Aya ku Bageur Wali Kota Skagen

Diserat ku Prof. Agus Pakpahan

Kota Skagen, Denmark
Ilustrasi: Kota Skagen, Denmark - (Sumber: Flickr.com)

MajmusSunda News, Rubrik Artikel/Opini/Esai, Kamis (05/12/2024) – Artikel berjudul Aya ku Bageur Wali Kota Skagen ini ditulis oleh: Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Rektor IKOPIN University dan Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan, Majelis Musyawarah Sunda (MMS).

Kuring boga pangalaman anu rek dicaritakeun di dieu, mangrupa pangalaman anu jigana moal bakal kaalaman deui saumur hirup kahareup, nyaeta pangalaman rombongan ti Indonesia anu ngalaksanakeun kunjungan gawe ka Denmark, hususna ka kota Skagen, diaanteur langsung ku Wali Kota Skagen ka tempat-tempat anu didatangan. Meureun lain manehna euweuh pagawean ngan teuing sababna mani bageur kitu, kuring salaku pingpinan rombongan teu wani nanyakeun. Ngan kitu bae buktina, kersaning Gusti Alloh Swt.

Kota Skagen kaasup bagian ti Frederikshavn Municipality, bagian kaler wilayah Denmark. Mun teu salah mah kota ieu lokasina ampir 60° lintang kaler. Ku lantaran kitu, basa kuring jeung rombongan datang di Skagen bulan Oktober 1996 hawa geus tiris pisan. Ma’lum rombongan asalna ti daerah panas ayeuna aya di daerah geus deukeut ka kutub kaler tangtuna teu biasa ku hawa anu tirisna kabina-bina. Sakabeh rombongan ngahodhod kawas budak anu kabulusan saentas sapopoe ulin huhujanan.

Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S.,
Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Penulis – (Sumber: sawitsetara.co)

Pa Wali Kota harita,  Mr. Erik Sorenson, surti pisan nempo rombongan anu kabulusan, padahal poe beurang keneh, kakara jam 2-an beurang. Tapi panon poe geus kawas rek sareupna di urang. Bulan Oktober padahal mah can kaasup usum winter tapi di sakuriling urang ukur salju jeung salju. Bulan Oktober masih kaasup usum gugur waktuna sakabeh daun dina tatangkalan morolok marurag ngampar dina taneuh. Tatangkalan ngarangrangan kajabai tatangkalan anu daunna kawas jarum saperti tangkal pinus.

“Marry, urang anteur ieu rombongan ka toko jaket heula, karunya bisi maranehna jadi es,” pok Pa Wali Kota ka Marry, patugas ti dinas perikanan lamun di urang mah, bari heureuy. Majarkeun teh bisi urang jadi patung es. Marry ditugaskan jadi pangaping rombongan kunjungan gawe salila di Denmark.

“Sakalian jalan-jalan, aranjeun hayang meuli jaket naon? Di dieu jaket kulitna alus jeung hargana rada miring,” ceuk Pa Wali Kota nerangkeun sekalian ngiklankeun yen jaket kulit buatan Dermark kualitasna alus jeung hargana rada murah.

“Ka toko jaket kulit Pa Wali?,”  dua belas urang rombongan nembalan tumanya kawas ngalagukeun dina tembang rampak sekar  bari katempo barungaheun pisan.

“Hebat euy urang rek balanja jaket kulit, anu nganteurna Pa Walikota. Mun di nagara urang mah pasti moal ngalaman kieu,” salah saurang anggota rombongan nyorakeun eusi hatena. Bener pisan anu diucapkeun ku manehna.

Rombongan arasup ka jero beus. Beus na mani alus pisan, bersih, jeung lalega. Pa Wali Kota oge asup ka jero beus tapi teu diuk dina korsi. Pa Wali Kota nangtung bari nyekel sepiker persis saperti juru bingbing wisatawan.

Skagen, Denmark
Ilustrasi: Salah satu sudut Kota Skagen, Denmark – (Sumber: blogger.googleusercontent.com)

Pok Pa Wali Kota kieu:” Ayeuna urang ka toko jaket heula. Ulah lila teuing milih, nya, lantaran urang bakal ngadatangan tempat istimewa di kota Skagen, nyaeta sumber gas bio anu dihasilkan tina ngolah limbah eusi peujit lauk salmon,” Pa Wali Kota ngumumkeun yen urang ulah lila teuing di toko jaket.

Toko jaketna alus, standar toko pakean di Denmark. Rupa-rupa model jaket kulit aya di dinya. Kulitna kulit asli jeung alus. Rombongan mareuli jaket. Aya oge anu meuli keur sakalian keur oleh-oleh. Kuring oge meuli hiji jaket kulit anu potongan na kawas jubah. Pikir kuring keur sakalian upama aya waktu jalan-jalan ka Michigan anu kasohor winterna kacida tirisna.

“Hayu Tuan-tuan, urang miang deui,” Pa Wali Kota nyalukan rombongan. Kabeh nurut eureun milih jaket, kabeh antri rek mayar.

“Ke sakedap kuring rek nanyakeun heula ka bank sentral sabaraha jam ayeuna harga tukeur dollar Amerika Serikat jeung Kroner Denmark ,” kasir toko ngabejaan manehna rek nanyakeun heula ka bank sentral.  Jero hate kuring ngaharewos yen bener geuningan bangsa Denmark teh jujur nepikeun ka nanyakeun heula sabaraha harga duit dollar Amerika Serikat dibandingkeun jeung Kroner Denmark.

“Pa Wali, punten ieu aya hadiah kanggo Pa Wali. Pa Wali tos nyumpingkeun pelanggan anyar,” ceuk palayan toko bari seuri. Terus manehna mikeun kaos kaki ka Pa Wali Kota.

“Wow. Terima kasih,” ceuk Pa Wali Kota bari seuri oge. Kuring jeung rombongan anu nyaksian eta kajadian ngarasa kagum ka eta budaya silih hargaan antara Wali Kota jeung palayan toko. Kawasna di budaya urang moal manggih budaya hubungan anu kawas kitu.

“Engke aranjeun bakal nempo langsung pabrik gas bio anu asalna tina beuteung lauk salmon,” Pa Wali Kota mimiti ngajelaskeun pabrik biogas. Teu kungsi lila rombongan nepi ka tujuan.

Pabrik gas bio anu ngolah eusi beuteung lauk salmon teh aya di sisi laut. Kapal lauk sumender di palabuan lauk. Terus lauk dialirkeun ka pabrik make pipa. Lauk salmon maruragan kana wadah panarima bari jeung dioyag-oyag. Ku dioyag-oyag kitu, nyababkeun lauk salmon marisah saluyu jeung ukuran gede-leutikna.

Terus lauk salmon anu geus dipisah teha dibawa ku conveyor ka tempat motongan hulu lauk jeung tempat ngabedel beuteung lauk. Hulu lauk salmon anu geus dipotong mecleng ka conveyor anu mawa hulu lauk ka tempat nyieun pakan. Eusi beuteung lauk dicomot ku leungeun robot diasupkeu ka conveyor pikeun dikirim ka pabrik gas bio tea.  Kabeh dijalankan secara otomatis.

“Tah aranjeun geus nempo ku panon sorangan teknologi ngamangpaatkeun kabeh bagian lauk salmon ti mimiti huluna nepi ka peujitna. Huluna keur pakan, peujitna keur energi gas bio. Daging laukna mah langsung dibungkus terus diekspor ka Jerman, Perancis, jeung nagara sejenna,” Pa Wali Kota ngajentrekeun.

“Aduh mani lebar pisan Pa Wali. Mun di Indonesia mah hulu lauk salmon the masih payu dijual di hotel bintang lima bari jeung mahal keneh,” anggota rombongan aya anu nepikeun kabiasaan di Indonesia. Pa Wali teu nembalan ngan saukur seuri.

“Ampir kabeh keperluan pamanas kota Skagen disadiakeun ku ieu pabrik gas bio anu asalna tina peujit lauk,” Pa Wali Kota nandeskeun.

Poe eta mangrupakeun poe anu kacida pentingna dina lalakon hirup kuring. Lalakon diaanteur ku Wali Kota Skagen ti mimiti meuli jaket kulit, kuliah lapangan integrasi perikanan laut, pakan, pangan, jeung energi, ditutup ku jamuan makan malam ku Pa Wali Kota. Pastina anu kawas kieu anu disebut ni’mat nu urang kudu sukuran ka Gusti Alloh teh. Teu miceunan berkah ti Alloh Swt. nepi ka jadi runtah atawa sampah nu ngabalukarkeun sagala panyakit daratang lantaran lampah jorok botrok. Gambaran kahirupan budaya moderen anu pinuh ku kabasajanan jeung kasataraan antara rahayat jeung pamingpinna, Wali Kota, dicontokeun pisan, jadi tuladan. Subhanalloh walhamdulillah.

***

Judul: Aya ku Bageur Wali Kota Skagen
Penulis: Agus Pakpahan
Editor: Chye Retty Isnendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *