MajmusSunda, Bandung, 02/03/2026 – Sajak judulna “Lemah Katalangsara” jeung “Budak Jalanan” diserat ku: Régia Dwi Ariana. Asal ti Kuningan, Jawa Barat, mahasiswa semester 2 Prodi Pendidikan Bahasa Sunda UPI entragan 2025.
LEMAH KATALANGSARA
Ngémploh sawah satungtung deuleu
Cai nyusu hérang canémbrang
Hiliwir angin mawa seungitna kembang
Di dieu dina lahunan lemah Priangan,
Kuring nyampaykeun kadeudeuh
Muntang kana dahan-dahan harepan
Saméméh angin puyuh ngarurud mawa tunggara
Kuring neuteup pinuh kasedih
Kuring neuteup
manéhna nugaran beuteung gunung
Éndahna lembur geus tumpur
Tutuwuhan dituar nepi ka gundul
Taya deui suruwukna lauk, caina baleuy ngagedod
jeung bangké-bangké palid nu letek ku dosa
Duh manusa,
naha bet téga mirusa alam?
Rénghap gunung beuki rungsing
Rungkun-rungkun jempling leungitan asih
Mungkas hariring ku jemplingna peuting
Deudeuh…
Lembur téh kiwari salin rupa
Tangtungan nu nandang tunggara
Bandung, 26 Fébruari 2026
BUDAK JALANAN
Di Parapatan manéhna nyampaykeun harepan,
ngadu wirahma gitar jeung raména sora kandaraan,
Nadah sésa kadeudeuh tina jandéla nu ditutupkeun,
Baju kuleuheu jadi saksi tina kasangsaraan,
Néangan cahya keur nambal peurihna kaayaan
Waktu layung mimiti poék,
masrahkeun raga dina tiisna jalanan,
Ngalungsar luhureun kardus taya panyalindungan,
Diajar tina susahna kahirupan,
Cisoca mudal nyaritakeun kasedih,
Béntang, iraha bagja datang?
Bandung, 26 Fébruari 2026

*****












