Campaka rek ngendong di imah Ayah Saidi Putra, Jaro Tanggungan Dua Welas. Jaro Oom nu geus wanoh ka tim panalungtik narima seperti biasa. Ti dinya tuluy bae ngobrol perkara tradisi di Baduy. Michael Ewing ngasongkeun sabaraha pertanyaan patali jeung tradisi, pertahanan budaya, generasi ngora, jeung Baduy dina mangsa kahareup. Jaro Oom enya ge ngora keneh tapi katiten jembar wawasanna. Salian ti eta, tandes jeung kukuh, deuih. Hiji tipikal pamingpin nu pengkuh jeung malire kana budaya jeung rahayat nu dipingpinna.

Isukna, sanggeus sasarap, dibaturan ku Kang Nurdin Subuh jeung Aka Karmain, bring kami sarerea indit leumpang ngabaduy. Ti Kaduketug tuluy asup ka lingkungan kebon cikur jeung jahe. Laju ngabekuk nanjak meuntas kebon rumpil jeung leuweung ngora. Jalan datar norobos pahumaan. Sapanjang jalan pamandangan matak seger kana panon, tatangkalan rajeg, tangkal dukuh, tangkal kokosan, jeung tangkal bencoy nu katitenan teh. Tangkal Kawung mani subur, tangkal coklat, jeung tangkal duren jadi ku maneh.

Reureuh pikeun nu sakitu kalina (foto koleksi CRI)

Najan endah, cape oge, cikesang ngagarajag maseuhan baju, na palipis jeung irung, karinget sagede-gede jagong ceuk nu bohong tea mah. Tapi nitenan urang Baduy nu lalar liwat mani teu riuk-riuk ripuh jiga kami sarerea. Turun unggah pasir jeung landeuh, olah raga saban usik teu kerel-kerel. Paingan urang Baduy mah lalangsing, da leumpang wae. Ari tim mindeng pisan ngarandeg sanggeus ngahegak nanjak, bari eureun heula teh tuluy we popotretan, antukna matak lila di jalan. Ceuk Rojak seuweuna Jaro Tanggungan Dua Welas mah, “kami mah ti Ciboleger ka Campaka ngan 10 menit”, na ari Tim Baduy geus rek sajam ieuh, di jalan keneh :D.

Nanjak (foto koleksi CRI)

Merhatikeun Michael Ewing nu umurna geus deukeut ka 70 tapi sumangetna teu eleh ku budak ngora. Abong antropolog, geus biasa sigana lalampahan jauh teh. Pan inyana mah taun 78 geus di Indonesia, di Rancaekek naliti kuda lumping pikeun kaperluan skripsina. Enya kakara ayeuna ka Baduyna mah, tapi kaelmuanana salaku antropolog jadi suluh pikeun inyana mikawanoh manusa jeung alam Baduy, nu salila ieu dipikawanohna ngaliwatan informasi Tim Baduy saparakanca di Indonesia, jeung tongtonan-tongtonan dina YouTube. Eta sigana jadi pangjurung nu mandiri pikeun inyana tetep sumanget leumpang ka lembur Campaka di Baduy Luar.

Dina tanjakan kadua, tim ngarandeg deui, teu apaleun lembur Campaka dina biwir panon. Bari lungse lantaran nanjak, lalaunan suku dipaksakeun ngalengkah, dina tungtung tanjakan, pamandangan nu ‘endah’ kayaning imah-imah nu ngaberes jeung bocah-bocah nu arulin lir nu mapagkeun rombongan.

Kuring rada heran, sabaraha balikan ka dieu can kungsi nempo pamandangan siga ayeuna. Asa rame pisan ku jalma. Wanoja-wanoja (tangtuna geus rarumah tangga) lalar liwat ka ditu-ka dieu, saribuk pisan. Gek diuk dina sosoro imah Aka Mursid –seuweuna Ayah Mursid, torojol pamajikan Aka Mursid nyampeurkeun. Sanggeus silih tanya kahibaran diri, kuring nanya aya naon mani rame di lembur nu ngan saguliwek teh. Rek aya nu papacangan Ibu, nu tunangan, cenah. Naon ngaranna di dieu, Nok? Nyeureuhan, Bu, cenah. Wiih bungahna, poe ieu bisa nyakseni adat nyeureuhan nu can kabayang ku kuring. Aya rasa-rasa nu hese digambarkeun ku nempo nu sibuk teh, sugan wae bisa nempo bisa nyeueung kumaha ari nyeureuhan teh.

Enya ‘nyeureuhan’ nu kecapna geus nempel dina uteuk ti keur mahasiswa keneh. Manggih dina buku Modana jeung mata kuliah Etika, –nu dosenna Ibu Hj. Ucu Wahyu nu sok bari nembang ngariring anjeunna mah ngawulangna, sapertos Pa H. Kosim Kardana sareng Pa H. Abas, sami sok nembang jeung ngawih–. Tah kecap nyeureuhan eta, can kabayang kumaha gek-gekanana, disawang mah pihak lalaki datang tuluy mere seureuh ka pihak wanoja. Sugan kitu ge, matakna antusias pisan hayang nyaho hayang nempo kagiatanana.

Sanggeus istirahat sakeudeung, rombongan ngabring ka imah Jaro Tanggungan Dua Welas. Julaeu teh, Ayahna keur miang, cenah, ka lembur Cicatang. Da tatadi ditungguan teu jebul wae, tapi da sakeudeung, asar ge mulang. Kitu ceuk Rojak ngabejaan.

Harita maju ka tangange, nya ahirna mah rombongan teh dalahar heula wae, meunang mekel ti Ciboleger bawa Kang Subuh. Satutas dahar, Michael Ewing hayang nyaho Dangdang Ageung cenah. Dangdang teh dano, situ di ditu mah. Dangdang nu salila ieu jadi misteri lantaran di eta dano aya wae nu maot titeuleum, utamana mahasiswa nu daratang ka dinya.

Jam tilu bring limaan, kuring, Michael Ewing, Bu Dian, Aka Mursid, jeung Kang Dudi Supir, ngajugjug ka dangdang. Nu sejen mah teu milu da hayang reureuh cenah, nu mahasiswa neangan data. Di tengah jalan ka Dangdang Ageung, pasarandog jeung Jaro Tanggungan Dua Welas nu kakara balik ti Cicatang. Sanggeus sasalaman sosonoan patarema kecap, nanyakeun hibar kawaluyaan, jeung Tim Baduy pupuntenan mihapekeun babawaan di imah Ayah, bring deui mariang jeung tujuanna sewang-sewang.

Teu kacatur di jalan, satengah jam ahirna nepi, kadenge nu tingkucuwek tinggujubar, dibarung ku tingcorowok rame naker kawas nu marandi. Ditoong tina antara tangkal kiray, enya wae, aya meureun 12 urang pamuda Baduy keur ngarojay. Moal nanaon kitu nempo ka sisi dangdang? Bet asa Jaka Tarub rek maling pakean Nawang Wulan bae, ngan tibalik meureun ieu mah. Nanya ka Aka Mursid, heug bae teu ku nanaon da marake calana ieuh meureun, cenah bari seuri. Opatan seuri koneng seuri kapiasem ongkoh.

Bismillah ngadeukeutan dano, enya we para pamuda teh keur ulin kokojayan bari silih udag di dano, sawareh neangan kijing. Tuh geus numpuk ning kijingna di sisi dano, rek dipasak meureun sanggeus mandi. Rombongan pupuntenan, menta maap ka nu marandi. Michael Ewing katempona bagja, dina panonna aya kasugema nempo pamandangan nu sakitu endahna, jeung utamana mah hal natural nempo pamuda Baduy marandi di dano. Enya atuda pamandangan mahal ieuh. Salila dalapan taun tur bulak-balik ka Campaka, can kawenehan nempo para pamuda mandi, jaba lobaan kieu. Mangkaning pan karasep urang Baduy mah –nya nu jajar pasar ge loba.

Dipoto di Dangdang Ageung (foto koleksi CRI)

Teu lila di dangdang teh, geus dipoto mah tuluy balik wae ka imah Jaro Tanggungan Dua Welas. Kasampak nu sejen ge geus di dinya. Malah aya Ki Pantun oge, sigana dibejaan ku Jaro deuk aya semah ti Bandung. Sanggeus merenah, minangka pamuka lawang, nya kuring sanduk-sanduk papalaku (deui) satengah formal nepikeun pamaksudan yen rek ngendong di imah Ayah Jaro jeung di imah Aka Mursid, bari mawa urang asing nu kalibet dina panalungtikan salila ieu nu hayang nyaho kana kahirupan urang Baduy. Menta hampura bisi ngariweuhkeun, ngagandengan, ngahaliwukeun urang dinya, bari menta paidin pikeun engke sore hayang motret –mun bisa mah– dina acara nyeureuhan. Sanduk-sanduk dijawab ku Ayah Jaro, nya sabiasa wae, narima kami sarerea jeung sarua menta dihampura bisi teu nyugemakeun pedah ke peuting bakal kaganggu ku acara nyeureuhan jeung bisi teu meunang naon nu dimaksud, cenah. Perkara motret nu nyeureuhan, nya bisa wae meureun, saurna, maenya nu sejen-sejen ge bisa, ieu teu bisa. Kuring rada ngahuleng, naon maksudna? Mereun loba nu motoan nu mideoan acara-acara sakral, naha ieu teu bisa? Kitu nu disurahan ku kuring mah, hartina Ayah ngidinan. Aeh moal boa maido mah?

Ka sorenakeun beuki rame ku ambu-ambu nu marasak, jaba masakna di luar, atuh beuki katangen loba bikang (awewe dina basa Baduy) kalaluar. Kuring beuki kaget, teu sangka ning loba kieu wanoja urang Campaka teh? Sapopoe jeung nu katitenan salila pulang-anting mah asa hiji dua. Meureun di jarero wae, komo ambu-ambu nu geus boga umur 40 taun ka luhur mah tara katingal pisan, da ka huma ongkoh sigana.

Ari nu dipasakna, kayaning daging kotok (hayam, meunang meuli ti Ciboleger, dipahing hayam inguan mah, kajaba keur ritual), lauk salayang (duka lauk naon siga patin), gogodroh (gorengan tina tipung beas), jeung lauk emas. Kabeh digoreng garing. Aya oge nu nyieun kuah-kueh, di antarana: apem, odading, jeung papais. Japilus gede meunang meuli dikarungan weh nu katempo aya teh. Enya da kuring nguriling bari motoan jeung mideo.

Nu masakna ambu-ambu nu ngarora keneh di laluar mah, nu di jero dapur mah tadi tea nu kaitung tengah tuwuh atawa umur 40 taunan ka luhur. Nyarumput najan haliwu opres bari ngobrol ngaler ngidul ge, tapi dipoto mah arembungeun.

Dina wanci magrib, tingburudul lalaki-lalaki muru ka imah Jaro Tanggungan Dua Welas. Kaget deui wae kuring, di lembur teh geuning enya loba pangeusina. Asa teu loba suhunan imah mah paling salikur, tapi meureun dina sasuhunan aya sababaraha kuren. Kaharti mun kitu mah. Acara dimimitian, moal digambarkeun jalan kagiatanna mah, bisi cambal. Ngan nu puguh mah kuring teu meunang motret, diuk cameot di juru lawang antara imah jeung tepas. Aya untungna, jadi bisa nangenan ambu-ambu petingan babagi berekat jeung kuah-kueh.

Ayah-ayah diuk di tepas imah Jaro Tanggungan Dua Welas (tepas di baduy mah bagian imah nu dihateupan keneh, tapi lain tepas siga nu di Priangan, di luar sesemperan. Tepas di Priangan, sosoro di Baduy mah ngaranna). Ayah-ayah nu di jero tepas aya kana 20 urangna, sedengkeun ayah-ayah ngora jeung para pamuda nu can karawin, di luar diukna dina sosoro.

Jadi kumaha nyeureuhan teh? Nu katiten mah, arinyana para lalaki ngadalahar seureuh sapuratina nepi ka kaluar warna beureum ngabulaeh tina bahamna. Daun seureuhna dua (sajodo) ditangkupkeun beuteung jeung beuteung, tuluy dieusian sapuratina ku bahan-bahan paranti ngalemar. Masya Allah, kungsi nempo dina acara pernikahan Bugis, Minang, jeung Melayu, tapi ieu mah… orisinal pisan, matak hook jeung muriding.

Sanggeus bubaran nu nyeureuhan, kuring jeung Bu Dian mondok di imah Jaro, nu opatan mondok di imah Aka Mursid, da cenah tos hoream pindah jaba tunduh, ngagaluher we meureun. Ari kuring, teu bisa sare teu ngimpi-ngimpi acan, nyareri awak nu puguh mah, najan dina sleeping bag. Kalah bulak-balik gudubag-gedebug ka kenca ka katuhu, ka dituna nya hayang kahampangan. Bu Dian antukna nu katempuhan nganteur.

Isukna, rombongan amitan ka Jaro Tanggungan Dua Welas, bari hahampuraan bisi aya laku nu teu nincak kana aturan. Ayah Saidi Putra, Jaro Tanggungan Dua Welas sarua, inyana hahampuraan, sigana nyahoeun kuring teu dimeunangkeun motret ku ambu-ambu. Ceuk Ayah Jaro kurang-leuwihna kieu: bongan di kami mah tradisina tradisi lisan, aturan teu bisa dipastikeun mutlakna. Nya teu nanaon Ayah, kuring, nembalan ngama’lum. Urang silih ma’lum wae, sanajan ari panalungtik mah sok skeptis terus hayang nyaho.

Mulang ka Bandung tanggal 27 April 2025, mawa kasugemaan boga pangalaman sewang-sewang. Jam salapan peuting nepi ka imah, mawa gula, madu, jeung kantong koja. Satumpuk ritual nu kudu dientepkeun, nungguan ditulis. Ke urang tamperkeun heula, urang lenyepan deui, sugan metu sugan teu jadi buyut, etik-emik kacumponan, perelu basa nu luis pikeun ngala angen supaya jadi endah beres-roes. Ceuk babasan Baduy mah:

Hiji beres
Dua ruwis
Tilu runtut
Opat raut
Lima repeh
Genep rapih
Cag.*

***

Judul: Laporan Perjalanan: Ka Baduy Deui
Jurnalis: Chye Retty Isnendes
Editor: CRI

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *