ISBI Bandung Muka Prodi Penca Silat

Ngajurung Ngadegna Academy of Arts Delegasi Indonesia di UNESCO Prancis

Tim nu ngajukeun Penca Silat jeung Academy of Arts Delegasi Indonesia di Unesco Paris   masamoan, Rebo (21/5/2025) di Imah Dines Sekda Jabar Herman Suryatman di Bandung (Foto: Asep GP)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Kamis (22/5/2025) – Hal ieu katohyan nalika Tim pengajuan Prodi Seni Pencak Silat ISBI Bandung jeung usulan Academy of Arts  anu dimediasi Yoyon Darsono  “Ngadu Bako” jeung  Sekda Jabar, Herman Suryatman, di imah Dinas Sekda Jabar Jl. Aria Jipang No. 2 Kota Bandung, Rebo (21/5/2025).

Rawuh harita Rektor ISBI Bandung Retno Dwi Marwati,  Prof.Een Herdiani , Alit Didin Suhana, Yoyon Darsono, Deni Poniman, Deden Samsudin, jeung Dadan Setiadi, kaasup Wa Ajis jeung Kang Joel  (alumni ISBI) ti aliran Maenpo Cikalong, jsb.

Ngadu bako, silaturahmi bari ngopi jeung Sekda Jabar, Herman Suryatman ngahasilkeun ide-ide nu nyongcolang di imah Dinas Sekda Jabar (Foto: Asep GP)

Sekda Jabar,   Herman Suryatman, ngapresiasi jeung kacida ngarojongna kana gagasan anu ditepikeun   Yoyon Darsono, Rektor ISBI Bandung jeung Alit  Didin Suhana.

“Hal ieu bakal ngundakeun usaha dina  ngamumule sareng numuwuh mekarkeun sarta ngamangpaatkeun   kabudayaan pikeun masarakat, “ saur Herman Suryatman.

Ku kituna Rektor ISBI Bandung, Retno Dwimarwati ge kalintang nganuhunkeunana kana pangrojong  ti Sekda Jabar. Ku kituna ceuk rektor, pihakna  bakal langsung tatahar ngadegkeun Prodi Seni Penca Silat di Jurusan Seni Tari Fakultas Seni Pertunjukan ISBI Bandung.

“Pencak Silat kedah dilebetkeun kana atikan pormal supados tiasa diwariskeun sacara struktural  ka generasi ngora / mahasiswa. Hal ieu ge kalintang utamina kanggo muka  jalan gede sasapuan ngalancarkeun ngadegna Academy of arts di Prancis, sakumaha anu diajengkeun ku Pa Alit, ” ceuk Rektor ISBI.

Alit Didin Suhana, Panaratas Academi of Arts,  miharep rojongan ti pamarentah (Foto: Asep GP)

Sakumaha anu pada terang,  Alit Didin Suhana  teh manten staf UNESCO Prancis anu nga –gol– keun Penca Silat Goes to UNESCO nepi ka diakuna Penca Silat minangka Warisan Budaya Tak Benda (WBTB) ti Indonesia ku UNESCO,   taun 2019 di Bogota Colombia.

Guru Besar Tari ISBI Bandung Prof. Een Herdiani ge sapuk, lamun  penca silat diasupkeun kana atikan pormal. Seug komo penca silat geus diaku  ku Unesco. Ku kituna ceuk Een ulah nepi ka aya kajadian, ku Unesco mah diaku jadi  warisan dunia tapi ku urang dimomorekeun.

“Komo urang mah gaduh perguruan tinggi seni – budaya anu tiasa janten wadah  ngahijikeun sakumna aliran penca silat anu aya di urang.   Supados kamumule sareng diajarkeun ka mahasiswa, ka generasi ngora ku cara anu  terstruktur.  Hatur nuhun  Pa Sekda kana support na,” ceuk Een, anu kungsi ngajabat Rektor ISBI Bandung.

Pangrojong jeung apresiasi ti Sekda Jabar ieu tangtu wae  jadi hiji  kabingah pikeun Pa Alit, salaku  panaratas  academy of arts  Delegasi Indonesia di Unesco Paris – Prancis.

Alit anu geus puluhan taun dumuk di Paris ge nganuhunkeun ka Yoyon Darsono. Alit memang dina hal ieu ngokojokeun Kang Yoyon jeung wadya baladna pikeun nyawalakeun hal ieu jeung sakabeh pihak utamana pamarentah daerah Provinsi Jabar, atawana  jeung pihak Kementerian Kebudayaan RI, kaasup jeung ISBI Bandung, “Mugia Academy of Arts Delegasi Indonesia di Ferancis bakal enggal ngadeg,  “ pokna pinuh harepan.

Tim Seja Nepangan Menteri Kebudayaan di Jakarta

 Ide gagasan ngadegkeun Academy Of Arts Delegation Indonesia To UNESCO France, ceuk Yoyon, estu  hasil pemikiran Alit Didin Suhana anu ditepikeun ka Yoyon Darsono sababaraha taun katukang ngaliwatan telepon langsung ti Paris. Alit minangsaraya ka  Yoyon sangkan nyusun tim  jeung nepikeun gagasanana ka pihak pamarentah daerah Jawa Barat jeung Kementerian Kebudayaan RI.

Yoyon Darsono Pupuhu Tim jeung Sekda Jabar Herman Suryatman, rukun gawe  babarengan ngajaga ngariksa seni budaya Sunda (Foto: Asep GP)

Saterusna hal ieu diteruskeun ku  Yoyon ka  Rektor ISBI Retno Dwimarwati, anu saterusna sapuk pikeun ngayakeun gempungan di ISBI Bandung ping 3 Mei 2025. Kaasup Alit anu harita ngahajakeun datang ti Paris ka Bandung.  Rektor ISBI kalintang ngarojongna kana gagasan Academy Of Arts Delegasi Indonesia di Unesco Prancis, sabab  ISBI Bandung ge geus lila nataharkeun  rek muka Program Studi (prodi) Seni Penca Silat, “Tangtosna hal ieu bakal silih rojong, rukun gawe sasarengan, “ ceuk  Yoyon.

Tumali jeung rencana muka Prodi Seni Pencak Silat di ISBI Bandung, “Estu  hal ieu mangrupi  kawajiban Institusi perguruan tinggi  anu gaduh tanggel waler janten bebenteng,  ngamumule sareng numuwuhmekarkeun seni budaya Sunda ku cara akademis. Padepokan atanapi paguron, club, sareng para praktisi penca silat  tangtos kalintang ngabageakeunana kana ngadegna  Prodi Pencak Silat di perguruan tinggi. Tangtosna anggota paguron atanapi padepokan sareng pakempelan penca silat sanesna upami hoyong neuleuman elmu penca anu langkung jero deui tiasa neraskeun kuliah di Prodi Pencak Silat, Fakultas Seni Pertunjukan ISBI Bandung. Tah kapayunna lulusan  Prodi Pencak Silat ieu tiasa janten guru atanapi dosen anu bakal nepakeun pangaweruhna ka masarakat,“ kitu ceuk Yoyon.

Keur audiensi (pertemuan pormal) jeung  Kementerian Kebudayaan,   Yoyon geus ngirim surat ka Menteri Kebudayaan di Jakarta anu diteken ping 1 Mei 2025.

Yoyon  ge kalintang nganuhunkeunana ka Pa Sekda anu parantos nampi timna  jeung masihan bongbolongan, pangrojong jeung saneskantenna dina enggoning ngajaga,  ngariksa,  jeung ngapungkeun seni-budaya Sunda ka Jomantara.

“Abdi saparakanca ge nganuhunkeun ka Prof. Dr. Aman Wirakarta Kusumah sareng Prof. Dr. Fauzi Soelaiman, aranjeunna kantos janten Dubes UNESCO Paris, sareng kalintang ngarojongna kana hal ieu , “ kitu ceuk  Seniman Sunda  jeung Dosen ISBI Bandung anu geus  ngalanglang ke 5 Benua ngawanohkeun musik tradisional Sunda. Yoyon anu tapis ngamaenkeun sakabeh alat musik tradisional Sunda, dipikawanoh oge  salaku konseptor musik Kolaborasi KRAKATAU BAND ETHNO, pingpinan Dwiki Dharmawan. (Asep GP)

***

Judul: ISBI Bandung Muka Prodi Penca Silat
Jurnalis: Asep GP
Editor: Prof Chye

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *