Makar Anu Dibayar ku Nagara

Oleh: Ganjar Kurnia

Makar

MajmusSunda News – Bandung, Selasa (10/11/2026) – Baheula mah anu disadap téh tangkal kawung, tangkal karét, atawa tangkal kalapa. Hasilna lahang atawa geutah. Kiwari, anu disadap téh bisa ogé omongan jalma. Hasilna—bisa jadi perkara, cilaka, malah bisa ngajadikeun raja turun tina singgasana.

Hiji poé, Prabu Duryudana meunang laporan yén sakuliah karaton geus dipasangan alat “sadap”. Ti mimiti rohangan raja, tempat rapat para patih, nepi ka kamar mandi para ponggawa. Malah cenah, sora jalma anu keur ngahuleng gé bisa kacatet.

“Naon maksudna ieu téh?” Duryudana ngagorowok.

Patih Sangkuni ngajawab bari tungkul.

“Kanggo kaamanan nagara, Gusti Prabu. Supados rencana makar tiasa kauninga ti anggalna.”

“Saha anu maréntahkeun?”

“Éta mah rusiah nagara, Gusti.”

“Raja ogé teu meunang nyaho?”

“Sumuhun. Demi kaamanan Raja.”

Duryudana ngahuleng. Raja anu kudu dijaga, tapi teu meunang nyaho saha anu ngajagana.

Dursasana milu nyarita.

“Gusti, sadaya rusiah para ponggawa parantos kacatet.”

“Hadé! Dipaké keur naon?”

“Kanggo ngajaga kasatiaan aranjeunna.”

“Lamun teu satia?”

“Rekamanana dibuka.”

Sangkuni imut. Dina pikiranna, rusiah téh leuwih seukeut batan keris. Jalma anu nyekel rusiah raja, patih, jeung panglima, bisa jadi leuwih kawasa batan anu maké makuta.

  •  

Kacaturkeun di Karang Tumaritis, Semar keur ngariung jeung dua anakna bari nginum bandrék. Cépot ngabubuy sampeu, sedengkeun Dawala niupan songsong di hawu.

“Pa, cenah di Astina ayeuna mah sakabéh omongan disadap!”

“Meureun keur ngajaga kaamanan,” ceuk Semar.

“Tapi rajana sorangan teu nyaho saha anu nyadap!”

Dawala nimbrung.

“Atuh éta mah siga nu boga imah, tapi koncina dicekel ku maling!”

“Lain ngan koncina, Wa,” ceuk Cepot. “Malingna ogé ceuk béja mah kapala satpam!”

Semar gogodeg.

“Nyadap pikeun nyegah kajahatan mah aya gunana, asal nurutkeun aturan. Tapi lamun dipaké ngancam pejabat, ngatur jabatan, jeung ngadalikeun raja, komo nagara éta mah bahaya pisan.”

Dawala nanya deui.

“Naon bédana nyadap kawung jeung nyadap pejabat, Pot?”

“Tukang nyadap kawung mah naék tangkal pikeun néangan gula. Tukang nyadap pejabat mah néangan kasalahan pikeun naék pangkat!”

Semar seuri leutik.

“Nu pangbahayana, jalma anu nyekel rusiah saéstuna geus nyekel sagala eusi nagara.”

“Atuh ayeuna mah Astina boga dua raja, Pa!” ceuk Cépot.

“Kumaha?”

“Nu hiji diuk dina singgasana, nu hiji deui diuk hareupeun alat rékaman!”

“Mana nu leuwih kawasa?”

“Nu nyekel rékaman! Raja mah ngan bisa nyabut jabatan. Ari tukang nyadap bisa muka rusiah sakabéh jabatan!”

Semar neuteup ka langit.

“Baheula kakawasaan diparebutkeun ku perang. Kiwari bisa diparebutkeun ku rusiah. Teu kudu ngangkat gada atawa ngaluarkeun keris, cukup nyekel rékaman, saeusi karaton bisa eundeur.”

Cepot ujug-ujug seuri ngagakgak.

“Lamun kitu dalangna saha?” ceuk Dawala.

“Nu nyekel rékaman!” jawab Cépot.

Dawala milu seuri.

Semar ngahuleng.

“Anu matak pikahariwangeun téh, lain lamun wayang digerakkeun ku tukang sadap, tapi ku dalang anu teu katémbong.”

Cépot ngajawab bari ngagayem sampeu.

“Biasa, Pa. Dalang mah tara katémbong.”

Dawala ngarérét ka Cépot.

“Makar nyaanan atuh, Pot?”

Cépot ngajawab bari nyekel beuteung:

“Éta mah makar teu kira-kira, salian ti makarna dimodalan ku bandar, ogé dibayar ku nagara. Pan maranéhna téh pagawé aktip!”

libur

Judul: Makar Anu Dibayar ku Nagara

Penulis: Ganjar Kurnia, Akademisi, Guru Besar, dan mantan Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) periode 2007–2015. Ahli Sosiologi Pedesaan dan Sosial Ekonomi Pertanian ini dikenal luas sebagai budayawan Sunda serta pendidik yang mengintegrasikan ilmu sosial dalam memahami realitas pertanian, saat ini menjadi Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS)

Editor: Parkah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *