MajmusSunda News, Senin (28/09/2026) – Artikel Berjudul “MMS Nu Ngajenggleng” ini ditulis Oleh : Ernawan S Koesoemaatmadja/Pensiunan Guru Toge. Penulis merupakan Pinisepuh Pamangku Sunda/ Majelis Musyawarah Sunda, di dunia Industri (Textile, Bank, Perkebunan) pernah menjadi GM. Finance, GM.HRD, dan Direktur HRD di Rumah Sakit. Di dunia Pendidikan pernah menjadi Wakil Rektor Bid. Kemahasiswaan & Alumni, Wakil Rektor Bid. Sumberdaya dan Legal.
Ngalantung sariak layung.
Ngabrangbrangkeun ati pusing.
Kapusing rea kamelang.
Kamelang seueur kaeling.
Eling yen geus tereh mulang.
Mulang ka saha nya ngeumbing.
Cocobi Gusti nu Agung.
Ki Sunda nandangan gering.
Maleukmeuk ilang dangiang.
Bongan sok kurang kaeling.
Kurang ngaraksa ngariksa.
Warisan ti Nini Aki.
Kudu ngarasa kaduhung.
Naon jasa seuweu siwi.
Wedalan Sanghyang Larang.
Karuhun marenta bukti.
Lain ngan dog dag sawala.
Rebut balung tanpa eusi.
Naon anu digugulung.
Kotektak ulah rek cicing.
Omat rek bangbang kolentang.
Kudu daek ngahariring.
Ngahariring lain tembang.
Mukakeun sugrining wening.
Pipikiran nyemprung mangprung.
Jeung mega pairing iring.
Ngajajah di Alam padang.
Tanah Sunda nu Dumeling.
Hate cus cos sumoreang.
Ki Sunda boa rek prangpring.
Bale Bandung asa suwung.
Pancaniti sepi jempling.
Padjadjaran Parahyang.
Timbanganten teu ngajirim.
Galuh nu jadi galeuhna.
Leungit lir beurang ku peuting.
Ki Sunda kamana suwung.
Sare tibra tibra teuing.
Kapan MMS geus datang.
Siliwangi malih warni.
Ayeuna SUNDA sing midang.
Ulah kajongjonan teuing.
=====00000=====
***
Judul: MMS Nu Ngajenggleng
Penulis: Ernawan S Koesoemaatmadja
Editor: Raka Alvaro Triputra












