MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Jumat (01/10/2024) – Artikel dalam Kolom OPINI berbahasa Sunda berjudul “Panalungtik Naek Pesawat dina Korsi First Classs” ini ditulis oleh: Prof. Dr. Ir. H. Agus Pakpahan, M.S., Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan, Majelis Musyawarah Sunda (MMS).
Mun kuring nyarita yen panalungtik disadiakeun nomer korsi kapal terbang Singapore Airline (SQ) di kelas utama (first class), meureun kuring bakal disebut panalungtik tukang bohong. Buktina basa kuring ngabejaan babaturan kuring kelompok peneliti maranehna teu percayaeun.
“Ah maneh mah sok ngawadul. Maenya panalungtik pertanian kawas urang dibere first class. Boro-boro first class, kelas bisnis oge moal aya. Kelas urang mah pan kelas ekonomi oge geus alus,” ceuk Yanto babaturan kuring anu harita teu percayaeun kana caritaan kuring.

“Eh maneh ulah kitu. Ari geus takdir mah moal bisa ditolak euy. Nu bener mah maneh kudu leuwih loba ngadoa. Menta dibere first class ku Gusti Alloh,” kuring nerangkeun bari saeutik seuri jeung sakaligus mere saran.
Dina taun 1992 kuring diondang ka Taiwan ku organisasi Food and Fertilizer Technological Center (FFTC). Ondangan sangkan kuring nyaritakeun mekarna kamangpaatan gemuk, hususna gemuk buatan pabrik kawas urea, fosfat, jeung kalium, di Indonesia. Naha dipakena gemuk teh aya korelasina jeung legana sawah anu digarap? Tah ku ngajawab pertanyaan kawas kieu teh, kuring dibere tiket first class.
Tapi anu rek dicaritakeun di dieu lain masalah gemuk pare atawa gemuk jagong. Anu rek dicaritakeun teh pangalaman kuring jeung para panalungtik anu teu kapikir samemehna, malah bisa disebutkeun teu mungkin bakal kana kajadian.
Kuring sadar yen pagawean jadi panalungtik teh dianggap ku bangsa urang mah pagawean anu harkatna aya di handap. Ieu kabuktian, di antarana ku guguyon, tapi sabenerna daria, serius, contona istilah institusi litbang sok diguguyonkeun tina singgetan sulit berkembang. Ku sabab kitu, litbang sok jadi tempat pamiceunan inohong, anu teu kapake dina kalungguhan nu bergengsi patali jeung kakawasaan.
Tapi keur kuring mah beda, jadi panalungtik teh pilihan. Panalungtik teh hiji kareueus, najan bakal jauh tina kecap beunghar ku harta banda, tapi insyaalloh bakal beunghar ku elmu. Pan ngamalkeun elmu sapaket jeung doa anak anu soleh, ditambah ku amal jariah harta banda, keur jalan engke mulang ka sawarga.
Teu kapikir ku kuring yen panalungtik dibere tiket pesawat first class lantaran memang acan aya pangalaman. Ari anu geus jadi kabiasaan mah pan rek ngalaksanakeun pancen teh teu dipiheulaan ku mikir heula. Der bae.
Aya deui conto anu geus jadi kabiasaan sejenna, contona keur urang kota, nu umumna kudu sare dina kasur anu empuk. Ku lantaran geus biasa tea, urang moal bisa sare lamun eta kasur empuk teh diganti ku papan anu teuas. Beda keur Pa Kasim Arifin, mahasiswa IPB, anu ngalakonan Kuliah Kerja Nyata salila 15 tahun (1965-1980) di Waimital, Pulau Seram, Maluku mah. Lantaran inyana geus 15 taun tara sare dina kasur, nya atuh basa sare di hotel oge, Pa Kasim menta sare dina papan, nepi ka ranjang jeung kasurna diganti ku meja.
Jadi, waktu kuring rek miang ka Taiwan ti Pelabuhan Udara Cengkareng taun 1992, kuring oge teu make mikir deui. Sup bae milu kana antrian SQ (Singapore Airline) kelas ekonomi. Tapi waktu papahareup jeung patugas anu ngalayanan panumpang, manehna ngomong kieu:
“Bapak, maaf antrinya bukan di sini, tapi di antrian yang ada karpet merah itu,” kitu patugas mere arahan.
Terus kuring pindah ngagidig ka tempat karpet beureum anu ngajepat anggun. Aneh euweuh anu antri, dina pikir teh meureun lila keneh ka waktuna jadwal pesawat miang. Kuring culang-cileung. Boa-boa beungeut kuring harita reup geuneuk ray pias, kitu tah bakating ku dusun. Euweuh kasadaran pikeun muka jeung maca tanda kelas dina tiket yen tiket kuring tandana lain Y tapi C. C hartina kelas bisnis atawa bisa oge kelas utama (first class).
Cicing salila lima taun di Amerika Serikat bari sakola doktor geuningan tetep bae teu bisa ngarobah pikiran kelas ekonomi ka pikiran kelas first class. Ieu meureun salah sahiji anu disebut permasalahan budaya. Kuring ngalaman gegar budaya. Alhamdulillah, ahirna kuring wani ka meja first class, meunang nomer korsi 1A. Panghareupna bari lalega jeung salila perjalanan diogo ku pramugari. Untung kuring bisa ngerem diri teu kawas kokoro manggih mulud.
Ku sabab FFTC di Taiwan mere panghargaan ka paneliti saperti kuring, nya kuring jadina teh hayang nyaho sejarah perkembangan Taiwan, sanajan bari saliwat oge. Taun 1820, ceuk hasil panalungtikan Madison, pangasilan perjalma di Taiwan karek nepi US $ 499, jauh handapeun pangasilan perjalma di Hindia Walanda nyaeta US$ 612. Pangasilan bangsa urang sanajan dijajah ku Walanda nyatana ampir 82% leuwih loba ti batan pangasilan perjalmana di Taiwan.
Taun 2019, pangasilan perjalma di Taiwan geus naek nepi ka bilangan US$ 25873, sedengkeun pangasilan perjalma Indonesia dina taun anu sarua, kakara nepi ka US$ 4136. Tuh bedana ge geuningan nepi ka 625% leuwih.
Taiwan dina taun 2022 geus ngaalokasikan dana kaluar pikeun kagiatan R&D (Research and Development) nepi ka US$ 27,84 miliar. Sabaraha di Indonesia keur ngabiayaan R&D tahun 2023? Ceuk sumber anu bisa dipercaya nyaeta ngan nepi ka US$ 3,34 milyar.
Hartina, eta dana R&D Taiwan 833% leuwih loba ti batan dana nu diancokeun pikeun R&D Indonesia. Upama dibagi jumlah penduduk, urang bakal meunang data yen dana keur R&D perjalma di Taiwan nepi ka US$ 1200; ari Indonesia perjalma ukur US$ 11,98 perjalmana. Atuh kitu mah alokasi dana R&D perjalma di Taiwan nepi ka leuwih ti 100 kali dana R&D perjalma di Indonesia. Wah, wah, wah, geuningan mani jauh tanah ka langit, jauh pisan.
Taiwan bisa maju ku lantaran industrina maju. Industrina maju ku lantaran bangsana ngahargaan elmu jeung teknologi. Hartina ngahargaan panalungtik jeung akademisi nu nyababkeun panalungtik sarupa kuring oge di tahun 1992 dibere tiket SQ First class.
***
Judul: Panalungtik Naek Pesawat dina Korsi First Classs
Penulis: Agus Pakpahan
Editor: Chye Retty Isnendes