Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 2

Gedung parlemen
Ilustrasi: Suasana rapat para politisi di gedung parlemen - (Sumber: Bing Image Creator AI)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Kamis (14/11/2024) – Artikel berbahasa Sunda berjudul Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 2 ini ditulis oleh: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM., Anggota Dewan Pini Sepuh/Karamaan/Gunung Pananggeuhan Majelis Musyawarah Sunda (MMS).

Anu ayeuna jadi paniten atawa nitenan Ki Sunda, ngaliwatan Majelis Musyawarah Sunda (MMS), nu dikokojoan ku Dewan Pinisepuh, Dewan Pakar/Ahli, Dewan Gawe saparakanca, titenan-titenanana bisa diajukeun atawa diusulkeun pikeun urun rembug. Itung-itung sasieureun sabeunyeureun keur pamarentah puseur jeung provinsi. Sugan wae jadi bahan paguneman atawa sawala engkena, ku sabab realitas parobahan bangsa, bisa dikaitkeun jeung peranan generasi pembaharu, nu muncul dina wanci periode sajarah.

Unggal generasi boga gagasan, visi, jeung misi nu pakuat-kait jeung waktu pikahareupeun sarta dipiharep. Bisa wae parobahan teh teu sarua jeung harepan, tungtungna balik deui kana status mimiti alias involutif.

Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM.
Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja, M.Psi., M.B.A., CIQA., CQM., CPHRM. – (Sumber: Koleksi pribadi)

Anu ayeuna bisa dititenan tur diimeutan kondisina ku MMS, dipiharep bisa ngalakukeun refleksi, di antarana:

1) Sosial – Budaya, dominasi tina ambisi sarta kapentingan, geus ngelehkeun moral tur akal sehat, tepi ka ngancurkeun modal manusa (human capital), masarakat apatis dina nyerep nilai nilai bebeneran jeung kompetensi nu sabenerna.

Ambisi jeung kapentingan nimbulkeun simbolisme keur strategi kompetisi tapi lain substansi. Ahirna nu unggul teh money politic jeung patukangan sosial (social engineering). Ieu fenomena lila ti lila bisa maehkeun modal sosial masarakat, leuwih jauhna deui bisa nyaremkeun daya tahan sosial budaya hiji bangsa.

2) Pendidikan atawa atikan, mekarna pendidikan teu diorientasikeun keur ngawangun kasadaran jeung watek, nu ngimeutan rasionalitas jeung moralitas nu saimbang.

Reorientasi pendidikan model kieu, komo deui lamun bari niron meleg-meleg tina kurikulum standar nagara Eropa nu maju pisan, bakal sulit diudag jeung dikeupeul saujratna, komo deui anggaran atikan nu leutik pisan. Tapi oge beuki kuatna arus privatisasi pendidikan atawa atikan, tur miharti dunya atikan salaku industri, geus moal nyalahan hasil atikan teh bakal jadi insan-insan nu ngabadega atawa jadi abid keur kapentingan dunungan (mental jongos).

3) Politik, sistim politik Indonesia geus lumangsung kana fase nu pibahayaeun, ku sabab geus teu miduli prinsip-prinsip demokrasi nu sajati, saperti pembagian kakawasaan (Eksekutif, Legislatief, Yudikatif), sarta checks & balances. Implementasi reformasi politik sok patengtongan atawa tojaiah jeung hakekat sarta tujuanna, nu beuki ngajauhkeun tina cita-cita reformasi.

4) Ekonomi, ekonomi Indonesia tetep sumembah kana hutang, cara model kieu ngaakibatkeun panghasilan nagara, bakal lumangsung dirongrong kudu mayaran hutang salaput hulu tur jeung bungana.

Pikiran hayang menta hutang dihampangkeun, disapirakeun, demi ngajaga kinasih nu mere injeuman, supaya gampang mun rek ngahutang deui, siga jalan tol ngabulungbung.

Tapi pikaseurieunana pola kitu teh, da teu ditunjang ku kamampuh nu saestuna, dina ngarumuskeun jeung natahar ekonomi makro. Investasi loba nu ngabulasin, teu asup, nu nyata malah loba investor nu minggat ti Indonesia.

Tungtungna wadah APBN beuki turun, akibatna pamarentah balik deui jadi konservatif, ku cara ngaoptimalkeun jeung naekkeun pajak, ngurangan subsidi, sarta motong anggaran keur palayanan publik.

Keur ngabebenjokeun masarakat, digolontorkeun kawijakan Raskin jeung BLT  anu tungtungna mah nguatkeun industri kolontongan.

5) Hukum, sanajan penegakkan hukum sok digunakeun minangka ungkara jeung program nu keur kumawasa, nyatana mah ukur dilakukeun lalambe, setengah hati.

Munculna istilah pemberantasan korupsi, nu dilakukeun sacara tebang pilih, nembongkeun yen ajeg tur tohagana hukum ngan dijadikeun jargon jeung kampanye politik.

Usaha ngamusnahkeun mafia peradilan oge geus tikosewad, ku ayana tungtutan ti pihak-pihak nu ngarasaeun kaganggu. Jalma-jalma nu keur boga kakawasaan atawa boga kapstok nu kuat, make hukum keur ngalakukeun gugatan, bari teu proporsional. Maranehna make alesan pencemaran nama baik; ngabalukarkeun aeb; ka saha wae jalma nu ngoreksi atawa mere kritikan sosial.

Hal-hal nu ditembrakkeun, geus sakuduna bisa dititenan ku MMS, nu leres teu kedah diobrak-abrik, nu lepat urang lereskeun ku kamandang sadayana, bari teu kedah hayang kapuji ku pamarentah, komo bari boga vesteed Interest mah, mun bisa dipahing. MMS mah gunung pananggeuhan Ki Sunda, boga kakuatan optimis, sarta seler atawa suku bangsa nu masih keneh malire kana lumangsungna hirup tur huripna bangsa Indonesia. (Tamat).

***

Judul: Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 2
Penulis: Dr. Ernawan S. Koesoemaatmadja
Editor: Chye Retty Isnendes

Baca juga: Nyawang Nyoreang Kagagalan Ngawangun Bangsa – Bagian 1

Baca juga: Pernyataan Majelis Musyawarah Sunda: Peringatan Keras untuk Pemerintah Pusat agar Peduli dengan Masyarakat Sunda – Majmus Sunda News

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *