MajmusSunda News, Bandung (30/10/2025) – Dina basa Sunda, nganjang ka pagéto sacara harfiah hartina “berkunjung ka besok lusa” — hiji ungkapan nu sabenerna mibanda makna simbolik pisan jero. Babasan ieu ngagambarkeun hiji kamampuhan jalma pikeun “miterang” atawa nyangking wawasan ngeunaan kajadian anu bakal datang.
Karuhun Sunda nyebut sababaraha istilah nu raket patalina jeung ieu makna:
1. Weruh sadurung winarah, nya éta bisa nyaho saméméh kajadian lumangsung.
2. Waspada permana tingal, hartina bisa nyaho hiji kajadian tanpa kudu ningal langsung.
3. Sakti, nya éta boga kakuatan batin atawa pangaweruh nu leuwih jero tibatan logika biasa.
4. Pinter, nya éta bisa maca tanda-tanda kahirupan sarta parobahan alam.
Nanging, pamahaman ngeunaan nganjang ka pagéto henteu kedah dipatalikeun jeung hal-hal klenik atawa ramalan. Dina akidah Islam, ngaramal atawa ngalakukeun praktek nujum téh jelas dilarang sabab ngandung unsur mendahului takdir Allah.
Ku sabab kitu, dina kerangka dunia modern jeung syariat Islam, bisa nganjang ka pagéto téh langkung luyu lamun ditafsirkeun minangka kemampuan ilmiah pikeun memprediksi masa depan dumasar kana data, fakta, jeung hasil pangamatan di masa ayeuna.
Sakumaha dina élmu pengetahuan urang tiasa ngitung iraha bakal aya gerhana bulan atawa panonpoé, kitu deui dina élmu lingkungan urang tiasa ngaramal iraha banjir atanapi kekeringan bakal datang — sadayana dumasar kana logika ilmiah jeung analisis data.
Janten, nganjang ka pagéto dina pamahaman kiwari téh sanés praktek supranatural, tapi wujud tina kajembaran élmu pangaweruh, kasadaran kana hukum sebab-akibat, jeung kamampuan mikir jero pikeun nyanghareupan waktu nu bakal datang kalayan tanggung jawab.
Sanaos kitu, karuhun Sunda nyimpen makna éndah dina babasan ieu — yén jalma nu bisa “nganjang ka pagéto” téh henteu saukur pinter, tapi ogé waspada, bijaksana, jeung sadar kana akibat tina sagala lampahna. Dina éta harti, nganjang ka pagéto téh sarua jeung ngahudang rasa tanggung jawab kana kahirupan: yén naon anu urang lakukeun ayeuna bakal nangtukeun kumaha rupa pagéto urang engké.
Ampun paralun
Kang Eep
*****
Judul: Makna Babasan “Nganjang ka Pagéto”
Penulis: Eep S. Maqdir












