MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Selasa (26/11/2024) – Sabada sukses ngagelar Pesta Seni Budaya Asia Tenggara bulan Maret 2023, Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, kapeto deui jadi tuan rumah festival internasional “Festival Seni Budaya ASEAN 2024” anu digelar di Gedung Kesenian Sunan Ambu, Kampus ISBI Jln. Buah Batu No.212 Kota Bandung, (23-25/11/2024).
Kagiatan ieu mangrupa gawe rukun/kolaborasi nagara ASEAN kayaning Indonesia, Malaya (Malaysia), Singapura, jeung Bangladesh. Festival seni budaya ieu magelarkeun saniskara pintonan saperi seni tari, seni karawitan, seni teater, sarta paguneman (diskusi) seni budaya.
Dina poe kahiji, pestival dibuka ku “Tari Rampak Kendang” ti ISBI Bandung, mangrupa hiji karya tari anu meunang ngaropea tina waditra musik ritmis tradisional, Kendang Sunda.

Lian ti eta ISBI Bandung ge mintonkeun 3 karya seni liainna, kayaning:
1. Tari “Joged Runggien”, ti Jurusan Seni Tari (23/11/2024). Tarian ieu ngagambarkeun penari Ronggeng anu keur ngahibur masarakat dina suasana anu sarumanget jeung garumbira;
2. Musik “Tatabeuhan dina Karawitan Sunda” ti Jurusan Seni Karawitan (24/11/2024). Tatabeuhan dina Karawitan Sunda, hiji kamonesan keur ngungkabkeun ekspresi musikal ku saniskara estetika anu aya dina Karawitan Sunda. Aspek musik karawitan Sunda anu diangkatna nyaeta tumali jeung aspek karawitan mandiri jeung pungsional. Dua aspek eta jadi kaidah penting dina ngungkabkeun ma’na estetik dina Karawitan Sunda;
3. Monoloh “Balada Sumarah” yasana Tentrem Lestari, pintonan Jurusan Seni Teater ISBI Bandung (24/11/2024). Nyaritakeun perjuangan hiji wanoja Sumarah anu ngarandapan diskriminasi, dikakaya, jeung nyanghareupan kateuadilan.
Sedengkeun ti nagara tatangga dina Pestival ieu mintonkeun karya-karya petinganana, kayaning:
1. Tari Sekolah Seni Malaysia Johor – Tarian Inang ya Maulay – Joged Kasih Si Die;
2. Gerak Teater Johor Malaysia “Manusia Raja” karya asal Dudok, olahan jeung arahan Azmi Senjakala. Manusia Raja ieu nyaritakeun tokoh Alif, hiji lalaki anu keur nyanghareupan ruwetna kahirupan tina pangaruh Hamsa. Hamsa anu teu weleh ngaharewosan ngajak kana kajahatan, terus mangaruhan Alif sangkan ngarogahala sobatna anu ngaran Shazali lantaran geus ngahianat ka manehna;
3. Musik Singapura yasana Saleh Buang.
Dina poe katiluna, lumangsung Diskusi & Workshop kolaborasi 4 nagara anu diiluan ku mahasiswa Jurusan Seni Tari, Seni Karawitan, Seni Teater, jeung Seni Rupa. Materi Seni Tari & Musik ditepikeun ku Saleh Buang (Singapura), materi Seni Rupa ku Lutfa Mahmuda (Bangladesh), sedengkeun materi seni Teater diguar ku Dr. Alfian Siagian (Indonesia), Dr. Andika Aziz, jeung ku Bung Kacil (Malaysia).
Dina Peutingan Panutupna, para tamu ondangan dihibur ku pintonan Kolaborasi Teater anu judulna “Haji Bakhil” yasana L’Avare ku Moliere, diropea ku ST. Iskandar, laju diadaptasi ku Pedro Sarjono, sarta disaluyukeun deui ku Salim Emde Punjabi, anu diolah ku Persatuan Sanggar Mancasari, Malyaa.
Carita Haji Bakhil ieu minangka adaptasi tina komedi klasik L’Avare yasana Molière, laju ieu tokoh teh diadaptasi jadi tokoh carita Haji Zainal. Jejer caritana ngadongengkeun Haji Zainal. Hiji lalaki anu geus kolot tapi kacida beungharna ngan hanjakal we kacida meditna, koret buntut kasiran. Haji Zainal hiji jalma anu kacida dudunyana, hirupna samata-mata keur neangan harta kakayaan nepi ka mopohokeun kulawargana sorangan.
Konplik utama muncul nalika Haji Zainal nekad kawin deui ka parawan ngora nu ngaranna Anna (Maryam), bari teu apaleun yen anakna sorangan Nadim (Hasan) mikacinta Anna. Manehna ge teu nyatujuan nalika budak awewena anu ngaranna Nisa, bebeja rek rendengan beber layar muka carita anyar jeung beubeureuhna nu ngaranna Maslan, alesanana ngawinkeun budak mah bakal ngakan waragad anu badag, bakal ngurangan kana harta bandana.
Carita beuki pabeulit, konflik tambah undak basa kajadian peti anu dieusi duit emas bogana Haji Zainal leungit. Haji Zainal murang-maring jadi suuzdon nyangka maling ka sarerea, kaasup ka lanjang/ badegana na anu satia. Di sejen pihak Maslan jeung Nisa baradami nyieun jalan keur ngalawan pamadegan bapana anu mantangul teuas alahbatan batu karang.
Kalayan ngagunakeun gaya satir anu janaka, Haji Zainal (Bakhil) nggambarkeun, kumaha kasarakahan jeung obsesi kana duit teh matak megatkeun hubungan kulawarga jeung nyasarkeun jalma tina kabagjaan anu sajati. Dina lalakon ieu Molière kalayan cerdas ngaeksplorasi tema angen-angen, cinta, jeung ironi kahirupan, mawa pesan moral anu relevan nepi ka mangsa kiwari.
Tangtu wae ku kapetona deui ISBI jadi sahibul hajat Pesta Seni- Budaya ASEAN ieu, Ngajantenkeun kabingah jeung rasa reueus Rektor ISBI Bandung, Retno Dwimarwati. Pesta Budaya Asia Tenggara ditaratas taun 2023 di ISBI Bandung. Mangrupa hiji pakumpulan jalma-jalama anu miduli kana seni pintonan di Asia Tenggara , wadah gawe rukun jeung nyiar luang (pangalaman) ti pada urang , “Abdi saparakanca mayeng nagayakeun acara taunan sapertos seni pintonan, workshop, pameran sareng gawe rukun, “ ceuk Retno.
Silih tukeur elmu jeung pangaweruh diantara lembaga atikan seni komunitas, ceuk Retno kacida utamana dina mekarkeun pamahaman anu leuwih jembar dina hal seni jeung nyieun jaringan kolaborasi nu kuat. ISBI Bandung kacida ngarojong jeung ngabageakeunana kana kagiatan babagi luang, ide, wawasan jeung ilham dina hal seni budaya, diantara Delegasi ASEAN ieu.
Retno ngarasa yakin, acara ieu bakal loba pulunganeunana keur sakabeh pihak, ku kituna Retno umajak ka sabaeh pamilon ti Nagara ASEAN ieu sangkan terus ngaraketkeun tatali silaturahmi, tukeur pikiran, jeung ngawangun gawe rukun anu matak nguntungkeun. Kujalan kitu, sarerea bisa nyiptakeun lingkungan pendidikan anu leuwih dinamis dina widang seni jeung budaya.
“Hatur nuhun kana partisipasi Tamu-tamu terhormat ti Asia Tenggara, delegasi ASEAN, Mahmuda Akter Lutfa ti Dhaca University, bung Kancil, Saleh Buang ti Singapuri, Widi Dwinda, S.I.Kom, Anwar Zulkifli, S. H (Pisang anwar) ti Malaya, Erli Norafiza Abu Hafiz (Bu Cura), Dr Andika Aziz Hussen, Haliza Binti Mohd Rashidi ti Johor Malaysian Art School, Dr Febri Yulika ti Institut Seni Indonesia (ISI) Padang Panjang. Abdi yakin gawe rukun antawis ISBI Bandung sareng Pesta Budaya Asia Tenggara bakal maparin mangpaat ageung kanggo sakumna pamilon. Mugia gawe rukun Pesta Budaya Asia Tenggara anu ka-2 ieu aya lajuninglakuna sareng kapayunna langkung produktip,“ kitu saur Bu Rektor.
Di pihak sejen, Cikgu (guru) Paris ti Sekolah Seni Johor Malaysia, rengse magelaran dina poe munggaran (23/11/2024) balaka ka wartawan, ngarasa reueus jeung bagja sarta kacida nganuhunkeunana dilibetkeun dina acara anu diayakeun ku ISBI Bandung ieu. Paris miharep acara ieu ka hareupna teu mung ukur di tingkat ASEAN tapi parat nepi ka diiluan ku nagara-nagara sadunya.
Kitu deui Haliza Binti Mohd Rashidi, Ketua Pasukan Tim Kesenian Sekolah Seni Johor Malaysia anu harita milu kaul ngibing bareng jeung para Pangiring liana, sarua ngarasa bagja jeung kagagas cenah ge lantaran anak muridna bisa mintonkeun kabisana dina kegiatan seni budaya Asean, sabab saacana can kungsi magelaran dina acara anu gede kawas ayeuna, ”Saya sangat suka hati sebab oleh pemerintah Indonesia diberi platfoarm seperti ini, untuk bergabung di Pesta Seni Budaya Negara Asean, sebelumnya tidak ada yang begini, jadi sangat suka hati, kami terharu dengan semua acara yang digelar oleh ISBI Bandung,“ pokna make basa Malayu Malaya.
Keur kitu teh kabagjaanana tambah deui lantaran aya tawaran beasiswa kuliah di ISBI Bandung, cenah ge. Dina kagiatan harita Sekolah Seni Johor Malaysia anu boga 4 prodi/jurusan musik, tari, visual jeung teater teh, mawa 21 urang rombongan anu ngawengku guru (Cikgu), pelajar jeung pengiring.
***
Judul: Festival Seni Budaya ASEAN 2024 Sukses Digelar ISBI Bandung
Jurnalis: Asep G.P.
Editor: JH