Teu Tulus Éra Ku Tatangga

Cacatan Jurnalintrik pun HAWÉ

Sumber foto: Metro News

MajmusSunda News, Bandung, 24 Oktober 2025 – BANDUNG bungah. Puguh wé ku méngbal. Ku naon deui atuh! Méméhna mah tangtu ratug heula. Persib nyanghareupan Selangor FC téh sarua jeung ngadu kabisa jeung tatangga. Mun tepi ka kéok téh kacipta aréra dina riungan RT atawa kerja bakti. Duanana lumpat patarik-tarik, paheula-heula nalapung bal.

Luciano Guaycochea gulang-guling di lapang tapi lain nurutan pamaén Arab, da maénna gé di GBLA ieu mah. Labuh asli, lantaran ceulina kasipat sapatu pamaén Selangor dina menit ka-20, tepi ka dirubung-rubung heula ku tim médis. Hudang-hudang deui sabada sirahna dibulen ku lamak hideung siga rék pindah ka pakalangan polo air.

Kira-kira dalapan menitan ti harita, Marc Klok ngeupanan Adam Alis dina serangan malik. Teu antaparah deui, Bung Adam nyebrut tarik pisan bari nalapung bal: gul! Nu lalajo sarurak béak karep, kaasup nu nulis ieu catetan enya gé ijigimbrang sorangan hareupeun tipi.

Najan boga Moraes jeung Fortes, nu katingalina peurahan pisan, Selangor teu bisa males tepi ka pungkasna babak kahiji. Asa piraku rék meupeus keuyang ka hujan onaman. Da enya gé baraseuh, lapangan mah teu kaganggu ku cileuncang.

Selangor sababaraha kali méh-méhan males kawirang dina awal babak kadua. Dina menit ka-50, antarana, ampir-ampir kiper Téja Pakualam kabeunangan. Hadéna baé tihang gawang milu mantuan pertahanan Persib.

Luciano nu tatu téa diganti ku Beckam Putra. Méméhna mah Jang Beckam téh, sakumaha Dén Haye, ukur katémbong gambarna dina iklan kopi sasétan. Beuki hadé ieu budak maénna. Asana leuwih ti dua kali méh-méhan ngabobol gawang Selangor. Tacan ngeupanan ka baturna di daérah lawan.

Gul kadua Persib kajadian dina menit ka-65. Atuda pamaén Selangor gagabah ngarontok Jang Barba tepi ka labuhna, bari jeung hareupeun wasit pisan nu jauh-jauh nganjang ka Bandung ti Uzbekistan. Puguh wé dihukum pinalti. Jung nu ngéksékusi: gul deui!

Tepi ka réngsé babak kadua, Selangor enyaan teu bisa males hiji-hiji acan, padahal maénna mah saenyana imprésif pisan cék nu ngalomentaran ti studio RCTI gé. Berekah, Persib laksana meunang tilu poin, Lur!

Naon ieu bau hangit? Gusti! Pépétélan roko kréték geus kana kasur deui. Alamat disetrap ku Bu Téti. Keun baé ah, itung-itung cacarékan Persib meunang. Alhamdulillah.

*****

 

Judul: Teu Tulus Éra Ku Tatangga

Penulis: Hawe Setiawan

Sumber foto: Metro News

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *