Ngabumikeun Ajen-Inajen Budaya Sunda

Oleh: Kang Eep

MajmusSunda News, Jawa Barat, Jum’at (09/10/2026) – Hiji mangsa, aya rerencangan sim kuring anu ngalaman perlakuan teu pikaresepeun ti sajumlah pegiat jeung pemerhati budaya Sunda. Mimitina téh nalika anjeunna aya nu moto di hiji tempat anu dianggap minangka titinggal budayam teras aya nu nyebarkeun. Anjeuna teu terang-reang acan difoto. Cara anjeunna dipoto dianggap ku sawatara pihak minangka tindakan anu ngalécéhkeun warisan budaya éta. Tibatan diajak dialog, dipénta katerangan, atawa dibéré pamahaman, rerencangan sim kuring téh malah jadi sasaran kecaman jeung perundungan.

Sim kuring henteu keur ngabenerkeun atawa nyalahkeun kalakuanana. Bisa jadi mémang aya hal anu pantes dikritik. Tapi, anu matak ngaganggu pikiran sim kuring téh justru kumaha jalma-jalma anu ngakuna ngabéla kabudayaan Sunda dina memperlakukan sasamana.

Naha urang Sunda henteu wanoh kana filosofi bobot pangayom timbang taraju, anu ngajarkeun kaadilan jeung pertimbangan anu asak? Ka mana atuh ajén silih asih, silih asah, silih asuh, lamun aya jalma anu dianggap salah malah dipoyok jeung direndahkeun, bari henteu dibéré kasempetan pikeun ngajelaskeun heula?

𝗨𝗹𝗮𝗵-𝘂𝗹𝗮𝗵 𝘂𝗿𝗮𝗻𝗴 𝘁é𝗵 𝗸𝗮𝗰𝗶𝗱𝗮 𝘀𝗶𝗯𝘂𝗸𝗻𝗮 𝗻𝗴𝗮𝗯é𝗹𝗮 𝘁𝗶𝘁𝗶𝗻𝗴𝗴𝗮𝗹 𝗸𝗮𝗿𝘂𝗵𝘂𝗻, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗺𝗮𝗹𝗮𝗵 𝗽𝗼𝗵𝗼 𝗸𝗮𝗻𝗮 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻 𝗹𝘂𝗵𝘂𝗿 𝗮𝗻𝘂 𝗱𝗶𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗸𝘂 𝗸𝗮𝗿𝘂𝗵𝘂𝗻 é𝘁𝗮 𝘀𝗼𝗿𝗮𝗻𝗴𝗮𝗻.

𝟭. 𝗕𝗲𝘂𝗻𝗴𝗵𝗮𝗿 𝗔𝗷é𝗻, 𝗠𝗶𝘀𝗸𝗶𝗻 𝗣𝗮𝗻𝗴𝗮𝗺𝗮𝗹𝗮𝗻

Kabudayaan Sunda miboga kabeungharan ajén anu luar biasa. Urang wanoh kana cageur, bageur, bener, pinter, singer, ogé silih asih, silih asah, silih asuh. Tacan deui rupa-rupa babasan, paribasa, jeung papatah karuhun anu ngandung tuntunan hirup.

Hanjakalna, ajén-inajén éta mindeng ngan ukur jadi jargon, kutipan motivasi, kecap-kecap mutiara, atawa bahan pidato dina kagiatan kabudayaan. Urang pinter ngucapkeun jeung ngajelaskeun filosofina, tapi can tangtu mampuh narjamahkeunana jadi paripolah sapopoé.

Dina perspektif perubahan perilaku, pangaweruh téh ngan salah sahiji prasyarat. Hiji jalma bisa ngarti kana pentingna kajujuran, tapi can tangtu salawasna jujur. Bisa apal kana prinsip kapadulian, tapi can tangtu boga kabiasaan nulungan sasama.

𝗞𝗮𝗯𝗲𝘂𝗻𝗴𝗵𝗮𝗿𝗮𝗻 𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮 𝗵𝗲𝗻𝘁𝗲𝘂 𝗰𝘂𝗸𝘂𝗽 𝗱𝗶𝘂𝗸𝘂𝗿 𝘁𝗶𝗻𝗮 𝗹𝗼𝗯𝗮𝗻𝗮 𝗮𝗷é𝗻 𝗹𝘂𝗵𝘂𝗿 𝗮𝗻𝘂 𝗱𝗶𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗸𝗲𝘂𝗻, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗼𝗴é 𝘁𝗶𝗻𝗮 𝘀𝗮𝗯𝗮𝗿𝗮𝗵𝗮 𝗷𝗮𝘂𝗵 𝗮𝗷é𝗻 é𝘁𝗮 𝗺𝗮𝗺𝗽𝘂𝗵 𝗻𝗴𝗮𝗯𝗲𝗻𝘁𝘂𝗸 𝗽𝗮𝗿𝗶𝗽𝗼𝗹𝗮𝗵 𝗺𝗮𝘀𝗮𝗿𝗮𝗸𝗮𝘁𝗻𝗮.

𝟮. 𝗡𝗮𝗹𝗶𝗸𝗮 𝗚𝗲𝗿𝗮𝗸𝗮𝗻 𝗞𝗮𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻 𝗠𝗮𝗹𝗮𝗵 𝗡𝗴𝗮𝗷𝗮𝗸 𝗠𝘂𝗻𝗱𝘂𝗿

Sim kuring niténan yén sawaréh gerakan kabudayaan Sunda téh kacida sibukna ngagali mangsa katukang. Sajarah ditalungtik, titinggal karuhun ditéangan, pakéan tradisional dihirupkeun deui, ritual direkonstruksi, jeung rupa-rupa simbol kasundaan dipintonkeun deui.

Éta kabéh tangtu penting minangka bagian tina perlindungan jeung pelestarian kabudayaan. Anu jadi masalah téh nalika bentuk kahirupan mangsa baheula dijadikeun ukuran utama pikeun nangtukeun kaaslian kasundaan, sedengkeun ajén-inajén luhurna kurang meunang perhatian.

Dina kecenderungan anu leuwih ekstrim, mucunghul hiji gejala anu bisa disebut puritanisme budaya, nyaéta kahayang pikeun ngamurnikeun kabudayaan ku cara mulangkeun deui kana bentuk kahirupan mangsa katukang. Mun meunang nyindir, sim kuring mah nyebut kecenderungan sapertos kieu téh 𝗪𝗮𝗵𝗮𝗯𝗶 𝗦𝘂𝗻𝗱𝗮. Saolah-olah jadi urang Sunda anu bener téh kudu beuki nyarupaan kahirupan urang Sunda zaman baheula.

Padahal, urang Sunda sorangan boga filosofi ngindung ka waktu, mibapa ka jaman, anu ngajarkeun pentingna kamampuhan pikeun nyaluyukeun diri jeung perkembangan zaman. Betapa ironisna lamun urang rajin ngagali papatah karuhun, tapi malah ngalalaworakeun pesen karuhun supaya bisa nuturkeun parobahan zaman.

𝗔𝗻𝘂 𝘀𝗮𝗸𝘂𝗱𝘂𝗻𝗮 𝗱𝗶𝗽𝗶𝗴𝗮𝘄é 𝗸𝘂 𝘂𝗿𝗮𝗻𝗴 𝘁é𝗵 𝗺𝗮𝘄𝗮 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻 𝗹𝘂𝗵𝘂𝗿 𝘁𝗶 𝗺𝗮𝗻𝗴𝘀𝗮 𝗸𝗮𝘁𝘂𝗸𝗮𝗻𝗴 𝗽𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗻𝘆𝗮𝗻𝗴𝗵𝗮𝗿𝗲𝘂𝗽𝗮𝗻 𝗺𝗮𝗻𝗴𝘀𝗮 𝗻𝘂 𝗯𝗮𝗸𝗮𝗹 𝗱𝗮𝘁𝗮𝗻𝗴, 𝗹𝗮𝗶𝗻 𝗺𝗮𝗹𝗮𝗵 𝗻𝗮𝗿𝗶𝗸 𝗸𝗮𝗵𝗶𝗿𝘂𝗽𝗮𝗻 𝗸𝗶𝘄𝗮𝗿𝗶 𝘀𝘂𝗽𝗮𝘆𝗮 𝗯𝗮𝗹𝗶𝗸 𝗱𝗲𝘂𝗶 𝗸𝗮 𝘇𝗮𝗺𝗮𝗻 𝗯𝗮𝗵𝗲𝘂𝗹𝗮.

𝟯. 𝗣𝗲𝗺𝗮𝗷𝘂𝗮𝗻 𝗞𝗲𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻 𝗟𝗮𝗶𝗻 𝗦𝗮𝘂𝗸𝘂𝗿 𝗣𝗲𝗹𝗲𝘀𝘁𝗮𝗿𝗶𝗮𝗻

Undang-Undang Nomor 5 Tahun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan ngawengku opat upaya, nyaéta pelindungan, pengembangan, pemanfaatan, jeung pembinaan. Orientasina lain saukur ngajaga warisan budaya, tapi ogé ngajadikeun kabudayaan minangka investasi pikeun ngawangun masa depan jeung peradaban bangsa.

Dina konteks gerakan kabudayaan, urang perlu ngabédakeun antara penggalian, pelestarian, jeung pembumian budaya. Penggalian miboga tujuan pikeun manggihan jeung maham warisan karuhun. Pelestarian ngajaga supaya éta warisan tetep aya, sedengkeun pembumian narjamahkeun ajén-inajén budaya jadi praktik kahirupan masarakat.

Katilu kagiatan éta silih lengkepan. Tapi, keberhasilan ngayakeun festival, ngarekonstruksi ritual, atawa ngadokuméntasikeun titinggal sajarah, henteu otomatis némbongkeun keberhasilan dina ngabentuk karakter masarakat.

𝗣𝗲𝗺𝗮𝗷𝘂𝗮𝗻 𝗸𝗲𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻 𝘀𝗮𝗸𝘂𝗱𝘂𝗻𝗮 𝗼𝗴é 𝗻𝗴𝗮𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗸𝗮𝗺𝗮𝗷𝘂𝗮𝗻 𝗱𝗶𝗻𝗮 𝗸𝘂𝗮𝗹𝗶𝘁𝗮𝘀 𝗺𝗮𝗻𝘂𝘀𝗮 𝗻𝗴𝗲𝘂𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗸𝗮𝗵𝗶𝗿𝘂𝗽𝗮𝗻 𝘀𝗼𝘀𝗶𝗮𝗹𝗻𝗮.

𝟰. 𝗗𝗶𝗮𝗷𝗮𝗿 𝘁𝗶 𝗝𝗲𝗽𝗮𝗻𝗴: 𝗡𝗴𝗮𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗝𝗶𝘄𝗮𝗻𝗮, 𝗟𝗮𝗶𝗻 𝗠𝘂𝗹𝗮𝗻𝗴𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗭𝗮𝗺𝗮𝗻𝗻𝗮

Jepang méré conto kumaha warisan tradisional bisa dihubungkeun jeung pendidikan manusa modern. Ajén-inajén anu dipatalikeun jeung tradisi samurai, saperti disiplin, kawani, kahormatan, tanggung jawab, jeung pengendalian diri, masih kénéh dibahas dina kahirupan kontemporer.

Salah sahiji conto nyatana nyaéta pendidikan budō, seni bela diri tradisional anu jadi bagian wajib tina pendidikan jasmani di tingkat SMP Jepang ti taun 2012. Pangajaranana lain ngan ngeunaan keterampilan fisik, tapi ogé ngajarkeun hormat ka lawan, tata krama, jeung pamahaman kana ajén-inajén tradisional.

Tangtu pendidikan budō lain hiji-hijina faktor anu ngabentuk karakter masarakat Jepang. Tapi, praktik ieu némbongkeun kumaha ajén tradisional bisa diintegrasikeun kana pendidikan formal, kalayan tujuan jeung metode pembelajaran anu terstruktur.

Jepang henteu kudu mulangkeun masarakatna jadi masarakat samurai. Anu bisa diwariskeun téh prinsip jeung paripolah anu masih relevan pikeun kahirupan modern.

Naha pendekatan sarupa henteu urang kembangkeun pikeun ajén-inajén kasundaan?

𝟱. 𝗞𝗮𝘀𝘂𝗻𝗱𝗮𝗮𝗻 𝗟𝗮𝗶𝗻 𝗦𝗮𝘂𝗸𝘂𝗿 𝗜𝗱𝗲𝗻𝘁𝗶𝘁𝗮𝘀, 𝗧𝗮𝗽𝗶 𝗣𝗮𝗿𝗶𝗽𝗼𝗹𝗮𝗵, 𝗠𝗮𝗹𝗮𝗵 𝗣𝗲𝗿𝗮𝗱𝗮𝗯𝗮𝗻

Sim kuring mindeng mikiran dua ungkapan basajan dina kahirupan urang Sunda, nyaéta mangga tipayun jeung wios ku abdi.

Mangga tipayun bisa dimaknaan minangka kasadiaan pikeun miheulakeun batur dina urusan hak jeung kapentingan pribadi, henteu sarakah, sarta henteu salawasna hayang meunang kauntungan pangheulana. Sabalikna, wios ku abdi ngagambarkeun inisiatif, kasadiaan pikeun nyokot peran, jeung tanggung jawab.

Bayangkeun lamun dua ajén éta jadi kabiasaan sosial. Dina urusan hak, masarakat henteu silih rebut. Tapi, nalika nyanghareupan kawajiban, jalma-jalma malah paheula-heula nyokot tanggung jawab.

Kitu deui silih asih bisa ditarjamahkeun jadi empati jeung solidaritas, silih asah jadi kabiasaan babagi élmu, silih asuh jadi kapadulian jeung pembimbingan, sedengkeun bobot pangayom timbang taraju diwujudkeun ngaliwatan kaadilan jeung pertimbangan anu objektif.

Ajén-inajén éta kudu katémbong dina kahirupan kulawarga, sakola, organisasi, dunya usaha, pamaréntahan, jeung lingkungan masarakat.

Hiji pamingpin anu adil, pagawé anu jujur, pangusaha anu henteu sarakah, atawa warga anu paduli ka sasamana, saenyana keur ngalaksanakeun ajén luhur kasundaan, sanajan henteu maké pangsi jeung iket.

𝗡𝗮𝗹𝗶𝗸𝗮 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻 é𝘁𝗮 𝗷𝗮𝗱𝗶 𝗸𝗮𝗯𝗶𝗮𝘀𝗮𝗮𝗻 𝗸𝗼𝗹é𝗸𝘁𝗶𝗳 𝘀𝗮𝗿𝘁𝗮 𝗻𝗴𝗮𝗯𝗲𝗻𝘁𝘂𝗸 𝘁𝗮𝘁𝗮 𝗸𝗮𝗵𝗶𝗿𝘂𝗽𝗮𝗻 𝘀𝗼𝘀𝗶𝗮𝗹 𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗸𝗲𝗹𝗲𝗺𝗯𝗮𝗴𝗮𝗮𝗻, 𝗸𝗮𝘀𝘂𝗻𝗱𝗮𝗮𝗻 𝗵𝗲𝗻𝘁𝗲𝘂 𝗱𝗲𝘂𝗶 𝗻𝗴𝗮𝗻 𝘀𝗮𝘂𝗸𝘂𝗿 𝗶𝗱𝗲𝗻𝘁𝗶𝘁𝗮𝘀 𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗺𝗲𝗸𝗮𝗿 𝗷𝗮𝗱𝗶 𝗸𝘂𝗮𝘁𝗮𝗻 𝗽𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗻𝗴𝗮𝘄𝗮𝗻𝗴𝘂𝗻 𝗽𝗲𝗿𝗮𝗱𝗮𝗯𝗮𝗻.

𝟲. 𝗧𝗶 𝗣𝗲𝗹𝗲𝘀𝘁𝗮𝗿𝗶𝗮𝗻 𝗞𝗮𝗻𝗮 𝗣𝗲𝗺𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻: 𝗥𝗮𝗻𝗰𝗮𝗻𝗴𝗮𝗻 𝗧𝗿𝗮𝗻𝘀𝗳𝗼𝗿𝗺𝗮𝘀𝗶 𝗔𝗷é𝗻 𝗞𝗮𝘀𝘂𝗻𝗱𝗮𝗮𝗻

Gerakan kabudayaan Sunda perlu ngembangkeun pendekatan anu sistematis pikeun ngarobah ajén budaya jadi paripolah. Salah sahiji kerangka anu bisa digunakeun nyaéta model perubahan perilaku COM-B, anu dikembangkeun ku Susan Michie jeung kolegana dina taun 2011.

Model ieu ngajelaskeun yén paripolah dipangaruhan ku tilu unsur anu silih patali, nyaéta kamampuhan (capability), kasempetan (opportunity), jeung motivasi (motivation).

Contona, pikeun ngabudayakeun silih asuh, henteu cukup ngan saukur ngajarkeun hartina. Masarakat perlu dilatih keterampilan ngabimbing jeung ngaréngsékeun konflik, disadiakeun lingkungan anu ngarojong praktik pendampingan, sarta diwangun motivasina ngaliwatan katuladanan jeung penghargaan kana paripolah silih tulungan.

Dumasar kana kerangka éta, transformasi ajén kasundaan bisa dirancang ngaliwatan lima tahapan.

𝗞𝗮𝗵𝗶𝗷𝗶, 𝗶𝗻𝘃𝗲𝗻𝘁𝗮𝗿𝗶𝘀𝗮𝘀𝗶 𝗮𝗷é𝗻. Ngidentifikasi ajén-inajén luhur kasundaan, maham konteks filosofina, jeung nangtukeun relevansina pikeun kahirupan modern.

𝗞𝗮𝗱𝘂𝗮, 𝗼𝗽𝗲𝗿𝗮𝘀𝗶𝗼𝗻𝗮𝗹𝗶𝘀𝗮𝘀𝗶 𝗮𝗷é𝗻. Narjamahkeun unggal ajén jadi kompetensi jeung indikator paripolah anu bisa diamati.

𝗞𝗮𝘁𝗶𝗹𝘂, 𝗽𝗲𝗻𝗱𝗶𝗱𝗶𝗸𝗮𝗻 𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗽𝗲𝗹𝗮𝘁𝗶𝗵𝗮𝗻. Nyusun kurikulum, metode pembelajaran, simulasi, katuladanan, jeung latihan paripolah anu disaluyukeun jeung kelompok sasaran.

𝗞𝗮𝗼𝗽𝗮𝘁, 𝗽𝗲𝗺𝗯𝗶𝗮𝘀𝗮𝗮𝗻 𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗽𝗲𝗹𝗲𝗺𝗯𝗮𝗴𝗮𝗮𝗻. Ngaintegrasikeun ajén-inajén éta kana kabiasaan kulawarga, lingkungan pendidikan, dunya kerja, komunitas, jeung tata kelola pamaréntahan.

𝗞𝗮𝗹𝗶𝗺𝗮, 𝗲𝘃𝗮𝗹𝘂𝗮𝘀𝗶 𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗽𝗲𝗻𝗴𝗲𝗺𝗯𝗮𝗻𝗴𝗮𝗻. Ngukur parobahan paripolah, ngabebenah metode, sarta ngalegaan program anu kabuktian ngahasilkeun parobahan positif.

Palaksanaanana merlukeun kolaborasi antara pamaréntah daerah, lembaga kabudayaan, sakola, komunitas, jeung organisasi masarakat. Programna bisa dimimitian ku proyek percontohan saméméh dikembangkeun leuwih lega.

Tujuan ahirna lain saukur ngabentuk individu anu ngarti kana filosofi kasundaan, tapi ngawangun 𝗵𝗮𝗯𝗶𝘁𝘂𝘀 𝘀𝗼𝘀𝗶𝗮𝗹, nyaéta kecenderungan paripolah anu kabentuk ku pangalaman, lingkungan sosial, jeung praktik anu terus dibiasakeun, nepi ka ajén-inajén luhur kasundaan jadi bagian tina kahirupan masarakat.

𝟳. 𝗡𝗴𝘂𝗸𝘂𝗿 𝗞𝗲𝗯𝗲𝗿𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹𝗮𝗻 𝗚𝗲𝗿𝗮𝗸𝗮𝗻 𝗞𝗮𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻

Keberhasilan gerakan kabudayaan perlu dievaluasi sacara terukur. Jumlah festival, seminar, peserta, atawa publikasi sajarah mangrupa indikator output, nyaéta hasil langsung tina hiji kagiatan. Sedengkeun pembudayaan ogé kudu ngahasilkeun outcome mangrupa parobahan paripolah, jeung impact mangrupa perbaikan kualitas kahirupan sosial dina jangka panjang.

Contona, keberhasilan program silih asih henteu cukup diukur tina jumlah peserta pelatihan, tapi ogé tina ngaronjatna paripolah silih tulungan atawa ngurangan tindakan perundungan. Program bobot pangayom timbang taraju bisa dinilai tina kualitas penyelesaian konflik, kasempetan pikeun méré klarifikasi, sarta penerapan kaputusan anu objektif jeung adil.

Pengukuran merlukeun baseline atawa data kondisi awal, indikator anu jelas definisina, jeung evaluasi berkala. Parobahan anu kapanggih ogé perlu dianalisis sacara ati-ati, supaya henteu sakabéh parobahan langsung diklaim minangka hasil program tanpa bukti anu memadai.

Henteu sakabéh ajén moral bisa disederhanakeun jadi angka. Tapi, pangamalanna bisa diamati ngaliwatan kombinasi penilaian perilaku, survei, observasi, jeung evaluasi kualitatif.

𝗚𝗲𝗿𝗮𝗸𝗮𝗻 𝗸𝗮𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻 𝗽𝗲𝗿𝗹𝘂 𝗻𝗴𝗮𝗹𝗲𝗮𝗴𝗮𝗻 𝘂𝗸𝘂𝗿𝗮𝗻 𝗸𝗲𝗯𝗲𝗿𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹𝗮𝗻𝗮, 𝗹𝗮𝗶𝗻 𝗻𝗴𝗮𝗻 𝘁𝗶𝗻𝗮 𝘀𝗮𝗯𝗮𝗿𝗮𝗵𝗮 𝗹𝗼𝗯𝗮 𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗮𝗻 𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮 𝗮𝗻𝘂 𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹 𝗱𝗶𝗹𝗲𝘀𝘁𝗮𝗿𝗶𝗸𝗮𝗻, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗼𝗴é 𝘁𝗶𝗻𝗮 𝘀𝗮𝗯𝗮𝗿𝗮𝗵𝗮 𝗴𝗲𝗱é 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻𝗻𝗮 𝗺𝗮𝗺𝗽𝘂𝗵 𝗻𝗴𝗮𝗿𝗼𝗻𝗷𝗮𝘁𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗸𝘂𝗮𝗹𝗶𝘁𝗮𝘀 𝗸𝗮𝗵𝗶𝗿𝘂𝗽𝗮𝗻 𝗺𝗮𝘀𝗮𝗿𝗮𝗸𝗮𝘁.

𝟴. 𝗠𝗮𝘄𝗮 𝗞𝗮𝘀𝘂𝗻𝗱𝗮𝗮𝗻 𝗡𝘆𝗮𝗻𝗴𝗵𝗮𝗿𝗲𝘂𝗽𝗮𝗻 𝗠𝗮𝗻𝗴𝘀𝗮 𝗡𝘂 𝗕𝗮𝗸𝗮𝗹 𝗗𝗮𝘁𝗮𝗻𝗴

Ngabumikeun ajén-inajén budaya Sunda lain hartina ninggalkeun sajarah atawa ngalalaworakeun titinggal karuhun. Justru urang keur ngusahakeun sangkan warisan éta tetep hirup, relevan, jeung mangpaat pikeun generasi anu bakal datang.

Masarakat Sunda masa depan bisa waé hirup jeung téknologi modern, élmu pangaweruh anu beuki maju, sarta pola kahirupan anu terus robah. Tapi, ajén luhur kasundaan tetep bisa jadi fondasi moral, karakter, jeung kahirupan sosialna.

Para penggerak kabudayaan sakuduna jadi conto anu pangheulana. Maranéhna henteu cukup ngan pinter ngajelaskeun filosofi karuhun, tapi ogé kudu bisa némbongkeun kumaha ajén-inajén éta dipraktikkeun dina paripolah sapopoé.

𝗠𝗮𝘀𝗮 𝗱𝗲𝗽𝗮𝗻 𝗸𝗮𝗯𝘂𝗱𝗮𝘆𝗮𝗮𝗻 𝗦𝘂𝗻𝗱𝗮 𝗵𝗲𝗻𝘁𝗲𝘂 𝗱𝗶𝘁𝗮𝗻𝗴𝘁𝘂𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗸𝘂 𝘀𝗮𝗯𝗮𝗿𝗮𝗵𝗮 𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹𝗻𝗮 𝘂𝗿𝗮𝗻𝗴 𝗻𝗴𝗮𝗷𝗮𝗱𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗺𝗮𝘀𝗮𝗿𝗮𝗸𝗮𝘁 𝗸𝗶𝘄𝗮𝗿𝗶 𝗻𝘆𝗮𝗿𝘂𝗽𝗮𝗮𝗻 𝗸𝗮𝗿𝘂𝗵𝘂𝗻𝗻𝗮, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗸𝘂 𝘀𝗮𝗯𝗮𝗿𝗮𝗵𝗮 𝗵𝗮𝘀𝗶𝗹𝗻𝗮 𝘂𝗿𝗮𝗻𝗴 𝗻𝗴𝗮𝗷𝗮𝗱𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻 𝗹𝘂𝗵𝘂𝗿 𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗮𝗻 𝗸𝗮𝗿𝘂𝗵𝘂𝗻 𝗺𝗶𝗻𝗮𝗻𝗴𝗸𝗮 𝗸𝘂𝗮𝘁𝗮𝗻 𝗽𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗻𝗴𝗮𝘄𝗮𝗻𝗴𝘂𝗻 𝗺𝗮𝗻𝘂𝘀𝗮 𝗷𝗲𝘂𝗻𝗴 𝗽𝗲𝗿𝗮𝗱𝗮𝗯𝗮𝗻 𝗺𝗮𝘀𝗮 𝗱𝗲𝗽𝗮𝗻.

Urang henteu cukup ngan saukur ngawariskeun ajén-inajén kasundaan ka generasi saterusna. Urang ogé kudu ngawariskeun kumaha cara ngalaksanakeunana.

𝗦𝗮𝗯𝗮𝗯, 𝗻𝗴𝗮𝗵𝗼𝗿𝗺𝗮𝘁 𝗸𝗮 𝗸𝗮𝗿𝘂𝗵𝘂𝗻 𝗹𝗮𝗶𝗻 𝗵𝗮𝗿𝘁𝗶𝗻𝗮 𝗸𝘂𝗱𝘂 𝗯𝗮𝗹𝗶𝗸 𝗱𝗲𝘂𝗶 𝗵𝗶𝗿𝘂𝗽 𝗱𝗶𝗻𝗮 𝘇𝗮𝗺𝗮𝗻𝗻𝗮, 𝘁𝗮𝗽𝗶 𝗺𝗮𝘄𝗮 𝗮𝗷é𝗻-𝗶𝗻𝗮𝗷é𝗻 𝗹𝘂𝗵𝘂𝗿 𝘄𝗮𝗿𝗶𝘀𝗮𝗻𝗮 𝗽𝗶𝗸𝗲𝘂𝗻 𝗻𝗴𝗮𝘄𝗮𝗻𝗴𝘂𝗻 𝗽𝗲𝗿𝗮𝗱𝗮𝗯𝗮𝗻 𝗮𝗻𝘂 𝗹𝗲𝘂𝘄𝗶𝗵 𝗵𝗮𝗱é 𝗱𝗶𝗻𝗮 𝗺𝗮𝗻𝗴𝘀𝗮 𝗻𝘂 𝗯𝗮𝗸𝗮𝗹 𝗱𝗮𝘁𝗮𝗻𝗴.

Ampun Paralun nu Kasuhun
Kang Eep

***

Judul: Ngabumikeun Ajen-Inajen Budaya Sunda
Penulis: Kang Eep
Editor: Raka Alvaro Triputra

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *