Pagerbitis Mareuman Ngagalaksakna DI.TII di Tatar Pasundan

Penulis: Dr. Drs. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.B.A./Guru Toge

Artikel DI.TII diropea ku Dr. Drs. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.B.A.

MajmusSunda News, Bandung, Kamis, 2 Oktober 2025 – Darul Islam – Tentara Islam Indonesia (DI.TII),  lahir tina kuciwana Sekarmadji Maridjan Kartosuwiryo, kana hasil Perjanjian Renville awal taun 1948, nu di tandatangan ku Mr.Amir Syarifuddin Harahap salaku Perdana Menteri Republik Indonesia.

SM.Kartosuwiryo nganggap hasil perjangjian Renville teh, ngarugikeun pisan ka Indonesia nu karek lahir, wilayahna jadi ngariut ngaleutikan, ngan jadi saukur, Jogyakarta, Jawa Tengah, Jawa Timur jeung Sumatra, komo deui waktu kajadian Tentara Siliwangi kudu ninggalkeun tatar Pasundan, pindah Hijrah ka Jogyakarta, atuh puguh wae wewengkon Pasundan euweuh nu ngajaga.

Eta nu dipake masalah ku SM.Kartosuwiryo, jeung balad baladna tuluy diproklamasikeun Nagara Islam Indonesia (NII), tanggal 7 Agustus 1949 di kampung Cisampang – Cisayong Tasikmalaya. Kusabab dihiap hiap ku Pamarentah, DI.TII supaya nyerah sarta turun gunung, teu digugu, Kodam Siliwangi ngalancarkeun Operasi Bratayudha keur numpes gorombolan Kartosuwiryo.

Oprasi Bratayudha dikonsentrasikeun ka sababaraha Gunung nu aya keneh Leuweung geledegan, nu biasa dipake nyumput gorombolan Darul Islam -Tentara Islam Indonesia (DI.TII), keur ningker sarta mojokkeun gerak Tentara gorombolan, di Gunung Galunggung, Gunung Ciremai, Gunung Pangrango, Gunung Geulis, Gunung Kareumbi, Gunung Cakrabuana, Gunung Guntur jsbn.

Tentara Siliwangi, oge ngalatih para Pamuda Desa, keur ngabantuan tentara ngajaga kaamanan, tuluy dibere bedil (Sanjata) aya Garrand tapi lolobana bedil LE (Lee Enfield), dibere ngaran OPR (Organisasi Perlawanan Rakyat), saterusna disebut OKD (Organisasi Keamanan Desa), jaba tugas Ronda dihirupkeun deui.

Tungtungna Pamarentah geus keuheul pisan, Jenderal Abdul Haris Nasution salaku KASAD (Kepala Staf Angkatan Darat) badami jeung Mayor Jenderal Ibrahim Adjie- Panglima Kodam Siliwangi, tanggal 4-5 Juni 1962, ngahasilkeun Konsep PAGARBETIS anu unina Pasukan Garnisun Berantas Tentara Islam (DI.TII), nu diletah rahayat mah jadi Pagerbitis.

Didinya gumulungna Tentara Siliwangi jeung rahayat, paheuyeuk heuyeuk leungeun, silih bantu, silih belaan , supaya karaman gorombolan Kartosuwiryo gancang serah bongkokkan, teu ngaganggu kahirupan rahayat di padesaan

Harita jaman Pagerbetis, tentara seueur nu milu ngarereb di imah-imah penduduk, di rorompok pun bapa oge, harita di Gg.Empang/ Jln.Sukahaji -Empang Sumedang, aya saregu tentara nu ngarereb, ditempatkeun di paviliun imah beulah kenca, cukup keur sarare sarta ngariung 10-an Tentara, da ruangan cukup lega.

Sok resep lamun akang akang tentara giliran mulang Pagerbitis ti gunung, sok giliran 5/6 urang sewang, gantian turun atawa naek ka gunung ningker DI.TII. Kartosuwiryo, aya nu di Nanggorak, Gunung Kareumbi, di Cipancar baginda jrrd.

Paling resep lamun Akang Akang Tentara, keur bongkar pasang Senjata, aya Bedil Garrand, Stengun jeung Bren, dielapan, diminyakan, diberesihan supaya bedil teu macet, ti wangkid eta Sim Kuring hayang jadi Tentara, alhamdullilah katuliskeun ku malaikat, medio taun 70-an sim kuring abus tur icikibung di dunya Kemiliteran, tepi ka bisa jadi Komandan Batalyon, tapi awal taun 90an, sim kuring undur diri.

Eta operasina Pagerbitis Tentara jeung rahayat, di Leuweung, di gunung, teu eureun eureun giliran nakolan-nabeuhan kohkol (Kentongan) aya kohkol tina kai, oge kohkol tina awi bitung nu ngelentrung, bari ting corowok, ting gorowok pabedas bedas beuheung, diarahkeun ka luhur gunung, atawa ka jero leuweung, tiap poe lingkaran atawa buleudan Tingkeran Pagerbitis terus naek kaluhur, keur ngaleutikan ruang lingkup, gerak gorombolan.

Beuki lila gorombolan beuki katingker, jaba teu bisa deui ngarampog sumber kadaharan ka desa desa, loba nu kalaparan, kitu deui kulawargana nu di jero leuweung.

Tungtungna maranehna ngalabring serah bongkokkan turun gunung, menta dipikarunya ka TNI/Tentara, kusabab geus kalaparan teu dahar sababaraha poe, diantarana nu turun gunung tiheula: Adah Zaelani, Zainal Abidin, Ateng Jaelani jrrd, diiluan ku anak-anak buahna.

Tanggal 3/4 juni 1962, Batalyon Kujang dipimpin ku Mayor M.Sanif, jeung Letda Suhanda ngagerakkeun pasukanna ngepung wewengkon Gunung Rakutak, nyilidik nyumput dimana Imam DII.TII.Kartosuwiryo, nyumputna, akhirna sanggeus diobrot ku Pasukan Kujang, tungtungna Kartosuwiryo katewak tur serah bongkokan di Puncak Gunung Geber, deukeut kampung Cipaku Cicalengka, tanggal 4 Juni 1962, Kartosuwiryo jadi babandan.

Tanggal 5 Juni 1962, Dodo Muhammad Darda, anakna SM.Kartosuwiryo salaku Komandan Bantal Senata (Pangawal khusus ), mere iber tur parentah SM.Kartosuwiryo, supaya Sesa sesa DI.TII. nyerah sarta gancang turun gunung, iber tur parentah tadi disiarkeun sababaraha kali di RRI.

Sanggeus Kartosuwiryo serah bongkokan ka Tentara Siliwangi, tiap poe aya Gorombolan nu turun gunung, nyerah ka Tentara nu aya di desa tempat maranehna nyerah.

Taun 1963, kuring nyaksian gorombolan DI.TII. serah bongkokan menta ampun.ka Tentara jeung Pamarentah, ngagulung di wewengkon Wado arah ka Malangbong, pinuh ngaliud jeung anak Pamajikannana, aya meureun saratus jalma mah, Salakina nu jadi DI.TII. maragpag ngajajar pada ditalian kana tangkal tangkal nu araya di sisi jalan jeung buruan imah imah rahayat.

Maranehna disuntikan ku dokter jeung para mantri, mun ayeuna mah meureun eta teh suntikan antitetanus, atawa suntikan antimalaria.

Taun 1964 kadieunakeun, gorombolan geus beak tarurun gunung, desa-desa jadi cahayaan deui, denyut kahirupan rahayat mimiti oyag deui.

*****

Judul: Pagerbitis Mareuman Ngagalaksakna DI.TII di Tatar Pasundan
Penulis: Dr. Drs. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.B.A.
Editor: A. Noor

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *