Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka – Bagian 1

Artikel ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja

Alam Jawa Barat
Ilustrasi: Alam Jawa Barat yang indah - (Sumber: Bing Image Creator AI)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Rabu (30/10/2024) –Artikel berbahasa Sunda dalam Kolom Ernawan berjudul Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., AnggotaDewan Pinisepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).

“Lain species nu tohaga nu bakal bisa ngajungkiring mah, tapi arinyana jalma-jalma anu singer tur wanter kana obahna jaman.” (Pakar Teori Evolusi).

Saestuna unggelan ieu teori, ku urang bisa dipake bahan pamikiran. Dina mangsa anu robahna ngan sakiceup (global), ditilik tina jihad ekonomi, seni, budaya, teknologi, manajemen, jeung prilaku sosial oge peradaban (ngajamanan) masarakat urang  dina waktu-waktu ieu, kaasup seler Sunda, daek teu daek kudu milu mikiran sarta wawadi anu merenah kana obahna pajamanan.

Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM.
Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM. – (Sumber: Koleksi pribadi)

Kamampuh ngungkulan masalah model kieu, dipimilik ku seler Sunda. Urang Sunda geus ngeupeul  tur ngajalankeun prinsip silih asah-asih-asuh nu gumulung dina titincakan hirup: cageur, bageur, bener, pinter, singer jeung wanter.

Salah sahiji conto nu tumerap dina batin rahayat, nyaeta milu ancrub bajoang dina proses kemerdekaan, sarta ngaleupaskeun tur megatkeun rante kolonialisme anu ngabakutet ratusan taun. Kitu deui dina proses ngeusian kamerdekaan, sagala kajadian anu heroik sarta romantik anu kadangkala  ngucurkeun getih keur miluan ngawangun identitas ciri wanci kaindonesiaan geus dilakonan. Sagala daya dina ngawujudkeun bangsa nu berdikari alias mandiri (nangtung dina ajegna suku sorangan), geus kacatet jeung dicatet dina buku sajarah bangsa. Dina hal eta, masarakat tur para kekentong Sunda di wewengkon Pasundan, dicatet ku mangsi emas, supaya paradaban Sunda tetep kajaga, sarta teu leungit tina sajarah jeungadab biada (paguneman) zaman.

Harepan samodel kitu, disawalakeun oge  dina Musyawarah Munggaran  Majelis Musyawarah Sunda (MMS) anu ngawakilan Sunda Jawa Barat, Sunda Banten, Sunda Cirebon, Sunda Batawi, Sunda Diaspora, Sunda Pangumbaraan. Dina poe Minggu tanggal 13 Oktober taun 2024 di UNPAD Jalan Dipati Ukur Bandung, ditembrakkeun dina Layang Kaheman nu mangrupa aspirasi masarakat Sunda ka pamarentahan Republik Indonesia periode 2024-2029, nu oge ditandeskeun dina gempungan pinisepuh, supaya Majelis Musyawarah Sunda  salaku Gunung Pananggeuhan Masarakat Sunda, boga harepan tur kawani jeung teuneung ludeung, dina:

  • ngawujudkeun Sunda nu punjul dina ngolah nagara sarta daera;
  • ngawujudkeun Sunda nu punjul dina ngokolakeun widang ekonomi rakyat;
  • ngawujudkeun Sunda punjul dina widang ugeran seni-budaya;
  • ngawujudkeun Sunda nu punjul dina ngokolakeun lingkungan hirup (lain pipilueun ngaruksak alam kahirupan);
  • ngawujudkeun Sunda nu luhung dina widang atikan.

Sajabaning kitu, lain ngamomorekeun tur agul ku mangsa bihari, nyoreang nyawang katukang, kira-kira taun 400 M, Karajaan Sunda Tarumanagara, rajana anu kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria nyaeta Raja Purnawarman (Raja Sri Parnnavarmman) kaunggel dina batutulis nu kapanggih di walungan Ciaruteun (Tjiaroeten) wilayah Bogor, dina basa Sanskrit, unggelna kieu:

Vikrantasyavani Pateh, Crimatah Purnnavarmmanah, Taruma  Nagarendrasya, Visnor Iva Padadvayam.

Hartina, “Ieu urut tatapakan sapasang sampean (suku), milik suku Dewa Wisnu, nyaeta tatapakan suku nu Maha Mulya Purnawarman, Raja di Nagara Taruma, Raja gagah sakti, sarta gede kawani (gede wawanen) di saalam dunya.”

Aya oge tapak sejenna dinabatu tulis (kiwari jadi ngaran tempat, ejahan heubeul: Batoe Toelis-Bogor) anu ngaharib harib ka Raja Purnawarman, ngan bedana ieu mah tatapakan Suku Gajah tutunggangan Raja Purnawarman.Salian ti eta, aya deui batu tulis anu ngebrehkeun kaayaan waktu jaman Raja Purnawarman, nu kapendak di Desa Tugu (ejahan heubeul: Toegoe) deukeut Tanjungpriuk, cenah geus disimpen di Gedong Arca (Gedong Gajah) Jakarta.

Dina batu tulis nu ieu, tulisanna oge basa Sanskrit (Sanksekerta), jentrena siga kieu:

Pura Raja Dhirajena Guruna  Pinabahuna Khata, Khayatam Purim Prapya Chandrabhagarnnavam yayau Pravarddhamana Dhavincad  Vatsare, Ccaitracukia Trayodacyam  Dinais Seddhal Kavinca Kaih, ayata Satsahasrena Vhanusam Sagatena-ca

Narendradhyajabhutena Crimata Purnnavarmammana. Prarabhya Phalgune mase khata Krsna tametithau ayata sasahasrena. Dyavincenanadi ramya  Gomati Nirmalodaka. Pitamahsya rajarser Vvidarya cibiravanim. Brahmanair geo sahasrena prayaktikadak sina.

Hartina kira-kira kieu,“Baheula (walungan nu ngaranna) Chandrabhaga, hasil ngagali Raja nu mulya, sarta boga dua leungeun anu bedas tur kuat (nyaeta Raja Purnawarman ), supaya bisa terus ngocor ka laut, sanggeus cai walungan ngaliwatan Karaton Karajaan anu kakoncara.

Dina Pamarentahan nu ka-22 taun, nu Mulya Raja Purnawarman, ngageroh karajaan subur makmur (gemah raharja) ku kamotekaran anjeunna sarta ku singernangajadikeun cecekelan para raja nu sejen, Purnawarman marentahkeun deui, ngagali walungan nu caina beresih (canembrang herang), dibere ngaran Gomati, walungan leutik teh dikocorkeun ka tengah tengah pakuwuan pandita anu mulya, Eyangna Raja Purnawarman.”

Walungan Gomati teh dipigawe dina wanci nu mustari,tanggal8 Paro Peteng bulan Phalguna, sarta rengse tanggal 13 Paro Terang bulan Cairra, jadi ngan 21 Poe, padahal panjangna eta walungan leutik teh 6122 tumbak atawa kurang leuwih 11 KM.Hajat kasalametan dilaksanakeun ku para brahmananu ngahadiahkeun sapi nu lobana 1000 siki.

Judul: Bangsa Sunda Lain Bangsa Kadongdora, tetapi Seler nu Pasaka – Bagian 1
Penulis: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja/Guru TOGE
Editor: Chye Retty Inendes

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *