MajmusSunda News, Rubrik Artikel/Opini/Esai, Sabtu (14/12/2024) – Artikel berbahasa Sunda berjudul “Kanyaah Indung Sok Teu Kahontal ku Akal” ini ditulis oleh: Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Rektor IKOPIN University dan Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan, Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Basa kuring keur sakola di Michigan State University (MSU), Amerika Serikat, taun 1983-1988, kuring boga sobat urang Korea Kidul. Ngaran manehna Kim. Ku kuring moal dipanjangkeun ngaran manehna keur ngajaga kepentingan pribadina. Naon anu dicaritakeun Kim ka kuring, keur kuring mah luar biasa pentingna sangkan bisa neuleuman kanyaah indung anu loba teu kahontal ku cara biasana.
Kim jeung kuring beda departemen, manehna di Departemen Ekonomi, ari kuring di Departemen Ekonomi Pertanian, samemehna teh jadi mahasiswa Pascasarjana di Departemen Kehutanan sataun, jeung Departemen Pangembangan Sumberdaya salila sataun oge.

Lamun diitung-itung, kuring tukang pindah departmen nepi ka pernah kadaptar di tilu departemen. Tangtu bae pembimbing utama jeung anggotana oge beda-beda unggal taunna. Alesan utama pangna kuring pindah-pindah kawas kitu teh, nyaeta kuring hayang milih mata kuliah jeung ujian preliminary tingkat doktoral di Departemen Ekonomi. Kuring milih Jurusan Ekonomi Sumberdaya Alam anu diurus sacara lintas departemen. Kahayang ieu ngan bisa dicumponan ku Departemen Ekonomi Pertanian.
Sosobatan kuring jeung Kim kaitung raket ku lantaran boga tujuan anu sarua, nyaeta lulus ujian preliminary doktor di Departemen Ekonomi. Ku kituna, ampir unggal poe kuring babarengan jeung Kim di rohangan kuliah, di perpustakaan upama diajar bareng, jeung di jalan balik ka apartemen Spartan Village.
Pangawakan Kim jangkung leutik, kaasup lalaki kasep. Pamajikanna oge geulis tur unggal poe nyiapkeun dahar beurang keur Kim salila di Kampus. Kim geus boga budak leutik awewe anu kacida lucuna.
Dina hiji poe, bari dahar beurang bareng jeung Kim di Gedong Union teu jauh ti Departemen Ekonomi, kuring nanyakeun hal nu pribadi – hiji hal anu disinglar biasana mah, komo deui upama mangrupa kakurangan kondisi awak manusa. Tapi ku lantaran geus ngarasa manehna sobat dalit kuring, nya pok teh kuring nanyakeun kieu:
“Kim, naon anu nyababkeun leungeun maneh pengkor?” Pok kuring nanyakeun sabab musabab leungeunna pengkor, enya leungeun anu beulah kenca.

Kim henteu langsung ngajawab. Manehna malahan ngadongeng heula perkara aya dua Korea: Korea Kidul jeung Korea Kaler. Ceuk pikiran manehna yen dua Korea ieu teu bisa akur ku lantaran di kasangtukangan ka dua nagara Korea nu duanana mangrupa nagara nu kuat katut boga kapentingan sewang-sewangan.
Ku kituna, dua nagara ieu kudu sasayagaan saupamana aya kajadian Korea Kidul jeung Korea Kaler perang. Tah, ku kituna nagara Korea Kidul ngawajibkeun kabeh warga nagarana asup wajib militer, teu mandang saha manehna, naon kaayaana, hukumna wajib asup wajib militer, jadi mun perang teh, kabeh warga nagara Korea Kidul mah geus siap sayaga.
“Indung kuring kacida bingungna,” Kim ngamimitian carita perkara pribadina.
“Dina pikiran indung kuring kumaha carana nyalametkeun ieu budak tina wajib militer. Kumaha carana supaya ieu budak mun asup wajib militer ngalakonan kawajiban anu teu matak nyilakakeun. Indung kuring neruskeun caritana bari panonna carimasbas ku cipanon. Teu mikir panjang indung kuring marekoskeun leungeun kuring anu beulah kenca nepi ka tulangna potong.”
Kitu Kim neruskeun caritana bari katempo sedih. Tangtu kuring oge ngilu sedih bari reuwas kabina-bina. Teu nyangka ku indungna naha mani tega pisan ka anak sorangan nepi ka marekoskeun leungeun budakna.
“Maneh kudu nyaho, sobat, indung kuring ngalakukeun eta ku bakating nyaah ka kuring,” pok Kim ngajelaskeun.
“Lamun leungeun kuring normal, basa keur ngalakonan wajib militer, kuring geus pasti kudu ngalaman latihan perang di medan latihan anu pibahayaeun. Tapi ku lantaran kuring tanpa daksa, kuring tetep ngilu wajib militer tapi ngan saukur jadi tanaga pangdukung saperti ngurus administrasi di kantor tentara,” Kim ngajentrekeun ku naon indungna marekoskeun leungeun manehna anu beulah kenca.
Ngadenge carita Kim pikiran kuring ngalayang ka lembur. Inget ka indung sorangan anu euweuh eureunna ngadoakeun anakna anu jauh ti dirina, teu pandang keur di mana bae ayana.
“Kim, naha maneh ambek ka indung maneh?” Kuring nanyakeun perasaan Kim ka indungna.
“Henteu. Manehna migawe eta, bakating ku nyaah ka kuring,” Kim nandeskeun sikepna.
Meureun geus takdir keur Kim, geus kuduna kitu. Nya naon deui atuh ari lain takdir mah. Poe eta kuring meunang pangalaman penting, yen kanyaah indung sok teu kahontal ku akal jeung rasa.*
***
Judul: Kanyaah Indung Sok Teu Kahontal ku Akal
Penulis: Agus Pakpahan
Editor: Chye Retty Isnendes
