KINANTI BASA URANG

Digurit ku CRI

MajmusSunda News, karya Basa Sunda. 1 Februari Poe Basa Indung Internasional. KINANTI BASA URANG Digurit ku CRI.

MajmusSundaNews, 1 Februari Poe Basa Indung Internasional

Basa Sunda nu kapungkur
Lumpat usum nitih wanci
Robih-robih pajamanan
Obah wanda ganti eusi
Padahal bener sarua
Basa teh ‘manusiawi’

Teu aya deui nu luhung
Salian ti basa jalmi
Jadi jalan jeung media
Nepikeun rupi pangarti
Agama, hirup, budaya
Sadaya basa ti Gusti

Matak lewang matak paur
Beuki lami beuki inggis
Ilang inten tatakrama
Basa ge ning seueur anjing
Sato jadi lalab rumbah
Padahal basa teh budi

Ulah pisan nya diturut
Paripolah teu utami
Basa teh ciciren bangsa
Ruksak basa laip diri
Sing isin ku Gusti Allah
Ngahina diri pribadi

Hayu batur masing emut
Kolot reujeung budak leutik
Lalaki oge wanoja
Cacah gupernur bupati
Batur jenuk balarea
Larapkeun basa pinuji

#patrem
#sirungpatrem
#basasundananjung
#basasundalana
#sastrasunda
#makaryasastra

*****

Judul: KINANTI BASA URANG
Karya: CRI

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *