Carpon: Jurig Bungkeuleukan

Diserat ku Érmawar Ligar

MajmusSunda News, Kota Bandung, 06/02/2026 – Carpon judulna “Jurig Bungkeuleukan” diserat ku: Érmawar Ligar atawa Fitri Fuzi Nirmala, asal ti Kabupaten Bandung Barat, Jawa Barat, status mahasiswa semester 6 Prodi Pendidikan Bahasa Sunda UPI.

Unggal poé nu jadi kolot téh mapatahan ka kuring. Pon kitu deui lanceuk. Ngan, nu paling diinget nepi ka ayeuna nya peupeujeuh ti indung ngeunaan lalaki.

“Kadé, Ema mah nitip ka Ika, ulah waka bobogohan. Kacontoan geuning lanceuk manéh duanana kumaha mun teu nurut ka Ema mah, pan langsung dikawinkeun lulus SMA téh. Lain nanaon, paur Ema mah, komo ka budak awéwé. Omat, ulah waka apal ka lalaki Ika mah.”

Kitu kirana nu kadéngé ku kuring saban isuk téh. Ngan diwalon ku muhun jeung unggeuk baé. Sanggeus dipapatahan kitu mah kuring téh tuluy ngagidig ka sakola. Indung kuring pohara wanti-wantina sangkan kuring ulah waka boga kabogoh saméméh lulus SMA mah, nya kuring nurut baé, nepi ka kelas 1 SMP téh can kungsi bobogohan.

Peutingna, cara sasari kuring latihan pencak silat di balé désa. Aya kana sataunna kuring diajar téh. Harita, babaturan téh ujug-ujug ménta dianteur balik heula ka imahna, teu loba tatanya, gidig duaan. Barang geus nepi ka hareupeun imahna, pok manéhna ngomong.

“Tuh, si A Harun hayang kenalan cenah,” ceuk manéhna bari ngajurungkeun kuring sangkan nyampeurkeun ka lalaki hideung santen nu keur nangtung di pipir imahna.

Geus kitu mah cul waé kuring téh ditinggalkeun ku babaturan, kari kuring jeung éta lalaki duaan. Di tempat nu poék, simpé, taya jalma séjén nu liwat hiji-hiji acan. Angin peuting mimiti karasa tiisna, nambahan geumpeur awak kuring.

“Wanoh ka Aa?” manéhna nanya bari neuteup. Kuring bororaah neuteup balik, dalah ngarénghap gé asa eungap.

“Wanoh,” témbal kuring.

Pok deui manéhna ngomong, “Aa rék ngomong serius.”

Deg, kuring apal manéhna rek ngomong naon. Hawa tiis nu tadi karasa téh ayeuna beuki nyelecep, nambahan baal kana tungtung-tungtung ramo.

“Aa bogoh ka Ika, ditampi moal?”

Kuring ngabigeu, bingung kudu kumaha ngajawabna. Kuring teu bogoh ka manéhna, kuring ogé embung ngarempak peupeujeuh ti kolot. Tapi saéstuna, kuring ogé ngarasa sieun, manéhna téh lalaki sawawa, bédana gé genep taun jeung kuring téh, katurug-turug manéhna téh nu sok ngalatih silat di ieu lembur. Sieun ku dua ku tilu, tapi rasa sieun kuring harita leuwih gedé batan rasa sieun kuring teu nurut ka kolot.

“Kumaha?” manéhna nanya deui nempo kuring ngahuleng téh.

“Enya,” ngan sakitu nu bisa kaluar tina biwir kuring.

Pok deui manéhna nanya, “saurna mah Ika téh bogoh ka A Wawan, enya éta téh?”

Tah, éta geuning apal, mun geus apal mah atuh maké jeung némbak kuring, jeung apal ti mana deuih manéhna yén kuring bogoh ka A Wawan?

“Henteu, saur saha éta téh?” duh, ngawadul deuih. Padahal dina jero haté mah meni asa hayang mokpokeun ‘muhun, A. Muhun leres, simkuring téh bogohna mah ka A Wawan. Jajaka nu hérang panonna, bersih haténa.’

“Nya saur batur,” ceuk manéhna.

“Henteu, wadul éta mah.”

Pikir kuring harita keun baé lah, tarima heula wé saayeunaeun mah tibatan kumaha onam. Perkara megatkeunna mah urang pikiran wé isuk pagéto, nu penting mah kuring hayang geuwat indit ti dieu.

“Hayu,” ceuk manéhna ngajak balik deui ka balé désa bari nyekel leungeun kuring, dikitukeun téh asa muringkak.

Tepung deui malem Ahad. Karék gé leumpang sakeudeung ti buruan imah, asup ka gang geus aya nu nungguan. Ngadon ngajentul salila-lila duaan di dinya, tungtungna manéhna ngamimitian ngomong.

“Cicing,” cenah, geus nyaho ti tadi gé cicing.

Teu lila, jol ngadeukeutkeun beungeut, kuring ngabalieur. Manéhna mundur deui bari angger neuteup. Kuring ngeluk tungkul teu wani neuteup balik. Ngadon dibalikeun deui, manéhna ngadeukeutkeun beungeut deui, kuring ngabalieur deui. Angen beuki ratug, suku geus asa teu napak, pipikiran ngan bisa ngajerit ménta pitulung ti Gusti. Sieun alabatan nénjo jurig bungkeuleukan. Sanajan harita kuring masih kelas 1 SMP, tapi ari nu kitu mah kuring gé ngarti. Kapan indung kuring unggal waktu sok mapatahan perkara lalaki. Kuring apal naon anu baé jeung ulah dilakukeun, tong boroning ka batur, ka bapa sorangan gé pohara ngawanti-wantina nu jadi indung téh. Teuing pédah kesel, teuing pédah geus lila teuing ngajentul di dinya, tungtungna mah manéhna ngajak kuring latihan ka balé désa.

Salila latihan, asa teu puguh rarasaaan. Mikiran kumaha carana sangkan engké balik teu kudu dianteurkeun deui ku manéhna, kumaha carana sangkan kuring duaan teu kudu amprok deui. Apesna, balik latihan kuring dianteurkeun deui. Saacan asup ka gang manéhna nanya.

“Moal masihan?”

Muringkak saawak-awak, becir kuring lumpat satakerna, teu paduli liwat ka gang nu keueung, hayang geura-geura nepi ka imah.

Ti harita, saban poé kuring mikiran kumaha carana sangkan bisa pegat jeung manéhna. Tilu poé kuring mikiran saméméh latihan silat tepung deui jeung manéhna. Nepi ka nanyakeun ka babaturan jeung ka lanceuk kelas, alesan naon nu kudu dibikeun nalika rék megatkeun hiji hubungan.

Tepung deui malem kemis. Tékad kuring geus buleud, kuring kudu pegat jeung manéhna peuting ayeuna. Wakcabalaka kuring ngabéjérbéaskeun yén saenyana indung kuring ngalarang bobogohan, jeung kuring sorangan gé hayang fokus heula diajar lantaran rék nyanghareupan ujian. Mimitina mah manéhna teu narima, majar téh seiring berjalannya waktu cenah. Cuh, teu ngeunteung teuing jadi jalma téh, teu ngeunteung kana kalakuan sorangan nu geus wawanianan rék ngaruksak budak leutik, dipikir aing téh budak léhoan nu bisa dibongohan ku sia kitu. Ngan henteu wé ari dikedalkeun kitu mah.

Jejeg dalapan poé kuring bobogohan jeung manéhna. Dalapan poé nu kacida nyiksana. Lalakon dalapan poé nu napel dina ingetan kuring nepi ka dalapan taunna. Kiwari, manéhna geus boga pamajikan, geus rimbitan. Ngan kari kuring, nu nepi ka kiwari masih teu bisa ngabédakeun, naha kuring tara wani nampa kaasih ti lalaki téh pédah ngarasa dosa kungsi ngaruksak kapercayaan ti nu jadi indung, atawa pédah kuring masih sok diririwa ku ingetan peuting harita. Teuing, kuring sorangan gé teu bisa ngawilah-wilahna.

Kaway Éndah, 5 Pébruari 2026

Érmawar Ligar atawa Fitri Fuzi Nirmala, Pupuhu Turus, Hima Pensatrada 2025-2026
Érmawar Ligar atawa Fitri Fuzi Nirmala, Pupuhu Turus, Hima Pensatrada 2025-2026

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *