MajmusSunda News, Selasa (02/06/2026) – Artikel Berjudul “Kompetensi Sumberdaya Insani & Assessment Center, Pangaruhna Kana Organisasi” ini ditulis Oleh : Ernawan S Koesoemaatmadja/Pensiunan Guru Toge. Penulis merupakan Pinisepuh Pamangku Sunda/ Majelis Musyawarah Sunda, di dunia Industri (Textile,Bank, Perkebunan) pernah menjadi GM.Finance, GM.HRD, dan Direktur HRD di Rumah Sakit. Di dunia Pendidikan pernah menjadi Wakil Rektor bid.Kemahasiswaan &Alumni, Wakil Rektor bid.Sumberdaya dan Legal.
Konsep Development Cycle, konsep keur majukeun tur mateahkeun Pagawe ( Sumberdaya Insani ), make papagon Business Strategy, Quality Policy, Q.Objectives, Q.Manual, Q.Procedure jrrd, lengkah lengkah prosesna dimimitian ku tahapan :
1. Success Profile, ngaidentifikasi Profil anu kumaha tur dibutuhkeun, supaya Pagawe/ Sumberdaya Insani Sukses.( Competency Based Profile).
2.Asses & Diagnose, nyaeta nga-asses- Sumberdaya Insani, kumaha geus boga tur ngeupeul Success Profile nu dibutuhkeun atawa acan.

*3.Discuss Strengths- Development Areas*, Sumberdaya Insani atawa pagawe teh, ku Pimpinan dibere tur dibejaan ( feedback ) masalah Positif jeung nu kudu dibenerkeun, supaya manehna Binekas tur Singer.
*4. Create and Implement Development Plan*, Organisasi jeung Pimpinan, magodoskeun, netepkeun Program Pendidikan & Latihan nu sesuai, kaasup Job Enrichment atawa Task Force.
*5. Measure & Monitor Succes*, nyieun alat ukur atawa Parameter keur ngukur efektivitas hasil Latihan/ Upgrading, oge mangfaat nu panggedena nyaeta keur ngalengkah ka *Performance Management*.
Terus naon kakaitan *Development Cycle* jeung nu disebut *Assessment Center*?, Assessment Center nyaeta hiji Istilah nu netelakeun “Standar keur ngaevaluasi Perilaku/Tingkah polah keur manehna digawe, dumasar tina input sarta make tehnik nu rancage”. *Sacara umum* Assessment Center teh, hiji sistim nu terpadu/ terintegrasi tina *Tehnik Behaviour* keur ngaakses *Critical Skills*, Pangarti, kamampuan nu dibutuhkeun supaya sukses tur nyongcolang dina pagawean.
Ari *Behaviour* nyaeta hiji tindakan nu Spesifik/ khas, bisa diobervasi, ditilik, jeung dibuktikeun, sarta diidentifikasi make analisa jabatan, pandena anapon hal kritis keur kasuksesan jabatan tea.
*Kompetensi Jabatan* atawa Dimension, ngarupakeun kelompok *Perilaku/ tingkah polah* nu spesifik, bisa ditilik jeung dibuktikeun sacara Logis, diklasifikasikeun , diidentifikasi make analisa jabatan, dumasar hal kritis keur kasuksesan jabatan. Hal diluhur, gede pisan kaitanna jeung *Kompetensi Pamingpin* dina jaman Globalisasi nu Pagaliwota ku babasaan nu matak riweuh, diantarana : Partnership, Customer focus, Trust/Integrity, Innovation-Creativity, Building, Valuing Diversity, Coaching, Leading change, Aligning performance, Developing others.
Anu kudu ahli sarta serius dina ngajalankeun Assessment Center, nyaeta lengkah atawa aspek nu tong kaliwat : a.Sumberdaya Insani nu rek dinilai. b. Pengelola Assessment Center, nu ngatur jadwal, ngatur sumberdaya jrrd. c. Role player, ngabantu pengelola , *bermain peran* dina Simulasi nu dipake sarta dipraktekkeun. d.Assessor, nilik jeung ngaevaluasi proses assessment, mere nilai/ penilaian, sarta feedback hasil Assessment ka para Pamilon/ peserta.
*Sacara umum Kompetensi nu digali* dina Assessment Center, diantarana : Komunikasi, Perencanaan jeung Pengorganisasian, Pendelegasian Tugas, Coaching, Building Strategic Working relationship, Building Customer Loyalty jrrd.
*Keur ngagali* Kompetensi diluhur, bisa make sababaraha Tehnik atawa Simulasi, *biasana* :
.*In Basket Exercise.* keur ngalakukeun putusan
.*Latihan Analysis- presentation*.
.*Latihan nyusun rencana jeung jadwalna.*
.*Simulasi Interaksi*.
.Diskusi kelompok.
.Nyusun rencana Strategis.
***
Judul: Kompetensi Sumberdaya Insani & Assessment Center, Pangaruhna Kana Organisasi
Penulis: Ernawan S Koesoemaatmadja
Editor: Raka Alvaro Triputra












