MajmusSundaNew, Rubrik SASTRA/Puisi/Esai, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat, Minggu (6/10/2024) – Artikel berbahasa Sunda dalam Rubrik “SASTRA/Puisi/Esai” berjudul Ajip Rosidi: Geugeut jeung Cinta ka Sarakan Lemah Cai Ditamperkeun dina Sajakna “Tanah Sunda” oleh : Agung Ilham Setiadi
Ajip Rosidi salah sahiji sastrawan Sunda nu kawentar lain ukur di Tatar Sunda, tapi ngajomantara ka Nusantara jeung mancanagara. Salah sahiji jasana Ajip dina sastra Sunda nyaeta nyusun buku Sajak Sunda Dua Bahasa (Sunda-Indonesia, Sunda-Inggris, Sunda Prancis) nu kungsi ditulis ku para sastrawan Sunda nu aya di Tanah Sunda kalayan ditarjamahkeun kana basa Indonesia, Inggris, katut Prancis.
Nitenan eta buku Sajak Sunda nu disusun ku Ajip Rosidi, tetela yen geugeutna teh kana tulisan sastra hususna sajak Sunda. Ajip gemet pisan nyusun sajak Sunda nu jumlahnya aya kana ratusan. Lain sabuku tapi sababaraha buku nu mangrupa antologi.
Di sagigireun ti eta, Ajip Rosidi oge nulis sajak Sunda yasana pribadi, salian ti nyusun antologi panyajak Sunda sejenna. Sajak-sajakna nu kakoncara, di antarana: Janten Arkidam jeung Tanah Sunda.
Kiwari para nonoman jeung wanoja Sunda geus mikawanoh eta karya sastra genre sajak, salah sahijina jasa Ajip Rosidi nu ngahirup-huripkeun eta genre.
Urang cutat sajakna Ajip Rosidi nu kakoncara utamana di kalangan pendidikan; guru jeung siswa di Tatar Sunda.
Sajak Sunda nu dijudulan “Tanah Sunda,” Ajip Rosidi namperkeun kamandang jeung geugeutna ka sarakan atawa lemah caina, Tanah Sunda. Ajip ngebrehkeun sagala kareueus jeung karingrangna ka tanah tempatna gumelar.
Ajip Rosidi nulis ieu sajak Sunda di lemburna sorangan, Jatiwangi Majalengka tahun 1956. Nepi ka kiwari, eta sajak Sunda nu ditulis ku Ajip Rosidi teh jadi salah sahiji sajak Sunda nu mindeng dipasanggirikeun di tingkat sakola, gugus, kabupaten, jeung provinsi.
TANAH SUNDA
Karya Ajip Rosidi
Hejo pagunungan
Paul lautan
Hejo
Paul
Langit na hate kuring
Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang Kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabalungbung ka kota
Kembang beureum buah biru
Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurugan mun kuring tepi ka pati
Jatiwangi, 1956
Judul: Ajip Rosidi: Geugeut jeung Cinta ka Sarakan Lemah Cai Ditamperkeun dina Sajakna “Tanah Sunda”
Penulis: Agung Ilham Setiadi
Editor: Chye Retty Isnendes