MajmusSunda News, Rubrik Artikel/Opini/Esai, Rabu (27/11/2024) – Artikel bahasa Sunda berjudul “Munjung” ini ditulis oleh: Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Rektor IKOPIN University dan Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan, Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
“Engke jaganing pageto maneh ulah boga kahayang jadi jelema beunghar ku jalaran munjung ka buta hejo, nyegik ka bagong, kawin jeung jin iprit anu mangrupa ratu oray, jeung sajabana deui,” pokna pun aki ngamimitian ngadongeng bari jeung mamatahan kuring.
Hirup kuring basa keur budak loba dieusian ku rupa-rupa dongeng. Pun aki, nini, uyut istri, jeung uyut pameget, unggal peuting dipenta ngadongeng ku kuring. Saha bae anu kabeneran aya di hareupeun kuring, dipenta ngadongeng bari mepende kuring nepi ka sare tibra. Ka aranjeunna kuring ogoan lantaran kuring nyaho yen kuring diogo ku aranjeunna.

Dongeng munjung mangrupa salah sahiji dongeng anu nepi ka ayeuna masih nerap dina ingetan kuring. Bener-henteuna mah kuring ge teu nyaho, tapi anu karasa ku kuring sakabeh dongeng bisa jadi alat mekarkeun lamunan atawa imajinasi. Pan ceuk Einstein oge imajinasi leuwih penting batan pangaweruh atawa knowledge. Jadi dongeng teh nyata mangrupa sumber daya anu penting pikeun jadi salah sahiji media dina majuna bangsa urang.
“Lamun hayang beunghar maneh kudu sakola luhur. Boga elmu anu luhur diukur ku mangpaatna pikeun sakabeh jelema jeung saeusi alam,” ceuk pun aki neruskeun papatahna.
“Ari mamawa elmu mah teu beurat, teu kudu diwadahan bari jeung teu kudu dikonci dina hiji tempat, teu saperti harta-banda,” pun aki ngayakinkeun kuring supaya boga cita-cita sakola nu luhur.
“Aki ari munjung teh naon?”, kuring nanyakeun naon anu dimaksud munjung teh. Kuring bener teu nyaho da harita teh masih keneh di sakola dasar. Mun teu salah mah kuring harita masih diuk di kelas lima sakola dasar di lembur teh.
Ku kuring katempo, aki ngarenghap panjang bari panonna peureum.
“Kieu anaking incu Aki anu bageur,” pun aki ngamimitian ngadongeng.
“Ku lantaran Aki teh jadi anak yatim ti bubudak, nya hirup aki teh balangsak,” anjeunna ngamimitian bari ngarenghap panjang deui.
“Dina hiji waktu Aki teh mikir, naha ari batur bisa beunghar ari Aki hirup balangsak bae. Tapi kumaha carana da Aki mah teu kungsi sakola, teu boga modal, komo deui Aki mah teu boga tuturus keur ngarayap atawa puntangeun naek ka luhur,” pun aki ngajelaskeun kaayaan hirupna anu balangsak bari panonna beueus ku cipanon.
“Terus Aki teh neruskeun mikir. Kumaha carana upama hayang beunghar? Bray teh kabayang yen carana supaya gancang beunghar nyaeta kudu munjung,” anjeunna nerangkeun geus manggihan carana.
“Teras kumaha Aki?,” kuring nanya bari teu sabar hayang nyaho terusna kumaha.
“Aki tunyu-tanya ka babaturan. Aya anu ngabejaan ka Aki yen aya tempat di deukeut …(Aki nyebutkeun salah sahiji tempat). Terus Aki ngajugjug eta tempat. Manggihan kuncen tempat munjung eta. Aki ngedalkeun maksud kadatangan Aki ka eta kuncen,” pun aki ngagambarkeun mani rinci.
“Munjung ka kaon, Aki,” kuring teu sabar nanyakeun rek munjung ka naon pun aki teh.
“Munjung ka Ratu Oray, bageur,” anjeunna ngajentrekeun.
“Kuncen nanyakeun ka Aki ku basa kieu: Ari bapa tos terang persyaratana munjung ka Ibu Ratu di dieu? Aki ngajawab teu terang. Da memang jujur bae Aki teu terang,” pun aki ngajelaskeun.
“Upami kitu ku kuring rek dijelaskeun supaya Bapa terang persyaratana. Ayeuna Bapa kudu siap lantaran urang bakal ngalakonan asup ka hiji dunya anu beda jeung urang. Dunya anu teu katempo ku panon urang ayeuna. Bapa siap teu?,” kuncen mastikeun siap-henteuna.
“Ku Aki teh dijawab siap bae,” pun aki mastikeun.
“Terus Aki diajak asup ka hiji kamar di imah kuncen. Terus kuncen nyeungeut menyan dina parukuyan. Haseup ngebul. Kuncen maca sarupaning jampe anu ku Aki teu kaharti,” pun aki nerangkeun.
“Bapa ayeuna sok ngagoler di dieu,” kuncen nuduhkeun ka dipan anu aya di kamar eta.
“Nya Aki teh nurut bae ka parentah kuncen. Aki ngagoler. Terus kuncen nitah Aki peureum. Naha atuh les bae Aki teh teu sadar. Sadar-sadar Aki teh geus aya di hiji tempat anu nepi ka ayeuna Aki teu nyaho eta tempat ayana di mana,” anjeunna ngajelaskeun kajadian naon anu kaalaman ku pribadina.
“Kasep, di tempat eta Aki nyaksian jelema-jelema anu disiksa ku setan atawa iblis anak buah Ratu Oray. Aya anu dijadikeun suluh. Aya anu dijadikeun tatapakan, jeung gambaran panyiksa sejenna. Di dinya, Aki manggihan jelema:-jelema anu di alam dunyana kasohor beunghar. Naha geuningan kabeungharan di alam dunya teh kudu ditebus ku siksaan beurat di alam sejen,” pun aki ngajentrekeun pangalamanna salila alam sadarna keur nyaba ka alam sejen.
“Kumaha Bapa, bade teras atanapi kumaha kahoyongna,” kuncen nanya basa pun aki geus sadar.
“Aki teu mikir panjang. Dijawab ku Aki kieu: Teu sudi teuing aing munjung upama carana kitu,” anjeunna ngajelaskeun kaputusan anu dipilihna sanggeus nyaba ka alam dunia munjung.
“Geus disiksa ku jurig, engke diteruskeun disiksa Gusti Alloh di naraka. Audzubillah,” pun aki tuluy ngawurukan yen urang ulah ngalakukeun muja salian ti ka Gusti Alloh SWT.
Kuring ngaregepkeun dongeng Aki bari ngarasa heran, geuningan pihak-pihak mahluk saperti Ratu Oray teh mere nyaho ti heula perkara kontrak meunang kabeungharan ti manehna jeung sarat babayarna. Jadi, lain panipuan saperti antara tupa-tipuna bangsa jelema.
***
Judul: Munjung
Penulis: Agus Pakpahan
Editor: Chye Retty Isnendes