Sawarga Loka Geger

Oleh: Ganjar Kurnia

Sawarga

MajmusSunda News – Bandung, Selasa (10/11/2026) – Sawarga Loka ngadadak geger. Batara Guru nu keur anteng ngaleueut kopi, ujug-ujug ngagolérkeun cangkirna. Kopina bahé, méga oyag, widadari paburencay, malah Batara Indra nu keur ngurus hujan, nepi ka salah mencét tombol. Nu kuduna hujan di Bogor, kalah ka turun di Israél.

Nu jadi sababna, Batara Narada datang bari ngagorowok, “Gawat, Kakang Prabu! Di Marcapada keur usum silih sadap!”

Batara Guru ngahuleng.

“Naon nu disadap? Karét? Kawung? Atawa tangkal kalapa?”

“Sanés, Kakang! Nu disadap téh omongan manusa. Telepon, paguneman, rusiah nagara, urusan pulitik, bisnis, nepi ka urusan pribadi!”

Batara Narada ngajelaskeun yén di Marcapada aya nu curiga ka nu séjén. Pajabat curiga ka pajabat, pulitikus curiga ka pulitikus, pangusaha curiga ka pangawasa. Malah nu nyadap ogé curiga yén dirina keur disadap ku batur.

“Jadi, nu nyadap disadap ku nu disadap?” saur Batara Guru.

“Leres!”

“Atuh éta mah lain intelijen, tapi ucing-ucingan maké anggaran nagara!”

Batara Indra nu ti tadi ngadéngékeun milu nyarita. “Numutkeun abdi, penyadapan téh aya mangpaatna pikeun ngabongkar kajahatan. Tapi kudu écés hukumna, saha nu boga wewenang, naon tujuanana, jeung saha nu ngawasna.”

Batara Bayu teu éléh hayang ngomong. “Leres. Tapi lamun sagala omongan disadap, kumaha nasib kabébasan manusa? Angin waé bébas ngahiliwir, teu kudu ménta idin ka kantor intelijen!”

Batara Yamadipati, nu biasa ngurus perkara pati, milu ngahuleng. “Abdi mah sieun, Kakang. Lamun sakabéh hasil sadapan dibuka, bisa jadi Marcapada leuwih heula kiamat saméméh jadwalna!”

“Naha kitu?”

“Sabab rusiah nu kabuka téh bisa ngalantarankeun silih tuduh. Nu tadina babaturan jadi musuh, nu tadina musuh ujug-ujug jadi babaturan, lantaran sarua boga rusiah nu kudu disumputkeun!”

Batara Guru seuri.

“Éta mah pulitik Marcapada. Teu kudu aya sadapan gé, bisa silih rangkul bari silih cekék!”

Ti tukangeun méga, Batara Citragupta nu biasa nyatet amal manusa ngacungkeun leungeun.

“Numutkeun catetan abdi, manusa téh anéh. Maranéhna resep pisan néangan kasalahan batur, tapi poho yén kasalahan sorangan ogé kacatet.”

“Ku saha?” tanya Batara Narada.

“Ku abdi!”

“Terus catetan téh tiasa dibuka?”

“Tangtos, tapi sanés keur konsumsi pulitik. Ieu mah keur pangadilan ahérat!”

Batara Guru tuluy ngayakeun rapat darurat. Sakabéh déwa diondang pikeun ngabahas kamungkinan penyadapan nepi ka Sawarga Loka.

“Urang kudu waspada,” saur Batara Guru. “Ulah nepi ka rusiah kahyangan bocor ka Marcapada.”

Batara Narada ngarérét ka handphone Batara Guru nu disimpen gigireun singgasana.

“Hapunten, Kakang Prabu. Éta handphone ti tadi hurung. Sigana aya nu keur ngarekam.”

Batara Guru reuwas.

“Ku saha?”

“Teu acan terang. Tapi kamari Kakang kantos ngawangkong ngeunaan rencana ngagentos Batara Indra tina jabatan Menteri Hujan!”

Batara Indra langsung nangtung.

“Naon? Abdi badé dicopot?”

Batara Guru gugup.

“Éta mah ukur wacana!”

Batara Bayu nyampeurkeun.

“Abdi ogé ngadangu Kakang kantos jangji badé ngangkat abdi jadi Menteri Cuaca!”

Batara Guru beuki gugup. Batara Narada nambahan, “Sareng aya rekaman ngeunaan proyék ‘pengadaan’ méga anu teu lawas teu hujan!”

Sawarga Loka langsung ribut. Para déwa silih tuding. Widadari silih curiga. Malah Batara Citragupta ménta cuti lantaran teu kuat nyatet perkara nu beuki pikarieuteun.

Batara Guru tungtungna ngagorowok.

“TI MIMITI AYEUNA, SADAYA HANDPHONE DI KAHYANGAN KUDU DIPAREUMAN!”

Sakabéh déwa nurut. Handphone dipareuman. Sawarga Loka jempling deui.

Tapi Narada ngaharéwos ka Batara Guru.

“Kakang, kumaha upami nu nyadap téh sanés ngalangkungan handphone, tapi ngalangkungan pikiran?”

Batara Guru langsung pucet.

“Atuh lamun pikiran ogé bisa disadap, riwayat kahyangan bakal tamat!”

“Naha, Kakang?”

“Sanajan omongan déwa mah masih bisa dijaga, tapi sok aya ogé anu teu témbong dina prilakuna.”

Narada unggeuk-unggeukan.

“Janten, naon béntenna déwa sareng pulitikus di Marcapada?”

Batara Guru ngajawab bari ngahuleng.

“Sigana mah ukur tempat cicingna. Nu hiji di kahyangan, nu hiji di bumi. Tapi lamun hasil sadapanana dibuka kabéh, duanana bisa sarua pindah ka pangadilan!”

Narada seuri ngagakgak.

“Hapunten, Kakang Prabu. Upami kitu, kumaha nasib Sawarga Loka?”

Batara Guru ngahuleng, tuluy ngaluarkeun paréntah pamungkas.

“Narada! Gancang pasang tulisan di lawang kahyangan!”

“Naon eusina, Kakang?”

“SAWARGA LOKA BEBAS PENYADAPAN. NU HAYANG SILIH BONGKAR RUSIAH, MANGGA TURUN KA MARCAPADA. DI DINYA MAH RUSIAH BISA JADI ALAT TAWAR, MALAH BISA JADI JABATAN!”

libur

Judul: Sawarga Loka Geger

Penulis: Ganjar Kurnia, Akademisi, Guru Besar, dan mantan Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad) periode 2007–2015. Ahli Sosiologi Pedesaan dan Sosial Ekonomi Pertanian ini dikenal luas sebagai budayawan Sunda serta pendidik yang mengintegrasikan ilmu sosial dalam memahami realitas pertanian, saat ini menjadi Pinisepuh Majelis Musyawarah Sunda (MMS)

Editor: Parkah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *