MajmusSunda News, Kota Bandung, 30/01/2026 – Carpon judulna “Alégori Paguneman Galih” diserat ku: Afta Fasya., asal ti Kota Bogor, Jawa Barat, status mahasiswa semester 4 Prodi Pendidikan Bahasa Sunda UPI.
Di lembur katémbong rariweuh, nu keur careurik, nu lalumpatan mawa harta banda, nu néangan kulawargana, kabéh nalangsa. Lembur nu biasana ayem tingtrim téh geus jadi kuburan keur jalma-jalma nu teu baroga dosa. Kai-kai nu kuduna aya di leuweung téh geus asup ka padukuhan. Lain ku sabab dijadikeun hiji wangunan, tapi kabawa caah ti girang.
“Kuring mah teu apal bakal palid ka dieu,” ceuk kai nu neunggar imah batur.
“Nya kumaha deui, kapan urang mah teu bisa kukumaha,” kai séjén némbalan.
“Pédah dibawa cai wé euy ieu mah jeung taneuh nu urug,” kai nu di peuntaseun ngilu ngawangkong.
“Di dinya ti mana? Geuning kabawa ogé.”
“Mimitina mah kuring gé sarua siga maranéh, asalna ti leuweung. Ngan ujug-ujug wé aya nu nyabet awak kuring. Barang hudang téh horéng geus kabawa caah.”
“Kéla héy, maranéh rék nyalahkeun cai?” kai nu mimiti muka omongan téh némbalan deui.
“Heueuh, ari kitu rék nyalahkeun saha deui atuh?”
“Deuleu ituh, cai gé keur ceurik!”
“Éta geura heueuh, naha di dinya ceurik, cai? Rumasa diomongkeun meureun, nya?”
Pok cai bari segruk ngalimba ku leutak, “Réhé! Sia kabéh nyaho naon? Lain aing nu hayang ka dieu téh, lamun aing bisa ngadalikeun mah, aing gé hayangna ka dayeuh.”
Sakedapan jempé, tuluy kai nu neunggar wangunan imah téh ngalahir deui.
“Geus, répéh montong dipikiran! Kuring gé sarua nalangsana ningali imah daroyong, wangunan raruksak kateunggar ku kuring. Leuheung mun euweuh jelemaan, ieu mah jelema teu tuah teu dosa gé milu kababawa.”
“Tah, éta nu dirasakeun ku Aing téh, jalma-jalma nu hirupna susah, dahar kudu digawé heula ti isuk jedur nepi ka soré jedér, gajihna gé ngan mahi jang dahar sapopoé. Kari-kari ayeuna ku urang dibawa caah, ngarasa dosa aing mah.”
“Heueuh nya euy, ari geus kieu. Saha nu kudu disalahkeun?” Ceuk Kai nu di peuntaseun.
“Duka, anu nuar urang kitu?” Ceuk Kai séjénna
“Teu hayang nyalahkeun sasaha Aing mah. Ngan, kahayang mah lain ka lembur, tapi ka gedong-gedong anu luhur, anu dicicingan ku jalma-jalma nu nyarekel duit batur. Jeung deui hayang keuna ka jalma-jalma nu kasohor,” ceuk cai.
“Harrr, jalma-jalma kasohor téh kawas Jépri Nikol, Anya Géraldin, Dépina karamoy, lain?”
“Lain! Tapi jalma nu kasohor sabab cenah jangji bakal ngaraharjakeun rahayat, tapi teu bukti. Enya ku jangji MBG mah, tapi naha enya éta téh geus hadé? Geuning kabuktianana loba nu karacunan, kadaharan nu kuduna nyéhatkeun téh kalah jadi baruang. Sok sanajan cenah éta téh oknum, tapi naha nepi ka ayeuna can bérés kénéh waé? Rayat téh kalah beuki sangsara, nu balangsak beuki balangsak, nu beunghar beuki beunghar. Tah jalma anu kitu nu ku kuring hayang dibawa caah téh, kawas Ahmad Prabowo.”
“Emh atuh éta mah, pohara kasohorna.”
Kai anu dipeuntaseun milu némbalan, “Tapi cenah éta MBG jadi muka lawang pagawéan keur pangangguran, jeung deuih gajihna lumayan.”
Pok Cai ngawalon, “Enya, alus lebah dinyana mah. Tapi, naha atuh guru-guru gajihna leuwih leutik? Kapan anggaran keur MBG téh nyocéng anggaran pendidikan ogé. Sakola mah tetep bisa lumangsung tanpa ayana MBG gé, tapi sakola tanpa guru moal bisa kalaksana. Kabéh élmu téh moal katurunkeun lamun euweuh guruna mah. Kabéh jelema gé moal bisa nanaon mun euweuh guru mah!”
Kabéh caricing, ngimpleng dina mangsa nu kalarung. Basa maranéhna hirup di leuweung. Ayeuna lamun arék balik deui ka leuweung téh taya harepan, sabab cenah tempat maranéhna rék dicicingan ku si Sawit. Padahal leuweung moal bisa disaruakeun jeung Sawit, leuweung miboga siklus nutrisi nu leuwih hadé. Lamun Sawit nu monokultur ngagantikeun leuweung, manéhna moal bisa nyugemakeun taneuh nepi taneuh téh teu subur deui. Antukna mikroorganisme jeung baktéri nu hadé téh jumlahna leuwih saeutik.
Jeung saupama kajadian, Sawit ngagantikeun imah si Kai. Balukarna bakal méré résiko banjir jeung urug nu leuwih gedé. Sabab Sawit naékkeun dua puluh hiji persén jeung sendimentasi tujuh welas persén tibatan leuweung
Kabéh nalangsa. Pon kitu deui rahayat nu ngarungsi, maranéhna bakal inget kana kawasana pangéran. Hiji hal téh bakal karasa ni’matna lamun geus euweuh. Tapi henteu keur jalma-jalma nu teu aréling, ma’siat téh kalah beuki maceuh, alam dunya beuki ripuh, sedengkeun nu ibadah beuki euweuh.
“Enya, kuduna ku ayana kajadian kieu téh manusa aréling,” ceuk kai nu di peuntas
“Ayeuna mah kuring ngarti naha cai mawa kuring ngasruk ka lembur, naha kuring kudu dihijikeun jeung maranéh kabéh.”
“Kumaha kitu?”
“Pangéran téh nyaah ka mahlukna, Anjeunna ngajadikeun urang salaku pangéling manusa. Lamun téa mah jalma nu keuna ku cocoba sabar, tangtu Pangéran bakal ngangkat darajatna. Tapi, lamun maranéhna baha jeung aral, Gusti Allah bakal méré cocoba anu leuwih ti kieu.”
Di kota, kadéngé sora dar-dér-dor ti ditu ti dieu. Langit tinggurilap ku sawatara seuneu. Sedengkeun di lembur, sora budak leutik ceurik ngajerit maratan langit sabab kabulusan jeung kalaparan disimbutan ku petengna peuting pabaru 2026.
Luhur genténg Kadaton Néglasari, 1 Januari 2026
******













