Lulusan ISBI Bandung jadi “Agent of Change” Pemajuan Kebudayaan

ISBI Bandung Saampar Jabar - ISBI Bandung Ngajomantara

Lulusan ISBI Bandung siap jadi agen Pemajuan Kebudayaan (Foto: Asep GP)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Sabtu (3/5/2025) – Menteri Kebudayaan Fadli Zon kungsi netelakeun dina Orasi Kabudayaan  Peluncuran Aplikasi Gapura.org (Gala Pustaka Nusantara) di Perpustakaan Ajip Rosidi, (28/4/2025),  Indonesia  beunghar budayana . Lamun dibandingkeun jeung nagara-nagara sadunya moal aya anu mapakan Indonesia dina hal kabeungharan budayana.

Mimiti ti Aceh nepi ka Papua (ti Sabang nepi ka Merauke),  ekpersi budaya urang kacida beurat beungharna sarta warna-warna. Boh ekpresi budaya tina hal manuskrip, ritus, ekpresi seni kayaning seni pintonan,  seni tari,   musik,  seni soara , seni tradisi, luar biasa! Tarian sareng alat musik ti Jawa Barat wae kapanan seueur pisan ragamna,” pokna reueus pisan.

Wisuda ISBI sok direuah-reuah ku Seni Tradisi (Foto: Istimewa)

Tah saur Pa Menteri, harta banda anu  luar biasa ieu teh  kudu jadi Aset Nasional. Sabab Budaya estu mangrupa aset nasional urang anu moal beak-beak sustainable(berkelanjutan), sejen deui jeung SDA (Sumber Daya Alam) kayaning mineral, minyak bumi, batu bara, nikel, jsb, anu ku urang anu salila ieu dianggap jadi kokojo aset nasional,  bakal beak, koredas  lamun terus-terusan dikali, ditambang, diekslporasi.

Ku kituna Pa Menteri teu weleh peupeujeuh ka  balarea jeung ka para pangagung daerah, ulah ngamomorekeun budaya,  tapi budaya kudu dipernahkeun panghareupna. Sarta Pemajuan Kebudayaan kudu dijadikeun kawijakan di tingkat proivinsi, kabupaten/kota, jsb.

Sapamadegan jeung hal eta, Rektor Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI ) Bandung, Dr. Retno Dwimarwati, S.Sen., M.Hum, nyebatkeun, “Satemenna Indonesia teh nagara Adibudaya, nya ku  seni – budaya urang ngamilik kakuatan berdaya saing di kancah internasional.”

Rektor ISBI Retno Dwimawati,  Indonesia Nagara Adibudaya (Foto: Istimewa)

Hal eta ditandeskeun  Rektor ISBI Bandung, dina prosesi Sidang Terbuka Senat Akademik – Wisuda ISBI Periode Semester Genap Tahun Akademik 2024/2025 poe Saptu, (3/5/2025) di  Gedung Kesenian Sunan Ambu, ISBI Bandung Jl.Buah Batu No.212 Kota Bandung. ISBI Bandung harita ngistrenan 124 Wisudawan ti Program D3 (Diploma), S1 (Sarjana), Sarjana Terapan (D4),  jeung Program Magister (S2).

Rektor ISBI Bandung dina pangbageana umajak ka  para wisudawan sangkan terus berkarya jeung berkontribusi dina widang  seni, budaya, ekonomi kreatip, jeung pariwisata, minangka  wujud nyata tina Pemajuan Kebudayaan Nasional. Ku sumanget “Ngajomantara”, lulusan ISBI Bandung dipiharep jadi agen parobahan (agent of change) anu siap ngaraeh mangsa hareup,  ngarumat ajen-inajen budaya, jeung sanggup bersaing di tingkat global.

Mugia metode pangajaran anu disuprih  di ISBI Bandung jadi peso bedah dina ngajalankeun gawe kamaslahatan di masarakat.

“ISBI yakin para wisudawan /wisudawati  tos tapis dina kasenian – kabudayaan. Ayeuna pengkuhkeun niat  seja ngamalkeun elmu ka masarakat, ngabdi diri demi kamajuan bangsa & Nagara,” kitu peupeujeuh rektor.

Rektor ISBI Retno Dwimawati & Warek Indra Ridwan,  peran ISBI kedah kaala mangpaatna ku masarakat  (Foto: Istimewa)

Rektor ge ngingetkeun, yen urang geus boga  payung hukum, Undang – Undang No. 5 Tahun 2017  ngeunaan Pemajuan Kebudayaan, ku kituna para alumni bisa milu aub jadi kontributor kabudayaan. Lian ti eta aya widang Ekonomi Kreatif  anu loba ngahasikeun devisa nagara, anu dijerona ngawengku 17 sub sektor, anu dikokojokeun ku pamarentah. Ku kituna, “ Para alumni tiasa janten agen/kontributor penting dina  widang kabudayaan, ekonomi, & industri kreatif, sarta pariwisata. Sadaya ieu mangrupi  lahan padamelan kanggo para alumni, “ pokna tandes.

Rektor ge talatah sangkan  para lulusan ngamangpaatkan tenolohi digital, kudu beunta tehnolohi. Sabab dina mangsa kiwari satemenna lahan pagawean teh ngalayah  saluyu jeung kamekaran zaman, tinggal urang daekna jeung motekar.

Dina hal ieu  ISBI Bandung ceuyah ku  aktivitas seni-budaya jeung konten anu bisa ngigelan zaman dina zaman digital. ISBI Bandung nyadiakeun portal ensiklopedia Seni pintonan Jawa Barat, “Si Budi, Si Wati”,  para alumni bisa jadi palaku utama dina kegiatan ieu.

“Indonesia teh nagara Adibudaya, ngan ku  seni budaya urang tiasa mapakan nagara-nagara lianna  di kancah internasional. ISBI Ngajomantara, bakal ngawujud ku karancagean sareng kamotekaran para wisudawan. Bral geura laksanakeun, sabab satemenna nya hidep sadaya “agent of change” dina Pemajuan  Kebudayaan teh, “ saur bu rektor, daria pisan.

ISBI Bandung Saampar Jabar – ISBI Bandung Ngajomantara

ISBI Bandung terus tatahar jadi agen pemajuan kebudayaan, jadi kokojo panghareupna dina ngamumule budaya Sunda, sarta terus ngabina gawerukun jeung sakabeh pihak, sangkan sakabeh potensi nu aya dina hal  atikan (pendidikan), panalungtikan( penelitian), jeung pangabdian ka masarakat (Tri Dharma Perguruan Tinggi),  bener-bener karasa ngamagpaatna ku  masarakat.

Ku kituna dina hal ieu ISBI Bandung geus ngayakeun saniskara panalungtikan jeung pangapingan dina widang seni budaya di sakuliah Jawa Barat. Kaasup ngirimkeun mahasiwa KKN (Kuliah Kerja Nayata), saperti anu  lumangsung cikeneh di  Kabupaten Bandung Barat (KBB). Salah sahiji program gawena nyieun  lagu Mars 26 Desa di KBB sarta kiwari geus jadi ikon  sakabeh desa eta.

Kitu deui di Kabupaten Sumedang , anu sarua mikaheman kana  seni- budaya Sunda ,jeung Sumedang hayang jadi Puseur Budaya Sunda, ISBI  di dieu geus ngayakeun panalungtikan budaya anu hasilna seja dipasrahkeun ka pihak Kabupaten Sumedang (ngaliwatan Sanggar Pa Ono).

Oge aubna ISBI dina ngaropea jeung  ngareuah-reuah  puncak acara Milangkala Sumedang anu ka-144 (di Lapangan PPS / Pusat Pemerintahan Sumedang) anu diluuhan ku  Gupernur Jawa Barat Kang Dedi Mulyadi sarta ditapuk ku puluhan rebu panongton,  geus nembongkeun yen, “  ISBI Bandung  tiasa bersinergi sareng Jawa Barat,  ku cita-cita nyambuangkeun potensi lokal   ka kancah  internasional.” Kitu saur bu rektor, bari ngaharewos, ISBI Bandung bakal dibere lahan 13 Hektar di Kabupaten Sumedang, cenah ge.

Hal eta sapamadegan jeung pamanggih Wakil Rektor Bidang Akademik dan Kemahasiswaan ISBI Bandung,  Indra Ridwan, S.Sos., M.Sn., M.A., Ph.D, anu peupeujeuh sangkan kampus ulah kurungbatokeun, ngaisolir diri,  ukur jadi munara gading.  Tapi kudu surti jeung telik kana kabutuh  masarakat, kudu aya maangpaatna keur masyarakat , “Nya ha lieu pisan anu kedah ditedunan mah , kedah masihan bongbolongan (solusi) ka masarakat ku elmu pangaweruh hasil nyuprih ti pagurun luhur, eta anu kedah dijurung mah. Urang kedah tiasa ngarasakeun kana kabutuh masarakat, “ pokna tandes.

*******

Judul: Lulusan ISBI Bandung jadi “Agent of Change” Pemajuan Kebudayaan

Jurnalis: Asep GP

Editor: Prof Chye

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *