Papagon Majelis Musyawarah Sunda, Ieu Penjelasanana

Majelis Musyawarah Sunda : nyaeta perkumpulan nu miboga kasatuan tujuan nu mangfaatna positif pikeun kamaslahatan sunda, sarakan, jeung nagara dimana dinu ngokolakeunana taat kanu adab-adab bermajelis.

Jajaran Presidium Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS) usai musyawarah 1 di Unpad Ahad, (13/10/2024)

MajmusSundaNews- Papagon nyaeta aturan perkumpulan/paguyuban nu ngatur maksud, tujuan, tugas, kawajiban, oge larangan dinu para pihak ngajalankeun roda perkumpulan atanapi forum/“organisasi” Majelis Musyawarah Sunda.

Sunda atau Masyarakat Sunda nyaeta warga masyarakat nu kaiket ku ayana iketan genetis (karuhun), kasang tukang sajarah , oge iketan sosial kabudayaan (culture & sub culture) ngaliput sunda pituin, mukimin, nu aya di Provinsi Jawa Barat, Provinsi Banten, Daerah Khusus Jakarta,oge Sunda Pangumbaraan jeung Diaspora Sunda.

Majelis Musyawarah Sunda : nyaeta perkumpulan nu miboga kasatuan tujuan nu mangfaatna positif pikeun kamaslahatan sunda, sarakan, jeung nagara dimana dinu ngokolakeunana taat kanu adab-adab bermajelis.

Musyawarah Sunda/Musyawarah MMS : mangrupakeun mekanisme perkumpulan atanapi “kaorganisasian” dinu suasana demokrasi nu pinuh adab jeung pamikiran nu jernih kanggo mecahkeun/milari jalan kaluar dinu pasualan nu dibahas dinu kaitan urusan urusan penting sunda, sarakan, jeung nagara diputuskan babarengan enngoning dumasar arah pijak lengkah bijak ku para pinisepuh saatos oge dibahas sacara intelektual ku para pakar dinu bentuk kajian rekomendasi panata pikir (dewan pakar).

I.Majelis Musyawarah Sunda :

1.Majelis Musyawarah Sunda didasaran ku Pancasila sareng NKRI;

2. Majelis Musyawarah Sunda (MMS) mangrupikeun forum”/kaukus atanapi wadah tempat ngariungna urang Sunda sareng organisasi kasundaan pikeun ngamusyawarahkeun sagala hal anu dianggap penting pikeun hirup huripna Sunda pikeun kajayaan bangsa jeung nagara.

3.Majelis Musyawarah Sunda diwengku ku :“Pinisepuh”, Panata Pikir (Dewan Pakar), Panata Gawe (Dewan Gawe);

4. Majelis Musyawarah Sunda henteu mibanda “lembaga” sanés sahandapeunna; (Mangga Dibahas proyeksi kapayunna)—– atanapi dibahasa diplomatis denget ieu henteu mibanda lembaga sanes dihandapenana.

5.Majelis Musyawarah Sunda henteu ngalaksanakeun kagiatan anu sipatna praktis; (upami atas nami MMS nyumbang ka bencana alam eta disebat naon?)

6.Musyawarah Sunda diiluan ku Pinisepuh, Panata Pikir (Déwan Pakar), organisasi kasundaan sareng (tiasa ogé) ku masyarakat umum.
7.Musyawarah Sunda, dilaksanakeun sakirang-kirangna sataun sakali atanapi gumantung kana ayana masalah anukedah dimusyawarahkeun.

8.Hal-hal anu sipatna khusus atanapi ngadadak, dimusyawarahkeun diantawis presidium pinisepuh atanapi jajaran anggota pinisepuh sacara terbatas..

9.“Mung” hasil tina Musyawarah anu mangrupikeun kamandang/sikep resmi Majelis Musyawarah Sunda, Henteu aya “lembaga” sanés atanapi ”perorangan” anu tiasa nga “atas namikeun” Majelis Musyawarah Sunda dina ngadugikeun kamandangna.

10.Majelis Musyawarah Sunda dina ngalaksanakeun kagiatan sareng putusan-putusanna sifatna mandiri henteu biluk
ka Organisasi atanapi ka Partéy Pulitik manawaé.

II.Pinisepuh

Pinisepuh nyaeta tokoh-tokoh Sunda anu dianggap:

1.Parantos masagi luyu sareng widang pangabdianna

2.Nembongkeun kanyaah sareng bakti nyata ka Sunda;

3. Parantos rengse “pikeun” dirina sorangan

4.Séhat sareng nyerat kasadiaan.

Kaanggotaan Pinisepuh:

1.Anggota pinisepuh diharapkeun tiasa ngawakilan unsur-unsur Eks. Birokrat, Purnawirawan TNI, Purnawirawan Polri, Cendikiawan, Budayawan, Aktivis Sosial, Dunya Usaha, sareng anu ngagambarkeun “Katerwakilan” ti wilayah Jabar (kalebet Cirebon), Daerah Khusus Jakarta (DKJ), Banten oge tiasa ti para Pinisepuh ti Sunda Pangumbaraan sareng Diaspora Sunda.

2.Pikeun ngokolakeun sareng ngawakilan/wawakil resmi Majelis Musyawarah Sunda, pinisepuh tiasa ngadamel “Pamangku” (Presidium) anu jumlahna antawis 9-11 jalmi.

3.Pamangku dipilih ku pinisepuh diantawis para pinisepuh;

4.Lamina mangsa gawe pamangku pinisepuh nyaéta dua dugi ka tilu taun.
5.Pupuhu pamangku pinisepuh tiasa digilir diantawis anggota Pamangku salami 1 tahun sakali, dikukuhkan deui atanapi digentos saatos Musyawarah Tahunan.

6. Kaangotaan Pamangku (Presidium) sifatna kolektif kolegial, struktur pamangku boh ketua, wakil ketua, sekretaris utamina kanggo ngawakilan para pinisepuh ka jero sareng kaluar (publik)

Tugas pinisepuh:

1Ngalaksanakeun Musyawarah Taunan,

2.Ngayakeun gempungan 4 sasihan atanapi saupami aya masalah

3.Netepkeun “pamangku” pikeun janten wawakil resmi Majelis Musyawarah Sunda

4.Netepkeun atanapi ngasahkeun daftar sinareng susunan anggota Panata Pikir (Déwan Pakar) sareng Panata Gawé (Badan Pekerja) 5. Presidium Pinisepuh janten Pinisepuh nu utami ngawakilan Majelis Musyawarah Sunda dinu acara-acara publik.

III Panata Pikir (Dewan Pakar) Sareng Panata Gawe (Badan Pekerja)

Panata Pikir (Dewan Pakar)

1.Dewan pakar, nyata kempelan jalmi-jalmi anu mibanda “kapakaran” luyu sareng widang élmuna.

2. Déwan Pakar dikelompokkeun luyu sareng widang kaahlianna

3.Tugas Déwan Pakar nyaéta nyiapkeun bahan-bahan, tulisan ilmiah, sareng kajian pikeun masukan publik oge kanggo musyawarah para Pinisepuh.

4.Dina nyiapkeun bahan-bahan, seratan ilmiah, sareng kajian pikeun masukan publik oge kanggo musyawarah para Pinisepuh.musyawarah, Panata Pikir (Déwan Pakar) tiasa ngalaksankeun gempungan ku anjeun.

5. Kajian atanapi Rekomendasi Panata Pikir (Dewan Pakar) janten keputusan Majelis Musyawarah Sunda upami parantos disatujuan dinu Rapat/Musyawarah Presidium atau Musyawaarah Para Pinisepuh.

Panata Gawe (Badan Pekerja)

1.Panata gawe (Badan Pekerja), nyaeta tim anu ngarojong sagala kagiatan Dewan Pinisepuh, Panata Pikir (Dewan Pakar) sareng kagiatan musyawarah;

3.Panata Gawe (Badan Pekerja) dipingpin ku pupuhu, girang serat sareng panata harta

4.Panata Gawe (Badan Pekerja) hadir di publik mung dinu raraga urusan administratif Majelis Musyawarah Sunda, teu aya hak kanggo ngatas namikeun keputusan Majelis Musyawarah Sunda.

5.Sekretariat Majelis Musyawarah Sunda mangrupakeun tempat kanggo Panata Gawe (Badan Pekerja) ngalakukeun tindakan administratif nu tempatna ditangtoskeun ku Presidium Piniseouh.

III.Waragad

Waragad pikeun ngalaksanakeun sadaya kagiatan Majelis Musyawarah Sunda, dikempelkeun tina sumbangan sareng bantosan anu henteu “ngiket” sareng mangaruhan kana hasil Musyawarah.

Papagon ieu disahkeun dinu Musyawarah Munggaran Majelis Musyawarah Sunda, Minggu, 13 Oktober 2024 di Lt-4 Gedung II Universitas Padjadjaran Jl. Dipati Ukur No. 35 Bandung, tiasa dilakukan perobihan dinu Musyawarah Para Pinisepuh utamina dinu Musyawarah Tahunan Majelis Musyawarah Sunda.

Dipati Ukur 35, Bandung , 13 Desember 2024

Musyawarah Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda

1.Prof Dr Ir. Ganjar Kurnia, M.ED

2.Laksamana TNI (Purn) Dr. Ade Supandi, SE, M.AP.

3.Dindin S. Maolani, SH

4.Irjen Pol (Purn) Taufiequrahman Ruki, SH

5.H. Zainudin, SH, MH (Bang H. Oding)

6.Dr. Ir. Cahyana Ahmadjayadi

7.Prof Dr M. Solehudin, M.Pd, MA

8.Dr. KH. Abun Bunyamin

9.Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, S.Psi, MBA

10.Rd. H. Holil Aksan Umarzein

11.Prof Dr Dadang Kahmad

12.Mayjen TNI (Purn) Deni K Irawan

13.Mayjen TNI (Purn) Tatang Zaenudin

14.Dr. Hj. R. Ella M. Girikomala

15.Hendi Konacara Garnita

16.Hj. Halimah Munawir

17.Dr. Ety RS

18.Dr. Indra Perwira, SH, MH

Judul: Papagon Majelis Musyawarah Sunda, Ieu Penjelasanana
Editor: Agung Ilham Setiadi

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *