Teu beda jeung film atawa sinetron, dina sepak bola oge boga lalakon nu nonjol leuwih nonjol tina bisul. Siga Persib Bandung nu ngabogaan Adam Alis nu baris siap ngabukbak gawang lawana.
Gaya Adam Alis di lapangan ngajadikeun penonton nu lulungu jadi cenghar, manehna lincah teu eleh jeung Adam Suseno alias Adam Kumis pasangana penyanyi dangdut Inul Daratista.
Basa Persib maen jeung Selangor di Malaysia kamari, Adam Alis ngasupkeun bal dua kali, teu saeutik bobotoh nu mere gelar pahlawan tapi sanes Pahlawan Nasional sabab bisi kontroversi.
Maung Bandung ngacak-ngacak kandang lawan, sahibul lapang ngegel curuk, komo kiper Selangor mah ceurik kanyenyerian teu meunang diupahan, siga budak leutik leungit sendal.
Adam Alis dilahirkeun di kota Jakarta 19 Desember 1993, bilih teu percaya tiasa dipariksa dina KTP sareng Kartu Keluargana. Kitu oge mun ditingalikeun sabab sigana sieuneun didaftarkeun ka Pinjol.
Manehna dikenal lincah oge fleksibel di posisi tukang nyerang tapi sanes tukang tauran nu sok nyingsieunan warga bari mamawa pakarang.
Dina maen bal, nu matak banggga mah basa Kang Adam meunang penghargaan jadi Pemain Terbaik Piala Presiden 2017, basa masih keneh jeung Arema FC manehna marema ku hadiah.
Putra soleh oge pinter maen bal eta ngamanfaatkeun hadiah Piala Presiden 2017 kanggo ngaberangkatkeun sepuhna ka Tanah Suci.
Saacan di Persib Bandung ayeuna, Adam Alis oge kungsi bareng maen di Timnas Indonesia, manehna oge pernah gabung jeung East Riffa Club (Bahrain) taun 2015.
Penulis dan Karikatur: Mang Mus