MajmusSunda News, Sabtu (8/11/2025) – Biasa, nu boga lalakon mah sok éléh ti heula. Persibna gé lulungu kénéh atuh dina lima menit pamuka babak kahiji mah. Ari Selangor geus gegedor, ngagedur kaburu napsu. Basa Zach Clough ngasupkeun bal ka gawang Téja Pakualam dina menit katilu, sorangan mah kalem wé. Maké jeung kaburu ngahaneutkeun heula sop jangjang hayam sagala rupa sumpahna gé.
Sok, Ngor, meungpeung maén di Petaling Jaya, cékéng na jero haté bari nyiuk sangu. Malahan dina menit ka-17 mah dibantuan tah ngasupkeun balna ka gawang Bung Téja téh ku Matricardi ti Persib. Itung-itung mantuan Selangor males wiwirang dua enol basa maén di Bandung. Geura, teu rék disebut soméah hadé ka sémah kumaha Persib ka sahibul lapang.
Hanas éta Berguinho ti katuhu Barros ti kénca sababaraha kali ngareureuwas kiper Nazriel, kitu deui Jung nu némbak dina menit ka 36, itung-itung pemanasan baé atuh. Mun Kijang Kapsul kabuyutan di Négla téa mah, éta mah gerung-gerung tamba camperego teuing di garasi Pa Édéng wé atuh.
Kakara dina babak kadua Persib maénna dienyakeun. Da ari perkara nyitak gul dina menit-menit awal mah lain teu bisa. Paling copélna gé tétéla pan basa babak kadua karek der Persib boga korner tepi ka tilu kali. Nu leuwih tegesna mah éta geuning gul ku Jung dina menit ka 48 sakitu tegepna.
Ti dinya mimiti Selangor rarampéolan enya gé teu nepi ka béakeun sumanget. Kaciri pisan rada panikna sanggeus Marc Klok jeung Tom Haye getol méréan eupan ka balad-baladna nu di harareup. Manakomo sanggeus Bojan Hodak ngasupkeun trio Adam Alis, Robi Darwis , jeung Beckham Putra mah, beuki resep lalajona gé.
Éta geura, dina serangan malik menit ka 81 Marc Klok ngagiring bal bari lumpat tarik pisan. Geleser bal dioper ka Adam nu sarua tarik lumpatna di hareup beulah kénca. Teu galideur, sasat malikan deui pintonan basa maén di GBLA, Adam nalapung bal bari lumpat tarik ti kajauhan. Blos ka kolong gawang: Gul, baraya! Poldan tah dua-dua.
Beuki sawan kuya! Nu leuwih parna kaayaanana mah di tempat nu lalajo. Ti antara para bobotoh Selangor katémbongna aya nu ngajorag ka pangdiukan bobotoh Persib bari tunggal-teunggeul béak karep. Kapaksa pertandingan gé eureun heula sakedapan. Marc Klok katut Tom Haye gugupay ti sisi lapang. Mun kudu dilisankeun mah meureun kieu omong-omongan Klok jeung Haye téh: “Dulur-dulur, bobotoh Persib! Tong diladénan! Urang jauh-jauh nyaba ti Bandung ka nagara Upin Ipin téh lain rék pentas tarung bébas! Daméy, okeh?!”
Hadéna bobotoh téh saroléh katingalina. Aya kana 800 urangna cenah bobotoh Persib nu ngahaja ngaborong karcis nyakséni pintonan bola di éta stadion téh. Teu galideur ku gangguan, jejem caralik ngareugreugan Persib. Béda jeung wasit ti Iran téa nu bisa jadi perhatianana aya malaweungna tepi ka basa Beckham Putra kacirina disuntrungkeun ku pemaén Selangor deukeut gawangna pisan teu diperesén pinalti euy.
Keun baé ah. Pan aya Adam minangka kojona. Dina menit panganggeusan pisan kiper Nazriel niat nalapung bal tapi kalah mentog kana pingpingna sorangan awahing ku soak pédah Adam lumpat nyampeurkeun. Atuh asa mobok manggih gorowong, bal téh langsung disantok ku suku katuhu Adam. Bus deui waé: Gul!
Tuh, pan antukna mah Persib meunang deui: 3-2, lur! Pertandingan réngsé, kiper Nazriel ngagukguk teu beunang diupahan. Para ponggawa Persib silih rangkul bakating ku bagja. Anjeucleu atuh Maung Bandung téh peringkat kahiji saheulaanan mah, bari tatahar ngaladénan Bangkok United katut Lion City.
*****
Judul: Adam Sadua-dua
Penulis: Hawe Setiawan
Editor: A. Noor












