Supir Ojol Nganteur Dua Budakna Diwisuda di Unpad

Wisuda Lulusan Gelombang III Taun Akademik 2024/2025 Universitas Padjadjaran Bandung

Doni Sutardiana supir ojol jeung kulawargana nu bagja (Foto: Istimewa)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Salasa (6/5/2025) – Kajadian anu matak reueus jeung kagagas ieu,  dina Wisuda Lulusan Gelombang III Taun Akademik 2024/2025 Universitas Padjadjaran Bandung anu lumangsung poe Salasa (6/5/2025),  di Graha Sanusi Hardjadinata (Aula Unpad), Jl. Dipatiukur No.35 Kota Bandung. Harita Unpad ngistrenan 2.286 lulusanna.

Tah  nalika bagean wisuda Fakultas Ilmu dan Budaya (FIB, baheula Fakultas Sastra) aya dua urang wisudawan  dianteur ku bapana anu jadi supir ojeg onlen. Apal kitu soteh meunang beja ti sababaraha urang wartawan anu harita keur ngaliput wisuda.

Bareng ditanyakeun ka jinisna, “Muhun  padamalen abdi sadidinten mah supir  onlen, “pokna.

“Alhamdulillah, ieu jajap pun anak, kaleresan duanana rai-raka,  diwisudana sareng, “ cenah ge bari imut pinuh kabagjaan.

Doni Sutardiana, kitu ngaran supir ojol teh, ngadongeng ka wartawan, dua anakna kuliah di Fakultas Ilmu Budaya, duanana beda jurusan/prodi jeung teu saentragan ( teu saangkatan), ngan alahamdulillah lulusna mah  bareng, cenah ge.

Nafsan jeung Hasya memang kuliahna di  Fakultas Ilmu Budaya Unpad ngan sejen jurusan, anu hiji mah Jurusan Sejarah  nu hiji deui  Prodi Sastra Arab. Malah mah anu ti Sastra Arab mah aya punjulna meunang pujian,  predikat Cum Laude.

Doni Sutardiana supir ojol jeung kulawargana nu bagja (Foto: Istimewa)

Doni nyaritakeun, saacanna jadi Supir Online, Inyana kungsi jadi konsultan di sababaraha pausahaan. Tapi sabada sasalad Covid-19 narekab ka saalam dunya, inyana pindah pileumpangan jadi supir online. Nya kumaha deui cenah ge,  dina mangsa werit berewit mah kudu survive, ulah bauan, usaha satekah polah kana naon wae asal halal keur maraban anak-pamajikan.

Katambah Si Bungsu Aliyah, katarima di Unpad ngaliwatan jalur SNBP, di Jurusan Hubungan Masyarakat (Humas) Fakultas Ilmu Komunikasi.

“ Alhamdulillah ieu mah rejeki pun anak we rupina. Da abdi mah teu gaduh nanaon. Mung banget we hoyong masihan elmu anu mangpaat kanggo bekel hirupna kapayun. Teu ku harta, nya ku harti atuh, “pokna ngageuri.

Doni ngucap sukur, nyangking kabagjaan, wireh anak-anakna kuliah di Unpad sakumaha halna bapana. Doni ge memang alumni  Unpad, ti  Jurusan Sastra Rusia  (Entragan 89). Keur mangsa kuliahna Doni  kaasup aktivis kampus, utamana dina hal gugunungan jeung  ngokolakeun lingkungan hirup. Kiwari ge lian ti jadi supir online, Doni aktip di Ikatan Alumni Unpad Pusat,  jeung Ikatan Alumni Fakultas Sastra dan Budaya (Ika Sadaya) Unpad.

“Propesi supir online hayu, organisasi ge hayu. Duanana dipaju,  sareng Alhamdulillah kapanan kaleresan supir online ge peryogi jejaring, supados seueur langganan,” ceuk Doni sumanget.

Di sejen pihak, Ketua Umum Ikatan Alumni Sastra dan Budaya Unpad, Nuning Hallet, netelakeun ka wartawan, inyana ngarasa reueus wireh salah saurang pangurus Ika Sadaya geus hasil nyakolakeun para putrana nepi ka paguron luhur jeung lulus jadi sarjana, “ Ieu kedah janten conto kanggo nu sanesna, abdi ngiring bingah sareng reueus, “ pokna.

Nuning ge muji ka para sepuh anu ti suksuk ti dungdung digawe demi ngawaragadan sakola barudakna.

“Bade kana naon wae  kasabna asal halal sareng nu utami mah tiasa mangpaat kanggo putra sareng sasamana, “ pokna daria.

Hal eta sapamadegan jeung peupeujeuh  Rektor Unpad Prof. Arief Sjamsulaksan Kartasasmita anu ditepikeun ku Wakil Rektor Bidang Akademik dan Kemahasiswaan, Prof. Zohratur Rusyda Hinduan, S.Psi., MOP., Ph.D., anu harita ngawakilan rektor ngistrenan para wisudawan.

Alumni Unpad kudu jadi kokojo  dina nyanghareupan parobahan zaman, nyiptakeun solusi lain ngan ukur nyiar propesi.

Alumni Unpad ge kudu bisa ngigelan zaman dina abad digitalisasi jeung sistem informasi anu sarwa cepet, adaptip, inovatip, jeung tanggoh. Ku bekel eta, lulusan Unpad bakal mampuh nalukeun tangtangan global sarta mere kontribusi nyata ka masarakat, bangsa, jeung dunia.

“Lulusan Unpad kudu siap bersaing di pasar global, sanes mung ukur  janten padamel, tapi kedah janten inovator sareng janten  pamingpin. Abdi yakin Hidep sadayana tiasa berkarya pikeun dunia, dimana wae ayana.” Kitu harepan Prof. Zohratur.

*******

Judul: Supir Ojol Nganteur Dua Budakna Diwisuda di Unpad

Jurnalis: Asep GP

Editor: Prof Chye

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *