Ambek Nyedek Tanaga Midek

Oleh: Ganjar Kurnia

Ambek

MajmusSunda News – Bandung, Kamis (12/11/2026) – Dina basa Sunda, aya babasan pondok, tapi maknana jero pisan: ambek nyedek, tanaga midek. Hartina, amarah geus ngaguruh dina dada, tapi tanaga atawa kawani teu walakaya. Hayang ngalawan, leungeun ukur bisa ngeupeul di jero saku. Hayang ngagorowok, létah dikeukeup ku rasa sieun.

Ayeuna, éta babasan lain ngan ukur cicing dina kamus. Geus turun ka jalan, asup ka pasar, diuk di warung kopi, milu antri gas, malah sering ngariung dina grup WhatsApp.

Rahayat ningali nagara beuki pabeulit. Harga kabutuhan poko resep pisan naék, siga boga cita-cita jadi astronot. Béas naék, minyak naék, listrik naék, pajeg naék. Nu tara naék téh ukur panghasilan rahayat. Éta ogé lain henteu hayang, tapi teu boga tarajé.

Rahayat ambek. Tapi rék ambek, ambek ka saha? Ka padagang, padagang ogé ripuh. Ka patani, patani keur ngahuleng ningali harga ségon. Ka pamaréntah, tara didéngé, penjagana loba. Tungtungna ambek téh dibawa balik, tuluy dipasrahkeun ka pamajikan atawa ka salaki. Nagara anu carut-marut, piring di dapur anu jadi korban.

Unggal aya masalah, para pajabat rapat. Rapat dianggap cara anu paling sopan pikeun nunda kaputusan. Lamun hiji rapat can ngahasilkeun nanaon, dijieun rapat terusan. Lamun rapat terusan ogé teu ngahasilkeun nanaon, dibentuk tim kajian. Sanggeus dikaji, hasilna diseminarkeun. Sanggeus seminar, dijieun rekoméndasi. Ari masalahna mah, geus kaburu boga anak jeung incu.

Di televisi, pajabat nyarios yén kaayaan nagara masih aman tur “terkendali”. Rahayat percaya pisan yén kaayaan mémang “terkendali”—dikadalikeun ku jalma anu henteu pernah ngarasa hésé meuli béas.

Rahayat dititah sabar. Sabar geus jadi program nasional anu pangmurahna. Teu kudu anggaran, teu kudu ténder, teu kudu studi banding. Cukup ku pidato: “Masyarakat dimohon bersabar.”

Lamun harga naék: sabar.

Lamun hésé néangan gawé: sabar.

Lamun hukum henteu adil: sabar.

Lamun duit nagara dipaling: sabar.

Sigana, lamun kasabaran bisa diékspor, nagara urang geus jadi nagara pangbeungharna sadunya.

Nu leuwih matak pikaseurieun, maling leutik sok gancang katéwak, ari maling gedé kudu ditéang heula harti kecap “maling”-na. Jalma maok hayam digebugan. Jalma maok duit rahayat milyaran dipénta ngajelaskeun kalayan sopan di hareupeun kaméra. Manéhna datang maké rompi, seuri, jeung ngagupaykeun leungeun, siga atlit anu karék meunang medali di Olimpiade.

Hukum seukeut ka handap, mintul ka luhur. Padahal ayeuna mah henteu saukur mintul ka luhur. Péso hukumna malah dipaké motong kuéh ulang taun anu ngawasa.

Rahayat apal yén aya anu henteu beres. Tapi rahayat ogé apal kana cicilan. Rék turun ka jalan, isukna kudu mayar listrik. Rék protés tarik-tarik, pulsa béak. Rék ngajukeun gugatan, ongkos pangacara leuwih mahal tibatan barang anu digugat. Antukna, ngalawan pangwanina ngan ukur nulis status:

“Prihatin pisan kana kaayaan ayeuna.”

Lima menit ti harita, statusna dipupus deui, sieun aya nu motrét layar.

Éta pisan ambek nyedek, tanaga midek. Amarah ngagolak, tapi awak dikonci ku kabutuhan. Rahayat lain henteu wani. Ngan kawani ogé kudu dahar. Idealisme ngaguruh dina dada, tapi tukang kiridit ngagédor panto unggal tanggal lima.

Sanajan kitu, ulah nyangka rahayat henteu ngarti. Rahayat mémang mindeng cicing, tapi lain hartina teu ningali. Maranéhna apal saha anu datang nalika kampanye, saha anu ngiles sanggeus meunang, jeung saha anu dadakan jadi dulur nalika butuh sora.

Rahayat nyimpen sagalana dina ingetan. Memang ingetan rahayat sok dianggap pondok. Padahal lain pondok, ngan ku lobana masalah, ingetan téh kapaksa ngantri.

Ambek anu terus diteken teu salawasna pareum. Bisa jadi di jero taneuh siga magma: cicing, panas, tuluy néangan jalan kaluar. Sabab kasabaran ogé aya béakna. Malah sendal jepit gé lamun terus ditincak, antukna pegat.

Ku kituna, sing ati-ati ka rahayat anu cicing. Bisa jadi maranéhna lain geus narima, tapi keur ngahémat tanaga. Sabab lamun ambekna geus nyedek jeung tanagana mimiti usik, anu ayeuna ngan ukur seuri pait, kahareup mah bisa waé ngeupeul peureup tembang Durma!

libur

Judul: Ambek Nyedek Tanaga Midek

Penulis: Ganjar Kurnia, Akademisi, Guru Besar, dan mantan Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) periode 2007–2015. Ahli Sosiologi Pedesaan dan Sosial Ekonomi Pertanian ini dikenal luas sebagai budayawan Sunda serta pendidik yang mengintegrasikan ilmu sosial dalam memahami realitas pertanian, saat ini menjadi Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS)

Editor: Parkah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *