Majmussunda.id, BAhad 26/4/26andung, . Dina dinten kamari, tos diistrénan pangurus anyar PATREM ku paraji PATREM Bu Hj. Popong Otje Djundjunan di bumina Jl. Cipaganti 128 Bandung. Istrénan digedeng ku kasepuhan Prof H. Yus Rusyana, Bu Hj. Naneng Daningsih Saini KM, sareng Pa H. Amir Suryatna (dosen Sunda manten, sobat sakelas Bu Popong). Prof. H. Ganjar Kurnia panantayung PATREM sareng Ambu Hj. Yooke Tjuparmah, teu tiasa hadir, margi nuju aya agenda nu sanés.

PATREM diadegkeun kaping 4 Nopémber 1982. Panaratas PATREM nyaéta sastrawati: Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, sareng Ami Raksanagara. Para pupuhu nu kantos mingpin PATREM nyaéta Tini Kartini, Ami Raksanagara, Naneng Daningsih, Aam Amilia, sareng Yooke Tjuparmah.
Anapon pangurus nu diistrénan: Chye Retty Isnendes (Pupuhu), Eulis Hendrayani Saputra (Wakil), Hena Sumarni (Sekretaris), Sri Teti Herawati (Bendahara), Cucu Unisah (Wakil), Tiktik Rusyani (Humas). Ieu kapangurusan téh periode kadua dina kapamingpinan pupuhu nu kiwari.

Ngaran PATREM dipasihan ku Prof. Yus Rusyana, ngalap kana pakakas cucuk gelung nu digunakeun ku Citraresmi Dyah Pitaloka nu pupus di Palagan Bubat. Anapon gambar PATREM nu aya dina cap (gambar istri digelung dimangle-malatian) éta kenging ngadesain Ibu Ami Raksanagara, garwa Prof. Yus Rusyana.
Patrem kiwari bertransformasi jadi PATREM: pena, pakakas para wanoja Sunda kiwari dina mateakeun pajamanan, milu nyerdaskeun kahirupan bangsa tina ranah literasi nu jadi salah sahiji superstruktur bangsa Sunda.*












