MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Sabtu (8/11/2025) – Kagiatan Milangkala PATREM ieu lumangsung di Gedong Pusat Budaya Sunda, Jl. Dipatiukur No. 46 Bandung , Saptu, (8/11/2025).
Sakumaha anu pada terang, Hj. Dr. (HC).Popong Otje Djundjunan, atawa Ceu Popong teh dipiwanoh salaku Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda. Anjeuna ge anu marajian lahirna PATREM.Tah dina Milangkala PATREM harita Ceu Popong ge rawuh sarta masihan bongbolongan ka sakumna Panatacalagara(panitia) jeung ka nu sugri hadir harita.
Dina pangbageana ieu Indung Sarerea, nu kungsi 5 periode jadi anggota DPR RI (1987 -1999& 2009 -2019) teh, nandeskeun yen PATREM mawa Harga Diri Wanoja Sunda. “Eta anu utamana mah” saur Ceu Popong.


Ceu Popong ge peupeujeuh, ka PATREM jeung ka sarerea dina organisasi mah nu kahijina mah rukun gawe babarengan. Kapanan harti Organisasi teh kerjasama/ gawe rukun, milik sarerea , tanggung jawab sarerea . “Upami ku Sunda, PATREM teh, Nu Urang, Ku Urang, Keur Urang, Jeung Keur Batur” kitu pokna.
“PATREM teh, harti lahiriahna mah ‘Cucuk Gelung’. Tapi aya harti nu sejen, nyaeta moal bisa abus PATREM lamun, teu daek nulis,” kitu saur Ceu Popong.

PATREM teh nyaeta Paguyuban Sastrawati Sunda, organisasi sastra wanoja Sunda nu diadegkeun ping 4 November 1982. Organisasi ieu make logo “patrem” (cucuk gelung) minangka simbul kekuatan, kahormatan, martabat, jeung keendahan Wanoja Sunda. PATREM boga udagan numuwuhmekarkeun karya sastra Sunda sarta remen ngayakeun kagiatan sastra jeung kawanojaan.


Salah saurang panaratasna, Aam Amalia netelakeun, yen Patrem awalna mangrupa hiji kumpulan pangarang wanoja Sunda. Salah sahiji panatarasna Ningrum Djulaeha (Suargi) . Saterusna dibentuk Paguyuban Ku Ningrum jeung Tini Kartini, Yooke Tjuparmah, Naneng Daningsih, Ami Raksanagara, Aam Amilia, jrrd.
PATREM resmi disahkan ping 18 November 1982
Pangurus PATREM Taun 2021-2025, Chye Retty Isnendes (Pupuhu), Dra. Hj. Eulis Hendrayani, S.Pd., M.Pd. (Wakil Pupuhu), Hena Sumarni, S.Pd., M.Pd. (Girang Serat /Sekretaris) sarta Sri Teti Herawati, S.Pd., M.Pd. ( Panata Harta/Bendahara).

Dina acara anu dituyun ku MC: Hayati MA, S.Pd., M.Hum., jeung Maos Quran ku Ani Herliani, S.S., harita rawuh oge Chye Retty Isnendes salaku Pupuhu PATREM, Ambu Dr. Hj. Yooke Tjuparmah, S.K., M.Pd. jeung Prof. Dr. H. Yus Rusyana salaku Pangaping.
Dina kagiatan harita ge aya Panguneman Sastra nu di Moderatoran ku Risnawati, S.Pd., M.Pd.. Para Pangjejerna, Drs. H. Tatang Sumarsono, Hj. Aam Amilia, jeung Dr. R. Dian Hendrayana, S.S., M.Hum.
Tatang Sumarsono, miharep sangkan PATREM nyieun ipukan Sastra Sunda PATREM, di tiap sakola, Tapi kudu diimeutan heula cenah ge, sakola mana nu boga potensi kana sastra Sunda. Kahiji guru-na, kadua lingkunganana.
Saterusna ceuk Tatang, garapan Ipukan Sastra Sunda (ISUN) teh bisa wae teu saules. Jadi upamana di kacamatan ieu aya sakola anu barudakna kuat kana maca, anu ieu mah resepna kana pupuh, di sakoa kacamatan itu mah kana drama, eta kudu dihirupkeun.
“ Eta janten garapan PATREM, PATREM anu gaduh lalakon,” kitu ceuk Kang Tatang.
Tatang ge ngingetkeun perluna Ipukan Sastra Sunda nu terukur jeung terprogram, upamana, “PATREM ngayakeun pasanggiri, nu diwakilan ku sakola anu Ipukan Sastra Sunda. Kapungkur aya IPK aya IPOR. ” Ceuk KangTatang.
Dr. R. Dian Hendrayana, S.S., M.Hum mah umajak, ka pangarang-pangarang PATREM anu harade tur boga karakter sangkan narulis di MANGLE.
Danget ieu MANGLE nuju meryogikeun Carpon-carpon ti PATREM, sapertos Carita Nyambung.
“Mangga diantos pisan kanggo kirang langkung 5 atanapi 6 episode da ayeuna Mangle medalna sasihan” kitu ceuk Dian.
Harita lian ti anggota PATREM & SIRUNG PATREM, acara ge diluuhan ku para sastrawan Sunda jeung tamu ondangan lianna, saperti Abdullah Mustappa (Pangarang Sunda), Cecep Burdansyah (Pangarang, Pupuhu PPSS), Rahmat Taufik Hidayat (Direktur Pustaka Sunda), Gelar Taufiq Kusumawardhana (Ketua YBVS), jeung Carianingsih, MSi., Ph.D (Co Founder Muslimah Jawa Barat)

Carianingsih, MSi., Ph.D, harita ngawakilan Muslimah Jawa Barat, nepikeun pangwilujeng ti Ustadzah Hj. Ummu Aiman (Founder Muslimah Jabar), yen Muslimah Jabar ngiring bingah tur reueus Patrem parantos nincak 43 warsih.
“Mugia Patrem neras barokah sadaya kagiatanana, oge mugia neras sehat para pengurusna sareng anggotana. Mugia Patrem oge salawasna mageuhan syiar Islam dina budaya Sunda, kumargi sajatina Islam téh Sunda, Sunda téh Islam. Masarakat Sunda nu soméah hadé ka sémah, leubeut ku filosofi nu hadé tur luhung saluyu sareng ageman Islam.
Mugia dina yuswa Patrem nu neras ngaronjat, Patrem neras makihikeun kalungguhanana salaku paguyuban sastrawati anu ngadumaniskeun ajén- inajén Islam dina budaya Sunda, utamina dina karya-karya sastrana. Aamiin,” kitu saur Carianingsih.

Di sejen pihak Asep Zaenal Mustofa ti MajmusSunda News, anu harita sami hadir ge, umajak ka para anggota PATREM sangkan ngeusi tulisan di MajmusSund News.
“Bilih bade ngeusi seratan saminggu sakali mangga, atanapi bade unggal dinten ge manga.Malih unggal jam ge mangga diantos seratanana di MajmusSunda News”, ceuk Asep Daria naker.
Acara milangkala dipungkas ku musikalisasi sajak nu judulna “Nu Nyusuk dina Sukma” jeung ” Bulan di Pamarican”, yasana Chye Retty Isnendes, anu dibacakeun ku Puan Maharani hung Marsha Azkia Fauziah, entragan 2024, Prodi Pendidikan Bahasa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia(UPI) Bandung.
***
Judul: Ceu Popong Rawuh dina Milangkala PATREM ka-43, Miharep PATREM Eksis Salalawasna
Jurnalis/Penulis : Asep Zaenal Mustofa (AZM)
Editor: Jumari Haryadi










