MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Senen (28/4/2025) – Hal ieu dumasar ku geus kapanggihna fosil manusa purba pangkahotna Homo erectus (Manusa anu ngadegna ajeg, bangsa manusa anu geus tumpur ti genus Homo, anu ku pakar anatomi Belanda Eugene Dubois digambarkeun minangka Pithecanthropus erectus /manusa Jawa, anu fosil babatok sirah jeung tulang pingpingna kapanggih ku timna di Trinil, Kedunggalar Ngawi tahun 1890).
Tapi kalan-kalan para arkeolog urang mangmang, kurang percaya diri yen paradaban urang pangkolotna sadunya. Padahal aku we heula kapanan aya dadasar pangakuanana (klaim), kabuktian fosil-fosil manusa purba Homo erectus-Pithecanthropus erectus anu aya di satangkarak jagat ieu lolobana kapanggihna di Indonesia. Leuwih ti 100 Homo erectus-Phitecanthropus erectus anu aya di dunya, 60% na kapanggih di Indonesia, di Jawa Timur, Jawa Tengah, jeung NTT.
Kitu deui dina zaman Homo Sapien 10.000 rebu taun katukang, karuhun urang geus bisa ngaekpresikeun seni minangka bagean tina ritualna ku jalan ngagambar/ngalukis, ngawarnaan jeung mahat karya seni di guha-guha purba tempat dumukna mangsa harita. Tah karya-karya seni manusa purba anu mangrupa gambar sasatoan, cap leungeun, jalma keur moro sato, jsb, anu aya di guha-guha kayaning di Maros jeung Pangkajene, Selawesi Selatan, Sulawesi tengah, Kalimantan, Sulawesi Tenggara, Maluku jeung papua Barat teh, numutkeun para ilmuwan minangka lukisan pangkahotna di dunya (51.200 taun), leuwih kolot tibatan anu aya di Perancis.
“Janten paradaban urang teh pangkahotna, kumargi kitu kedah diguar ditalungtik dina raraga mendakan deui identitas manusa Indonesia.”
Hal eta ditetelakeun ku Menteri Kebudayaan RI Fadli Zon dina Orasi Budaya, acara Peluncuran aplikasi Gapura.org (Gala Pustaka Nusantara) di Perpustakaan Ajip Rosidi, Lt.3 Jl. Garut No.2, Kota Bandung, Senen (28/4/2025).

Acara budaya alpukahna Pusat Studi Sunda (PSS) anu temana, “Memajukan Budaya Indonesia, Merawat Pustaka Nusantara” ieu, diluuhan ku para pajabat daerah, diantarana Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan jeung Wakil Bupati Tasikmalaya Dicky Candra, Pupuhu Paguyuban Pasundan, Prof. Didi Turmudzi, Prof.Ganjar Kurnia, sarta para pajabat Jawa Barat lianna oge, oge para inohong, kaum akademisi, satrawan jeung budayawan Sunda. Acara ieu ge dina raraga mieling Konferensi Asia Afrika (KAA) anu ka-70.
Lian ti eta ceuk Pa Menteri, Indonesia ge beunghar budayana . Lamun dibandingkeun jeung nagara-nagara sadunya moal aya anu mapakan Indonesia dina hal kabeungharan budayana,” Sim kuring kalaresan kantos nganjang langkung ka 100 nagara, kasaksen taya Nagara anu langkung hebat sapertos Indonesia . Rata-rata homogen, aya eta ge anu heterogen namung da teu sapertos di urang. Cobi wae ngawitan ti Aceh dugi ka Papua (ti Sabang nepi ka Merauke), ekpersi budaya urang kacida beungharna sareng warna-warna. Boh ekpresi budaya tina sisi manuskrip, ritus, ekpresi seni kayaning seni pintonan, seni tari, musik, seni soara , seni tradisi, luar biasa! Tarian sareng alat musik ti Jawa Barat wae kapanan seueur pisan ragamna,” pokna reueus pisan.

Tah saur Pa Menteri, harta banda anu luar biasa ieu teh kudu jadi Aset Nasional. Sabab aset nasional urang ieu reremenna sok disaruakeun jeung hal-hal anu sipatna material, malah jadi heuseus, spesipik nojo kana Sumber Daya Alam (SDA) kayaning mineral, batu bara, nikel, gas, jsb. Tapi kunaon budaya tacan dijadikeun aset nasional urang.
Padahal ceuk Fadli, aset nasional urang anu moal beak-beak, anu sustainable(berkelanjutan) mah nyaeta Budaya. Beda jeung nagara deungeun anu leuwih ngajenan kana budaya jeung paradaban, Budaya teh estu ditempatkeun dina etalase panghareupna.
Ku kituna Pa Menteri teu weleh peupeujeuh balarea jeung ngageuing di sagala tempat jeung pasamoan, kaasup ka walikota Muhammad Farhan anu harita sami rawuh di Gedong Aula, Pepustakaan Ajip Rosidi, ulah ngamomorekeun budaya, budaya kudu dipernahkeun panghareupna. Sarta Pemajuan Kebudayaan kudu dijadikeun kawijakan di tingkat proivinsi, kabupaten/kota, jsb.

Menteri Fadli Zon ge ngembarkeun, aya 469 Museum disakuliah Indonesia, jeung aya museum provinsi, museum kabupaten/kota anu dikokolakeun ku swasta jeung perorangan. Pihak Kamenterian Kabudayaan kacida ngarojongna sarta nyiapkeun waragad/ dana alokasi khusus ti mimiti 1 miliyar, 1,5 miliyar, nepi ka 1 miliyar gumantung brand, jadi aya strandarisasi branding system keur museum kitu oge keur taman-taman budaya.
“Ku cara kitu mugia Museum sareng Taman Budaya anu aya di unggal provinsi, tiasa tumuwuhmekar janten kantong-kantong budaya anu nyiptakeun ekosistemna nyalira, “ ceuk Pa Menteri tandes.
Pabukon keur Ngukuhan Budaya Bangsa
Nyutat tina cariosan Bapa Pendidikan jeung Budaya, Ki Hajar Dewantara, yen “Kebudayaan adalah hasil perjuangan manusia terhadap zaman dan alam sekitarnya yang membentuk kepribadian satu bangsa,”dina hal ieu Ki Hajar Dewantara seja netelakeun yen pendidikan dan kabudayaan dua sisi mata uang yang sama. Pikeun ngawangun manusa Indonesia anu utuh urang perlu ngukuhan budaya bangsa sorangan, anu salah sahiji sumberna nyaeta teks kapustakaan .

Nya didieu ceuk menteri, pentingna urang ngaping jeung ngaaktualisasi khasanah pustaka Nusantara. Naskah-naskah buku karya sastra lokal, kamus basa daerah, tasrik sajarah, jsb, dokumenter tiap suku bangsa mangrupa rekaman tapak lacak intelektual jeung kabudayaan bangsa urang, ngan hanjakal rajakaya kabudayaan urang loba dimomorekeun.
Kamenterian kabudayaan boga komitmen ngamajukeun basa jeung literasi, sok sanajan badan bahasa kiwari aya dina pendidikan jeung kabudayaan, tapi pihak menteri kabudayaan boga tim pagawe promosi sastra jeung penguatan ekosistem sastra, nepi ka medalkeun ekosistem literasi, kaasup narjamahkeun karya-karya sastra bihari jeung kiwari, oge ngawaragadan kagiatan anu aya patalina jeung pameran-pameran literasi atawa buku-buku anu aya di luar nagri ku jalan gawerukun antara pamarentah jeung swasta, jsb.
Kitu deui kagiatan peluncuran platform Gapura.org, Pa Menteri ge kacida ngarojongna. Sabab mangrupa inisiatip keur numuwuhmekarkeun (pemajuan) budaya Indonesia. Ku penting-pentingna eta acara (budaya literasi), rengse ngaluuhan Mileing 70 tahun Konferensi Asia Afrika di Gedong Merdeka ti isuk jedur, pasosore kira-kira wanci Asar,Pa Menteri ngahajakeun rawuh ka Jalan Garut.

Sakumaha anu pada apal, Gapura.org teh, pusat data literasi jeung informasi digital anu eusina khazanah kabudayaan Nusantara. Tujuan Gapura nyaeta ngumpulkeun, ngadigitalkeun, jeung mublikasikeun artepak sajarah, manuskrip jeung koleksi budaya lianna ka masarakat.
“Sim kuring miharep kagiatan-kagiatan sapertos silaturahmi sareng wangkongan sareng seniman –budayawan anu aya di sakuliah kota ieu tiasa medalkeun kagiatan-kagiatan budaya, pemikiran-pamikiran budaya sareng karya-karya , sapertos anu kiwari seueur dihasilkeun ku sababaraha organisasi kalebet Paguyuban Pasundan, sapertos Ensiklopedi Sunda, Sastra Sunda, Media basa Sunda kalebet Pabukon (perpustakaan) kagungan Kang Ajip Rosidi ieu kalintang pentingna margi seueur ngamuat khazanah Sastra Sunda. Tangtosna ti kamenterian kabudayaan ge kalintang ngarojongna kana inisiatip-inisiatip sapertos kieu teh, margi tiasa janten kantong-kantong budaya anu ngarojong pemajuan kebudayaan,” ceuk Menteri.
Disagigireun eta pihakna ge ceuk Menteri, boga program anu aya tumalina jeung sastra lisan, tradisi lisan jeung manuskrip. Memang lamun hal rumawat, konservasi mah ayana di Arsip Nasional atawa Perpustakaan Nasional. Tapi anu pakait jeung ngamekarkeun, ngamangpaatkeun jeung diseminasi literasi mah pihak kamenterian kabudayaan boga tim promosi kagiatan sastra jeung naskah-naskah Nusantara. Upamana cikeneh pihakna geus medalkeun manuskrip atawa aksara prasasti anu aya dina tetengger-tetengger (Nisan) Aceh. Aya 2 volume anu sawatara waktu kaliwat diluncurkan dina Pameran Misykat: “Cahaya Peradaban Islam Indonesia” di Museum Nasional.
“Ka payunna, Kementrian Kebudayaan ge bade ngonservasi prasasti logam anu kapandak di urang, kitu deui prasasti-prasasti dina batu, nipah/ lontar, sjb, kalebet mugar Gunung Padang, “ kitu saur Pa Menteri Kabudayaan RI Fadli Zon, mungkas wangkongan jeung wartawan.
*******
Judul: Fadli Zon, Paradaban Indonesia Pangkahotna Sadunya
Jurnalis: Asep GP
Editor: Prof. Chye