MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Senen (5/5/2025) – Hal eta minangka bentuk implementasi kampus anu mere dampak nyata keur masarakat, Universitas Padjadjaran boga komitmen milu aub ngaronjatkeun karaharjaan masarakat ku jalan ngundakkeun layanan kasehatan di Kabupaten Garut.
Kitu ceuk Rektor Unpad, Prof. Arief Sjamsulaksan Kartasasmita, nalika masamoan jeung Bupati Kabupaten Garut, Abdusy Syakur Amin, di Rohangan Pamengkang Pendopo Kabupaten Garut, Senen (5/5/2025).
Ku kituna Rektor miharep aya gawerukun anu raket antara Unpad jeung Pamarentah Kabupaten Garut dina numuwuhmekarkeun kampus Unpad anu aya di Kabupaten Garut. Kampus Unpad Garut ceuk rektor, kiwari digunakeun keur caregiver jeung Keperawatan, keur ngaronjatkeun kompetensi masarakat jeung ngundakkeun layanan kasehatan di wewengkon Swiss van Java .
“Lengkah Unpad bakal dikawitan tina hal-hal anu utami, salah sawiosna dina widang layanan kasehatan anu langkung daria deui. Janten insya Alloh sakedap deui Unpad sareng Pemkab Garut bakal badanten dina enggoning ngaronjatkeun layanan kasehatan di Garut, utamina dina nurunkeun angka pupusna murangkalih sareng biangna, “ ceuk rektor daria.
Lian ti kitu, rektor ge boga komitmen mantuan program pamarentah, ngundakkeun jumlah dokter spesialis nu aya di Kabupaten Garut, sangkan bisa mere layanan kasehatan anu maksimal keur masarakat.
Rektor miharep satutasna pasamoan ieu, Unpad jeung Pemkab Garut bisa langsung ngawujudkeun hal-hal anu geus dibadamikeun.
“Unpad miharep kapayunna patareman gawerukun sareng Garut ieu aya lajuninglakuna sareng tiasa tereh-tereh ngalaksanakeun kana naon anu parantos dibadantenkeun, “ kitu ceuk Rektor.
Gawe rukun ieu meunang pangbagea anu pohara ti Bupati Garut, “ Ditampi kalayan kabingahan, Unpad tos maparin solusi tina karerepet. Hatur nuhun, hal ieu mangrupi buktos yen Unpad kampus anu berdampak, aya mangpaatna kanggo masarakat, sapertos ayeuna Unpad masihan longkrang ngayakeun gawerukun antawis paguron luhur sareng pamarentah kabupaten, “ pokna bingaheun.
*******
Judul: Unpad Siap Mantuan Ngaronjatkeun Layanan Kasehatan di Kabupaten Garut
Jurnalis: Asep GP
Editor: Prof Chye