MajmusSunda News, Garut, 5 Februari 2026 – Asmâ’ “´Abdullâh” (عبد الله), nu hartina “´Abdi Allah”. Basajan dina ucapan, tapi jero teu aya ukuranna. Dua kecap nu lamun dihijikeun, jadi simpul kasadaran pangluhurna manusa: yén diri urang téh lain nanaon iwal kagungan jeung kagungan-Na wungkul. “‘Abd” (عبد)—abdi, nu tunduk sagemblengna. Allah (الله)—Nu Maha Tunggal, asal sagala nu aya (Ibna ‘Arabî, 1997; Al-Ghazâlî, 1983.). Dina Asmâ’ ieu, katingali jati diri manusa di payuneun Gusti: leutik, ringkih, gumantung—sarta ku kituna malah jadi mulya. “´Abdullâh” lain saukur gelar atawa ngaran nu ilahar dina budaya Islam. Anjeunna téh pangakuan ayana diri nu ngagema ti langit nepi ka dasar hate: “Kami mah abdi, Anjeunna Gusti” (Al-Qusyairî, 2002.; Chittick, 1989).
Dina mangsa Nabi, kecap “‘abd” remen dipaké pikeun nunjukkeun darajat sosial nu handap—budak sahaya. Tapi dina paningal ruhani, ieu kecap malah nyimpen kamulyaan pangluhurna: pasrah sagemblengna ka Allah. Dina harti metafisikna, jadi “‘abd” lain direndahkeun ku sasama, tapi ngarendahkeun diri di payuneun Nu Maha Luhur. Ibna ‘Arabî, sufi agung, nyingkab kieu: “Al-‘abd nyaéta manusa nu tunduk ka al-Haqq, nepi ka dina dirina katingal sipat-sipat ka-Rubûbiyyah-an. Anjeunna ibarat kaca nu teu eureun mantulkeun cahya Dzat Ilahi.” (Ibna ‘Arabî, 1997; Chittick, 1998). Hartina, abdi sajati lain ukur tunduk—tapi jadi wadah pancaran ka-Ilahian di ieu dunya. Dina titik éta, manusa geus teu hirup pikeun dirina sorangan, tapi jadi wakil Gusti di bumi: khalifah (Nasr, 1964; Izutsu, 1984).
Asmâ’ ieu mangrupakeun panglungguhan, hiji tangga ruhani. Anjeunna lain tempat pikeun ego nangtung, tapi rohangan batin pikeun nu geus réngsé jeung dirina sorangan. Di jerona aya tilu simpul agung:
1. Karendahan jeung kasadaran diri—“‘abd” sadar yén manéhna diciptakeun, lain Nu Nyipta.
2. Gumantung sagemblengna ka Allah—tanpa Anjeunna, sagalana leungit hartina.
3. Nyawiji dina tauhid—pasrah pinuh nepi ka teu aya deui “abdi” nu misah ti “Anjeunna”.
(Al-Hujwîrî, 2007; Ibn ‘Athâ’illâh, 2007; Morris, 2005)
Malah unggal hurup dina “عبد الله” miboga lambang pikeun nu daék ngareungeukeun ku hate:
1. ‘Ain (ع)— anon batin nu bisa ningali hakikat.
2. Bâ’ (ب)—lawang mimiti kabuka ku rahmat.
3. Dâl (د) — jalan lalampahan ruhani.
4. Alif (ا)—asal jeung puseur, lambang kaesaan.
5. Lâm (ل)—jambatan antara abdi jeung Nu Dipikacinta.
6. Lâm (ل)—negeskeun yén hubungan ieu langgeng.
7. Hâ’ (ه)—napas kahirupan, ruh Ilahi nu ngagerakkeun sagala (Ibna ‘Arabî, 1997.; Corbin, 1969)
Ku kituna, dina hikmah para wali, jadi “´Abdullâh” téh pucuk pangluhurna lalampahan jiwa. Nalika Asmâ’ ieu napel dina diri hiji jalma, saéstuna manéhna keur ditandaan ku langit minangka jalma nu geus mulang ka Gusti saméméh pati datang (Al-Tirmidzî al-Ḥakîm, 1999; Addas, 1993). Dina paningal Syekh Akbar Ibna ‘Arabî, “´Abdullâh” nyaéta jalma nu teu hirup keur dirina, tapi jadi pantulan Dzat Ilahi di dunya. Anjeunna jadi saluran rahmat, lain puseur perhatian. Jadi saksi tauhid, lain nu ngarasa boga bebeneran. Lemes dina kakuatan, kuat dina kalembutan
(Chittick, 1989; Austin, 1971).
Asmâ’ ieu lain saukur idéntitas. Anjeunna téh panggero jiwa. Anjeunna titik mimiti sagala ibadah, jeung tungtung tina sakabéh lalampahan ruhani. Anjeunna diri urang nu sajati—lamun urang cukup jujur pikeun ngaku: urang téh abdi, ukur abdi. Anjeunna Abdullah nu sampurna: kaca nu pangbeningna pikeun cahya Gusti (Al-Ghazâlî, 1983.; Schimmel, 1975). Asmâ’ “´Abdullâh” lain saukur runtuyan hurup nu éndah kadéngé. Anjeunna panggero jiwa, pituduh arah, jeung kaca pikeun ningali diri nu sajati. Anjeunna ngingetan urang—dina dunya nu sok ngajadikeun manusa poho diri—yén kamulyaan pangluhurna lain jadi nu pangkuatna atawa pangbeungharna, tapi jadi abdi nu sadar ka Gustina, nu terang arah mulangna (Knysh, 2000; Nasr, 1964).
Jadi “´Abdullâh” hartina leumpang dina kasadaran yén hirup ieu lain milik urang sagemblengna. Aya kersa Nu Maha Luhur nu nungtun unggal léngkah. Aya rahmat-Na nu ngurilingan sanajan urang ragrag jeung gagal (Ibn Qayyim al-Jawziyyah, 1996; Morris, 2005). Dina Asmâ’ ieu aya panggero leuleus pikeun pasrah, tapi lain nyerah. Tunduk, tapi teu leungit daya. Sabab di dinya pisan kamulyaan manusa nyumput: jadi abdi nu ngarti kana kabébasan sajati—bébas tina ego, dunya, jeung rasa boga kakuatan sorangan (Al-Qusyairî, 2002.; Izutsu, 1984). Lamun urang nanya, saha nu pangsampurnana ngahirupkeun Asmâ’ ieu? Jawabna écés: Nabi Muhammad, sang “´Abdullâh” sajati. Anjeunna lain saukur mawa Asmâ’ ieu, tapi ngajadikeunana cahya dina lampah, bening dina hate (Ibna ‘Arabî, 1997; Chittick, 1989). Mugia, nalika Asmâ’ ieu aya dina diri urang, manéhna teu ngan saukur jadi ngaran dina kartu idéntitas. Tapi jadi napas kasadaran: yén urang téh abdi. Jeung dina kehambaan éta, urang sabenerna manggihan ayana diri. AlLâhumma innâ nushallî wanusallimu ´alâ Sayyidina ´Abdullah SAW.
DAFTAR PUSTAKA
A. Literasi Klasik:
1. Ibna ‘Arabî, Muhyiddîn; “Fushûsh al-Hikam”, Beirut: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah, 2006.
2. Ibna ‘Arabî, Muhyiddîn; “Al-Futûhât al-Makkiyyah”, Beirut: Dâr al-Fikr, 1997.
3. Al-Qusyairî, ‘Abd al-Karîm; “Al-Risâlah al-Qusyairiyyah”, Kairo: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah, 2002.
4. Al-Hujwîrî, ‘Alî ibn ‘Utsmân; “Kasyf al-Mahjûb”, Beirut: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah, 2007.
5. Al-Ghazâlî, Abû Hâmid; “Ihyâ’ ‘Ulûm al-Dîn”, Beirut: Dâr al-Ma‘rifah, 1983.
6. Ibn ‘Aṭâ’illâh al-Sakandarî; “Al-Hikam al-‘Athâ’iyyah”, Kairo: Dâr al-Salâm, 2007.
7. Al-Tirmidzî al-Hakîm, Muhammad ibn ‘Alî; “Khatm al-Awliyâ’”, Beirut: Dâr al-Kutub al-‘Ilmiyyah, 1999.
8. Ibn Qayyim al-Jawziyyah; “Madârij al-Sâlikîn”, Beirut: Dâr al-Kitâb al-‘Arabî, 1996.
B. Literasi Kontemporer:
1. Chittick, William C.; “The Sufi Path of Knowledge: Ibn al-‘Arabî’s Metaphysics of Imagination”, Albany: SUNY Press, 1989.
2. Chittick, William C.; “The Self-Disclosure of God”, Albany: SUNY Press, 1998.
Nasr, Seyyed Hossein; “Three Muslim Sages”, Cambridge: Harvard University Press, 1964.
3. Izutsu, Toshihiko; “Sufism and Taoism”, Berkeley: University of California Press, 1984.
4. Corbin, Henry; “Alone with the Alone”, Princeton: Princeton University Press, 1969.
5. Addas, Claude; “Quest for the Red Sulphur”, Cambridge: Islamic Texts Society, 1993.
6. Morris, James W.; “The Reflective Heart”, Louisville: Fons Vitae, 2005.
7. Austin, R.W.J.; “Sufis of Andalusia”, Berkeley: University of California Press, 1971.
8. Schimmel, Annemarie; “Mystical Dimensions of Islam”, Chapel Hill: University of North Carolina Press, 1975.
9. Knysh, Alexander; “Islamic Mysticism”, Leiden: Brill, 2000.
*****
Judul: ABDULLAH “عبد الله” “Kami mah abdi, Anjeunna Gusti.”
Penulis: NOER Widyadiningrat (Pembelajar Djatirumasa)












