MajmusSunda News, Garut, 16/12/25 – Dina kahirupan sapopoe, kecap beresih téh siga hal leutik. Urang nyapu imah, mandi saméméh indit, ngumbah leungeun sanggeus dahar. Tapi kadang urang poho: aya hiji rupa beresih nu teu katingali, tapi pangaruhna leuwih jero tibatan sabun atawa cai. Eta belah beresihna haté.
Dina basa Arab, kecap “Thâhir” (طاهر) hartina nu suci, nu beresih. Tapi sakumaha dijelaskeun ku Ibna ‘Arabi, “Thâhir” lain saukur kaayaan lahiriah. Anjeunna nyebut yén “Thâhir” téh simbol kajernihan batin, hiji kaayaan nalika jiwa geus siap narima tajallî, nyaeta ayana Gusti nu “nembongan” dina pangalaman hirup manusa (Ibna ʿArabi, 2002). Hartina, kasucian dina laku lain soal ngajauhan dunya, tapi soal kumaha hadir di dunya tanpa kakeueum ku dunya.
Urang hirup dina jaman nu ramé. Informasi datang teu eureun-eureun. Media sosial ngajadikeun pikiran pinuh ku sora, banding-banding, jeung kahayang. Dina kaayaan kitu, haté gampang keruh. Urang ambek tanpa nyaho sababna, sedih tanpa ngaran, sieun tanpa ancaman nyata.
Ibna ‘Arabi ningali yén kaayaan kitu téh tanda yén batin urang perlu disucikeun, lain dina harti ritual wungkul, tapi dina harti dibebenah deui pusat kasadaranana (Chittick, 1989). “Thâhir”, dina pamadegan ieu, mangrupa prosés jero, lain status instan. Jalma teu jadi suci ku ngaklaim dirina suci, tapi ku terus beberesih diri tina pamrih, bohong ka diri sorangan, jeung ego nu hayang terus dipikawanoh.
Salah sahiji hal penting nyaéta yén “Thâhir” kaasup ngaran Nabi Muhammad. Ieu lain ngan ngaran, tapi cerminan tina akhlak hirup. Nabi henteu hirup jauh ti masarakat. Anjeunna dagang, nikah, perang, ngahampura, ambek dina kaadilan, jeung ceurik dina kahilangan. Tapi dina sakabéh éta, aya hiji hal nu tetep: kajernihan niat.
Ibna ‘Arabi ngajelaskeun yén ku sabab éta, “Thâhir” nyambung jeung konsép tazkiyat an-nafs, panyucian jiwa salaku inti lalampahan spiritual (Ibna ʿArabi, 2002). Kasucian henteu nyabut kamanusaan, tapi ngaberesihan kamanusaan.
Sacara basa, “Thâhir” asalna tina akar “th–h–r,” nu hartina bersih, nyucikeun, leupas tina kokotor (Wehr, 1979). Dina fiqih, ieu akar dipaké pikeun bersuci ritual: wudu, mandi, thaharah. Tapi laku nanya leuwih jauh: kumaha lamun awak geus beresih, tapi haté masih pinuh ku dendam?
Kumaha lamun lisan maca doa, tapi niatna ngéléhkeun batur? Di dieu Ibna ‘Arabi masihan jawaban halus: bersih lahir teu cukup lamun teu dibarengan bersih batin. “Thâhir” nu sajati téh jalma nu sadar kana naon nu aya dina jero dirina, sarta wani beberesih eta saeutik-saeutik.
Salah sahiji konsép penting dina pamikiran Ibna ‘Arabi nyaéta tajallî—pancaran ayana Gusti dina rupa-rupa wujud kahirupan. Tajallî lain hartina Gusti robah jadi dunya, tapi dunya jadi cermin pikeun ningali sipat-sipat-Na. Tapi cermin moal bisa mintonkeun naon-naon lamun kotor. Haté nu keruh moal bisa nangkep tajallî. Ku sabab éta, “Thâhir” jadi kaayaan batin nu penting: kajernihan nu ngajadikeun hirup karasa bermakna (Chittick, 1994). Kadang tajallî karasa dina hal leutik: dina kasabaran, dina kahampura, dina rasa cukup. Eta lain hal spektakuler, tapi hal nu jero.
Ibna ‘Arabi ogé nyambungkeun “Thâhir” jeung prosés fanâ’—lebur ego palsu. Fanâ’ osok disalahpahamkeun minangka leungitna diri. Padahal nu leungit téh ego nu sok hayang unggul, lain jati diri. Sanggeus fanâ’, aya fase tasyakhkhus: jadi diri anu utuh, sadar, jeung tanggung jawab (Ibna ʿArabi, 2002). Jalma nu geus ngalaman ieu teu jadi asing ti dunya, tapi jadi leuwih dewasa dina dunya.
Kasucian batin ogé mawa urang kana rasa wahdah—kasatuan. Jalma nu haténa bersih henteu ningali hirup sacara potong-potong. Gagal jeung hasil, bungah jeung sedih, kabehna ditempo salaku bagian tina hiji alur gede. Seyyed Hossein Nasr nyebut ieu salaku pandangan sakral kana kahirupan, dimana dunya teu deui dianggap lawan spiritualitas, tapi wahana pikeun ngalamanana (Nasr, 1993).
Salah sahiji tanda jalma “Thâhir” nyaéta konsistensi. Naon nu diucapkeun henteu jauh ti naon nu dipigawé. Naon nu dipigawé henteu nentang naon nu dirasa. Ibna ‘Arabi nyebut kaayaan ieu minangka kasaimbangan zhâhir jeung bâthin. Jalma kitu biasana teu loba omong soal kasucian, tapi lampahna ngajadikeun batur ngarasa aman (Ibna ʿArabi, 2002).
Dina élmu huruf, Ibna ‘Arabi masihan makna husus kana unggal huruf “Thâhir”:
1. Thâ’ (ط): prosés nu tertib. Robah diri perlu waktu.
2. Hâ’ (هـ): dorongan jero pikeun jadi leuwih hadé.
3. Râ’ (ر): rahmat Gusti nu ngalembutkeun.
Eta ngingetan yén kasucian lain proyek instan, tapi lalampahan panjang antara usaha jeung rahmat.
Dina dunya modern, “Thâhir” bisa diwujudkeun ku cara sederhana:
a. Jujur sanajan teu aya nu ningali,
b. Nolak korupsi sanajan bisa meunang untung,
c. Ngurus kulawarga kalayan niat ibadah,
d. Sarta miara haté tina kabencian nu teu perlu.
Laku di dieu jadi etika hirup, lain kabur ti kanyataan (Nasr, 1993).
Ahirna, “Thâhir” ngajarkeun yén kasucian lain ngajadikeun urang leuwih luhur ti batur, tapi leuwih rendah hati. Jalma nu beresih haténa bakal leuwih gancang ngaku salah, leuwih daék diajar, jeung leuwih hampura. Kasucian téh lain jarak, tapi kedekatan. Kedekatan jeung diri sorangan, jeung sasama, jeung Gusti. Di dinya, “Thâhir” jadi jalan pikeun jadi manusa saenyana. Allâhumma innâ nusallimu wanushallî ´alâ sayyidinâ Thâhir SAW.
Daftar Pustaka
1. Chittick, W. C. (1989). “The Sufi Path of Knowledge: Ibn al-‘Arabi’s Metaphysics of Imagination”. Albany: State University of New York Press.
2. Chittick, W. C. (1994). “Imaginal Worlds: Ibn al-‘Arabi and the Problem of Religious Diversity”. Albany: SUNY Press.
3. Ibna ʿArabi, M. (2002). “al-Futûhât al-Makkiyyah” (Vols. I–IV). Beirut: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah.
4. Nasr, S. H. (1993). “Knowledge and the Sacred”. Albany: SUNY Press.
5. Wehr, H. (1979). “A Dictionary of Modern Written Arabic”. Wiesbaden: Otto Harrassowitz.
*****
Judul: THÂHIR “طاهر” — Jalan Kajernihan di tengah Dunya nu Rame
Penulis: Ceng NOER Widianingrat (Pembelajar Djatirumasa)










