MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Sabtu (26/04/2025) – Di jajantung dayeuh Bandung aya Jalan Braga. Jalan intelek, jalan elit anu geus kawentar ti jaman pamarentahan Hindia-Walanda, ti jaman Kolonial mula. Dina awal abad ka-20 Braga ge kawentar jadi pusat perdagangan jeung hiburan kaum elit Eropa anu ngamukim di dayeuh Bandung. Nepi ka kiwari ngaran jalanna tetep dipertahankeun jadi salah sahiji maskot jeung kokojo objek wisata kota Bandung.
Alhasil Jalan Baraga kiwari ge jadi pangjugjugan wisatawan domestik jeung mancanagara. Malah ku elit-elitna Jalan Braga, geus jadi kacapangan di kalangan para nonoman / pamuda Bandung, “Lamun neangan kabogoh kudu anu geulis, meh teu era mamawana lamun ka Jalan Braga , “ cenah ge, hahay dah.
Jalan Braga ge kawentar jadi Jalan Intelek, jalan bergengsi anu teu meunang dililiwatan ku keretek (Sado, Delman). Kapanan ceuk Kang Nano S ge :
Jalan Braga Jalan Intelek /Tidak boleh masuk keretek/ Beca roda bemo Honda jalanna muter/ Ter datang ti kaler har kaburu lieur /.( Lagu yasana Nano Suratno dihaleuangkeun ku Hetty Koes Endang).
Di sapanjang jalan anu panjangna 900 meter ti mimiti parapatan Jalan Asia Afrika tebeh kidul (Gedong Merdeka, Museum Asia- Afrika)nepi ka Jalan Perintis Kemerdekaan tebeh kaler, di kenca – katuhuna ngajajar wawangunan anu matak mulangkeun panineungan ka mangsa anu lawas. Di Jalan Braga memang loba pertokoan anu arsitekturna kuno, wawangunan art deco zaman Hindia Walanda.
Nepi ka kiwari ge Jalan Braga masih tetep dipertahankeun simana salaku Jalan intelek. Eusina aya sababaraha galeri seni (lukisan jeung suvenir), kafe, butiq, kedai kopi, ritel, bar, restoran beulieun jalma-jalma jegud, Taman Braga, ka rumah-rumah hantu (wahana) ge aya di dinya. Tacan katambahan ku mall (Braga City Walk).
Kaendahan Jalan Braga dipasieup ku rupa-rupa lukisan anu rapang di emper toko/trotoar, ti mimiti lukisan karya seniman moyan anu aya di galeri nepi ka jieunan seniman Jelekong kayaning gambar pamandangan sawah, walungan, kebon, jeung gunung di padesaan arendah naker , kitu deui lukisan sasatoan, lauk, ucing, manuk , lukisan potret diri, jsb, rek anu naturalis, realis, atawana abstrak nyampak .
Teu ngan saukur anu daragang lukisan, di Braga ge loba seniman jalanan , Braga Street Art, remen kapanggih keur aranteng ngagambar wisatawan asing atawa domestik, harade nyareples naker jeung keureutan beungeut anu dilukisna.
Tah diantara seniman Braga Street Art aya Trisna Batara Putra. Inyana geus lila mangkalanana, ti taun 85 jadi seniman Braga Street Art, malah jadi panaratasna. Kiwari Trisna matuh boga tempat di peuntaseun Braga Citywalk, emper toko Jalan Braga No.72-70.
Kabeneran di lebah dinya aya dua toko anu geus lila teu dieusian, “Supados teu katingal sanget sareng geueuman teuing nya ku abdi dihias ku lukisan. Isin ku wisatawan anu sarumping mangkaning seueur anu ti mancanagara. Abdi mah ngiring ngaramekeun obyek wisata kota Bandung we misina ge, “ Ceuk Trisna bari kaprak – keprek dadasar, rap-rap nerap-nerapkeun lukisan dina sarigsig panto toko, geus kitu ngaluarkeun aki motor laju dipasangan kabel, cle nece kana korsi plastik ngagantungkeun lampu, bray hurung, sok sanajan ukur reyem-reyem tapi cukup keur nyaangan sakabeh karya lukisna.

Memang matuh sok pasosore atawa bada magrib dadasarna.
Trisna memang muka jasa ngalukis, ti mimiti ngagambar pameunteu /wajah, karikatur, silhuet, ngalukis kaos, ngalukis awak ( boddy painting), ngabatik, sagala lukisan bisa cenah ge. Khusus batik mah kalan-kalan sok ngogan tukang ngabatik sina demo ngabatik ku canting (workshop) di tempatna. Atuh pada ngalalajoan, pada ngaapresiasi cenah ge ku wisatawan anu lalar liwat di Jalan Braga, utamana ku turis asing.
Ari Trisna mah seseringna ngalukis wajah cenah ge, payu pisan, loba wisatawan anu hayang digambar pameunteuna ku inyana. Nyieun sketsa wajahna geus ahli, tinggal diuk 5 menit ge langsung jadi. Anu geus digambar pameunteuna lain jalma samanea aya Ikang fauzi- Marisa Haque (kiwari Suargi), Rieke Diah Pitaloka (Oneng), Didi Petet (Suargi), artis –artis taun 80-90-an kitu deui artis-artis katompernakeun anu kungsi lalar liwat ka Braga mah geus digambar ku inyana.
“Alhamdulilah dina sadidintenna teh tara sepi, aya wae anu hoyong dilukis ku abdi, berekah kekengingan ge undak. Saha wae anu berkarya di Braga pasti kekenginganana ngaronjat, “ cenah ge bungaheun.
Jadi pelukis di Braga mah matak betah cenah ge, teu kasengker ku waktu, rek buka atawa henteu, bebas, teu dines/pormal kawas di galeri.
“Bebas di dieu mah, janten pami aya padamelnan nu sanes di luar teh abdi langkung laluasa ngagarapna. Jadi kabebasan nomer hiji. Margi ku ayana kabebasan, kreativitas ge tambih undak, langkung asak, janten otomatis kualitas karya ge tambih ningkat,” cenah ge.
Jadi tugas seniman jalanan mah, ceuk Trisna, nyiptakeun rohangan publik, dimana aya lahan kosong langsung dipake jadi tempat berkarya sarta langsung diapresiasi ku wisatawan jeung masarakat. Contona di Jalan Braga, ku sabab geus jadi branding internasional salaku jalan intelek anu boga riawayat sajarah anu panjang jeung pinuh ku karya seni, atuh pada ngajugjugan ku konsumen seni kelas handap jeung kelas luhur ti sakuliah daerah jeung dunya, saluyu jeung ajen karya senina anu aya di Braga. Konsumen anu rek meuli lukisan di Braga ge bisa langsung interaksi sarta transaksi jeung senimanna tanpa parantara.

Braga anu geus kawentar ka sakuliah jagat teh ceuk Trisna memang tacan dikokolakeun sacara daria ku pamarentah anu aya pakaitna jeung seni-budaya- pariwisata.
“Abdi di dieu ti taun 85, nyakseni sareng ngalaman kumaha paeh-hirupna Braga. Margi panginten da kirang patareman antawis pemkot, dinas parawisata, pengusaha seni sareng senimanna. Kirang sinergis teu sapertos di Bali sareng di Yogya. Pasilitas kanggo seniman di dieu mah sarwa kawatesanan, taya display kanggo majang karya, taya penerangan, taya cai kanggo ngumbah koas / canting. Duka iraha urang sapertos Yogya, ah mung saukur dina impenan. Padahal upami potensi seni di Braga dikokolakeun sacara daria, bakal ngahasilkeun PAD (Pendapatan Asli Daerah) kanggo pemkot, “ Ceuk Trisna
Lamun dibandingkeun jeung kahirupan seniman di Malaya jeung nagara lianna basa inyana ngalanglang ka ditu, asa jauh tanggah ka langit cenah ge, seniman di urang kurang diajenan. Di nagara batur mah seniman jeung karyana bisa ngahasilkeun devisa keur nagara. Di urang ge bisa cenah ge asal dikokolakeun kalayan daria. Dibantuan sagala kaperluanana.
Tapi ceuk Trisna, kawasna bantuan mah aya eta ge ti pamarentah teh, tapi pangajinna teu saluyu jeung kabutuh para pagawe seni, “ Saleresna pami leres-leres bade merhatoskeun mah teu kedah ngantos proposal ti seniman anu seusueurna numpuk di kantor bari teu dibaca-baca acan. Sareng saleresna seueur para pajabat dinas terkait anu pulang-anting ka jalan Braga tapi eh hare-hare we. Untung we para wisatawan seueur anu ngaapresaisi sareng ngajen kana perjuangan para pekerja seni di Braga, “ Ceuk Trisna humandeuar.

Trisna salaku pekerja seni jeung panaratas Komunitas BSA (Braga Street Art), miharep aya porum anu dieusi ku dinas parawisata, palaku seni, jeung pangusaha-pangusaha seni keur nyawalakeun kamekaran jeung lajuninglaku kasenian sangkan aya kontribusina ka masarakat jeung pamarentah. Ku kituna kudu aya koordinator, aya tim kerjana. Trisna ge daek cenah kalayan tanpa pamrih, demi hirup-huripna kasenian jeung seniman di kota Bandung.
Anak Kolong trah Sukaraja 2 Husein Sastranegara kalahiran Bandung 28 November 1966 anu sok ngantor di Jl. Dalem Kaum 71 jeung Jalan Braga 70 ieu ge, cumeluk ka patugs Satpol PP sangkan telik nyeleksi mana musisi jeung tukang ngamen. Ulah nepi ka aya musisi nu keur unjuk kabisa bari diapresiasi ku wisatawan mancanagara dibuburak.
“Saena mah kedah tiasa ngabentenkeun mana musisi anu tiasa ngondang wisatawan ka urang sareng musisi / pengamen anu ngaganggu wisatawan. Tapi Alhamdulillah sabada diseleksi ku abdi para musisi tiasa ngahibur para wisatawan anu sumping ka Jalan Baraga, “ ceuk Trisna mungkas wangkongan.
De’ KOBOY BRAGA Wadah Kreativitas Seni-Budaya Urang Bandung
Lian ti jadi pusat perdagangan, di Jalan Braga sok remen diayakeun hiburan-hiburan musik. Tah diantarana aya anu nyentrik nyaeta musik komunitas De’ Koboy Braga, anu ku urang bisa kasaksen unggal poe Saptu ti tabuh 4 sore nepi ka tabuh 10 peuting, di Taman Braga- hareupeun Bank Jabar – Banten (bjb).
Sok sanajan anggotana marake topi koboy, dirompi jeung make baju cele (kumaha wae koboy di Amerika) tapi dina mawakeun lagu-laguna lain lagu-lagu koboy (country) tapi rupa-rupa aya pop, dangdut malahan pagelaran seni Sunda ge model tari, jaipongan, calung, reog, jsb, aya dipintonkeun dina panggung.

De’ Koboy Braga, ceuk salah saurang panaratasna Bah Opik Si Wartawan Sunior (Taufik M. WS), ngadeg tanggal 11 November 2022 (11/11/22). Panaratasna jeung nu ngokolakeunana lian ti Bah Opik anu ngarangkep jadi juru tulis (sekretaris), aya deui Pa Ali Subianta (Pupuhu/Ketua), jeung Bah Bawan (mantan pajabat Humas Pos- Panata Harta/Bendahara), sarta Bah Wahyu (masih dines di Disparbud Jabar- Panasehat). Anggotana we 50 urang.
“De’ Koboy Braga anu mangrupi gabungan lintas komunitas teh tujuanna hoyong ngaronjatkeun Bandung janten ikon pusat seni, wisata sareng budaya, “ kitu ceuk Bah Opik.
Saacanna ceuk Bah Opik, tema Koboy dipake kolompok sasapedahan anu asalna kagabung tina komunitas Paguyuban Sapedah Baheula Bandung (PSBB- Kang Abo) anu dina tiap Rebo sok ngayakeun acara Rebo Ulin. Tah Baraya Ulin PSBB anu geus ngayakeun acara rutin ulin 5 taun teh unikna sok marake pakean Koboy. Nya laju dimekarkeun janten De’ Koboy Braga, “ Alhamdululliah masarakat balarea nu tara sasapedahan ge seueur anu ngagabung, reresepeun we,” pokna daria.
Koboy Braga anu anggotana lintas komunitas teh aya nu resep kana seni-budaya, sasapedahan, ngagas (momotoran), jsb. Anggotana kalolobaanana pangsiunan, aya mantan pajabat PT.Pos, Dishub jsb, sakabehna ngabaur jadi dulur.
Ari tempat masamoan, ngumpul jeung ngayakeun pagelaran teh di hareupeun BJB, taman Braga (Braga Pendek). Alhamdulilah cenah pihak bjb ge atoheun ari dipake ku kagiatan anu positip mah. Kapanan tadina mah Taman Braga teh unggal malem minggu sok diparake marabok, isuk-isuk nyampak balatak botol-botol arak jeung barau hangseur deui, dipake wc umum.
Berekah cenah geus aya Koboy Braga mah teu diparake mabok deui, jeung pulisi parawisata tiap saptu dina pagelaran sok hadir ngontrol ka Taman Braga kaasup ti Kodimna, malah Pa dandim mah ningal kadariaan jeung niat hade Koboy Braga teh ngarojong pisan jeung marentahkeun Koramil sangkan milu ngaping ngajaga kaamananana.
Kitu deui rojongan ti Dinas Parawisata jeung Budaya Jawa Barat. Samalah Yayasan Pusat Kebudayan (YPK) anu kiwari jadi GPK (Gedung Pusat Kebudayaan) mere tempat keur nyimpen perlengkapan, logistik Koboy Braga. Malah dina milangkala anu mimiti (2023), pihak GPK nawaran pasilitas gedong lamun acara kahujanan jeung teu bisa nandean lobana nu lalajo. Kaasup nawaran bisi rek dipake tempat latihan jeung bisi aya karep kolaborasi jeung komunitas seni-budaya lianna anu aya dina wadah GPK.
Kitu deui Masarakat anu aya diwewengkon Jalan Braga-. Pangurus Rt/Rwna ngarojong, sok ngaharajakeun daratang, nganteur jeung nyaksian wargana anu boga bakat seni manggung dina Festival Koboy Braga.
“Alhamdulillah, seueur nu ngarojong sareng anu nuju wisata ka Braga ge raresepeun. Malah sueur turis asing anu sok ngiring ngabaur dina pagelaran.Turis mancanagara ti Iran, Korea, pokonamah tamu-tamu hotel anu aya di Braga, upami rombongan beusna ngalangkung ningal pagelaran teh wengina sok nyarusul ngahajakeun sumping, panasaraneun rupina mah ningal pagelaran Festival Koboy Braga, “ Bah Opik reueus. Tapi sakapeung mah sok bingung cenah, pagelaran tereh lekasan tapi turis asingna kakara daratang, ah sok diteruskeun we cenah ge, demi ngahormat semah.

Bah Opik miharep, utamana pamarentah kota Bandung jeung instansi anu aya pakaitna jeung seni-budaya sarta pariwisata mere pangrojong. Utamana perlengkapan panggung anu walurat keneh, anu ayeuna ge meunang rereongan meuli.
Kalan-kalan upami peralatan panggung ngadat sok nganggo speaker aktif anus ok diango dina sapedah abdi, mung daya listrikna saaya-aya da nganggo aki. Hoyongna mah masang listrik nyalira supados rineh. Eta ge PLN mah tos nyaluyuan, mung teu acan aya waragadna. Ari bjb teu tiasa masihan listrik saurna. Nya sementawis mah ku tanaga genset we kanggo listrikna, “ ceuk Bah Opik bari seuri koneng.
“Mangkaning seueur komunitas anu bade ngagabung sareng anu bade tampil sapertos ti Padepokan Seni, kitu oge grup calung, grup reog haroyong tampil, tapi teu acan kageroh margi waktosna samporet sareng pasilitas panggungna kirang. Janten kedah aya bongbolongan ti sadayana. Sareng ieu insyaAlloh sadaya anu didongengkeun ku abdi, anu nuju ditataharkeun, kapayunna bakal janten bagean destinasi wisata kota Bandung, “ Ceuk Bah Opik tandes.
*******
Judul: Dongeng ti Jalan Braga, Seniman Braga Bisa Ngaronjatkeun PAD Kota Bandung
Jurnalis: Asep GP
Editor: Prof. Chye