MajmusSunda News, Minggu (05/01/2025) – Artikel berjudul “Sunda Teh Teuleumaneun Urang Sarerea” ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., Anggota Dewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Geus Kagurnita pisan yen urang Sunda mah, ti baheulana oge geus raresep kana Seni tur budaya anu ngakar jeung Kahirupan masyarakat. Saperti tumuwuhna Kakawihan, Hahariringan patembalan Awewe jeung Lalaki mun keur Panen di sawah, waas ku ngawawaas maneh, atawa Beluk patarik tarik, oge sok Sisindiran, (Wawangsalan jeung Paparikan, Dangding ayeuna mah di Sakola oge, geus ampir dipopohokeun, matak melang).
Tah model kasus nu karek sakitu teh, kudu jadi emutan ku para Kekentong MMS (MAJELIS MUSYAWAH SUNDA) nu keur eungkeut eungkeut hayang miara kahirupan Paradaban Sunda, mun bisa sagemblengna.
Korehan, Imeutan, keupeul sing tarik lamun hal hal diluhur rek disawalakeun atawa digunem caturkeun ka Gupernur Jawa Barat, oge ka Dewan Perwakilan Rakyat Daerah ( DPRD ) Provinsi Jawa Barat, meungpeung Gegedugna dicekel ku Budayawan Sunda, Kang Bucky Wikagu.

Kumargi eta, Tutus Langkung Kepang Halang – Bobo Sapanon Carang Sapakan, sadaya pangurus Majelis Musyawarah Sunda (MMS), kedah nampi ku Kabingahan, malahmandar tiasa dialap hikmahna, kumaha kedahna urang sadaya, ngabeberes Budaya & Seni Sunda tur Kasusastraanna kangge kapayunna, supados anak Incu Buyut urang Henteu Asor Pangajenna, kumargi mopohokeun jeung kasesered ku Budaya Suku Bangsa sanes, tong dugi ka pugag atawa buntu, sanes babasan.
Parandene kitu, ku Sugri anu kapeto kapapancenan janten para Kekentong Pinisepuh, Dewan Pakar, Dewan Gawe, kedah ngarasa perlu sareng wajib ngaluarkeun Alpukah, kangge kumaha lengkahna Ngamumule Sajarah Bangsana (SUNDA), tong kagembang ku Budaya deungeun.
Alpukah sareng hasil pamikiran Gempungan MMS, Tiasa jadi Panaratas Jalan, kangge usulan ka DPRD Jabar, katut Gupernur Jabar nu anyar , tiasa diloyogkeun sareng Pajamanan ayeuna, supados ceuk babasan oge : Moal Nyaah Mun Teu Loma, Hamo Bogoh Mun Teu Wanoh, supados aya kelemengna Lengkah Lengkah munggaran MMS teh, memang teu dileuleungit yen Sakur Garapan wiwitan, hesena lain bantrak bantrakkeun.
Tapi sakur nu dieceskeun diluhur, ti Bihari tug ka Kiwari, tetep jadi Banda urang Sunda, kudu dipikaresep ku Para Nonoman Sunda, tur tetep mulasara.
***
Judul: Sunda Teh Teuleumaneun Urang Sarerea
Penulis: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja
Editor: Jumari Haryadi
Sekilas info Penulis
Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., adalah anggota Dewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS). Penulis pernah bertugas sebagai General Manager HRD, General Manager Accounting – Finance, Direktur HRM & Adm, Serta Wakil Rektor Bidang Kemahasiswaan & Alumni, Wakil Rektor Bidang Keuangan, Asset & Legal.
***