MajmusSunda, Kota Bandung, 08/02/2026 – Sajak judulna “Katumbiri” jeung “Di Bandung Kuring Gandrung” diserat ku: Rian Aryawan. Asal ti Tasikmalaya, Jawa Barat, mahasiswa semester 4 Prodi Pendidikan Bahasa Sunda UPI entragan 2024.
Katumbiri
Katumbiri nutug leuwi,
Melengkung jengléngan karémbong widadari,
Dina lolongkrang situ paténggang jeung mumunggang gunung puntang,
Tempat ngancikna pupundén ati.
Katumbiri némbongan deui,
Kalangkangna lulumpatan dina beungeut cai,
Sugan téh mawa asih nu kaliwat,
Horéng témbongna ngan sakolébat,
Haté ambarayah teu ngahiji,
Katumbiri, iraha pasini deui?
Sersan Bajuri, 24 Januari 2025
Di Bandung Kuring Gandrung
Di Bandung kuring tepung, sanggeus lila haté suwung,
luwang-liwung teu manggih tungtung,
Geger Arum, tempat munggaran kuring gandrung,
tempat munggaran, jamparing asih niruk jajantung.
Di sapanjang jalan Roeslan Abdulgani,
mimiti nguntun tali pasini,
munggaran nyampaykeun areuy kahéman,
sugan anteb, meulit pageuh hésé diudar,
bulan anteng neuteup nyaangan,
basa leumpang paduduaan, jajap salira ka panganjrekan.
Di sapanjang jalan Geger Kalong, urang kungsi ngawangkong,
bari salira diuk tukangeun tonggong,
ngaharéwos semu halon:
“Aka, nyandak motorna alon-alon”
Di tukangeun gedong Isola, urang kungsi ngumbar carita,
basa sawala kahareupna rék kumaha,
silih teuteup, silih geugeut,
papada neuleuman eusi haté,
da abong haté, najan déét hamo teuing bisa dikobét.
Ka mana kuring mulangkeun kahéman?
Sapu nyéré pegat simpay













