Refleksi Gagasan Bung Hatta Ngeunaan Koperasi, Upaya Ngawujudkeun Kaadilan Sosial

Refleksi Gagasan Koperasi Bung Hatta Sebagai Upaya Mewujudkan Keadilan Sosial

Seminar Nasional Saptu, (10/5/2025) di Ruang Aula lt.4 Gedung Magister Manajemen Fakultas Ekonomi dan Bisnis  (FEB) Unpad Jl. Dipatiukur No. 23 Bandung (Foto: Asep GP)

MajmusSunda News, Kota Bandung, Jawa Barat, Minggu (11/05/2025) – Sakumaha anu pada apal dina poe Saptu, (10/5/2025) geus lumangsung Seminar Nasional  ‘Refleksi Gagasan Koperasi Bung Hatta Sebagai Upaya Mewujudkan Keadilan Sosial’, anu di gelar di Ruang Aula lt.4 Gedung Magister Manajemen Fakultas Ekonomi dan Bisnis  (FEB) Unpad, Jl. Dipatiukur No. 23 Bandung.

Panyaturna diantarana Prof.Dr.Ir. Agus Pakpahan, MS (Rektor Ikopin), Fahmi Wibawa (Direktur Eksekutif LP3ES), Dr. Halida Nuriah Hatta, MA, jeung Dr. Asep Mulyana, S.E., M.CE, ( Dosen FEB jeung Ketua Program Studi Magister Manajemen FEB Unpad). Harita hadir oge Wakil Rektor Bidang Riset, Kerja Sama dan Pemasaran (ngawakilan Rektor Unpad), Prof. Rizky Abdulah, S.Si.,Apt., Ph.D,  Wamenkop Dr. Ferry Juliantono, SE.Ak.,M.Si, sarta Prof. Dr. Meutia Hatta (Ketua Dewan Pembina Yayasan Hatta).

Acara ieu tujuanana pikeun ngaguar nu leuwih teleb deui pamikiran-pamikiran Bung Hatta tumali jeung pangwangunan ekonomi, sosial jeung politik Indonesia, sarta relevansi gagasan-gagasanana dina  zaman modern kiwari.

Sakumaha anu pada uninga kulantaran peran penting jeung pamikiran-pamikiranna dianggap utama dina numuwuhmekarkeun koperasi di Indonesia,  Muhammad Hatta kenging jujuluk ‘Bapak Koperasi Indonesia’ . Sumbangsih Muhammad Hatta dina ngarumuskeun dasar-dasar konstitusional koperasi ngaliwatan Pasal 33 UUD  1945, sarta  ceramah, tulisan, dan karya ilmiahna ngeunaan ekonomi jeung koperasi, memang kacida utamana.

Bung Hatta  haqul yakin yen koperasi teh solusi pikeun ngabeberes pasualan  ekonomi  bangsa. Bung Hatta nilik koperasi mangrupa wangun usaha sarerea anu bisa ngaronjatkeun  karaharjaan rayat balarea.

Bung Hatta boga peran utama dina ngarumuskan Pasal 33  UUD 1945, anu jadi dasar hukum keur numuwuhmekarkeun koperasi di Indonesia. Pasal ieu netepkeun yen perekonomian disusun salaku usaha reujeung dumasar azas kakulawargaan, anu salah sahijina wangunna nyaeta  Koperasi.

Bung Hatta percaya  koperasi lian ti mere mangpaat ekonomi, bisa ngatik ngadididk jeung mere kasadaran kana pentingna usaha bersama pikeun rayat. Bung Hatta gaduh kamandang, koperasi bisa ngundakeun kamampuh diri masarakat jeung mere sumbangsih dina pangwangunan  ekonomi.

Wamenkop Dr. Ferry Juliantono, SE.Ak.,M.Si, sarta Prof. Dr. Meutia Hatta (Ketua Dewan Pembina Yayasan Hatta) di Seminar Nasional  (Foto: Asep GP)

Tah kumaha riwayat Bung Hatta nepi ka  janten ‘Bapa Koperasi Indonesia’ sarta kumaha wae gagasan-gagasan anjeunna ngeunaan perkoperasian  Indonesia. Diantarana bisa diimeutan tina eusi  biantara panganteur  Dewan Ketua Pembina Yayasan Hatta, Prof.Dr. Meutia Hatta Swasono di handap ieu:

“Kalayan asmana kulawarga Bung Hatta, abdi seja nganuhunkeun ka sadaya pihak anu parantos ngayakeun gawe rukun demi lumangsungna seminar nasional ieu.

Sakumaha anu pada uninga, Yayasan Hatta teh hiji-hijina  yayasan milik kulawarga Bung Hatta. Abdi tiluan sawargi-wargi  ngiring ngokolakeun di lebetna. Abdi Meutia Hatta minangka Ketua Dewan Pembina, pun adi  Gemala janten Pengawas, kitu deui Halida (putra katilu Muhammad Hatta) janten Pupuhu dina yayasan Hatta ieu, “ kitu bubukana Meutia Hatta.

Saur Meutia, Bung Hatta ti nuju mahasiswa keneh,  getol berjuang jadi aktivis jeung mingpin pergerakan nasional keur kamerdekaan Indonesia. Anjeunna salah saurang inohong  tanggoh jeung bisa ninggal mangsa hareup ku pikiran anu bersih jeung iklas  keur kapentingan Indonesia.  Perjuanganana nemu jalan rumpil , pinuh ku  pangorbanan . Tapi anjeunna  tetep pengkuh sarta sadar yen perjuangan anu beurat mah perlu pangorbanan, sarta  pangorbanan anu didadasaran ku niat hade pikeun kamerdekaan jeung karaharjaan rayat mah tangtu tinekanan bakal kasorang.

Dina perjuanganana  ngaraeh kamerdekaan, Bung Hatta geus nataharkeun visi ka hareupna dina ngeusi kamerdekaan anu didasaranan ku kaadilan, kamanusaan, persamaan hak warganegara, karaharjaan rayat, kamerdekaan berpikir jeung kaharmonisan dina kahirupan rayat.

Salahsahiji sipat Bung Hatta sok masihan jalan gede sasapuan, mere solusi kana saniskara pasualan anu aya di masarakat. Kaasup ngawangun ekonomi ku jalan nerapkeun ajen-inajen demokrasi dina kahirupan ekonomi bangsa. Anjeunna yakin ku ayana partisisipasi sehat ti masarakat, kaadilan bisa dibangun ku sarerea.

Dina taun 1953, Bung Hatta dipasihan gelar “Bapa Koperasi Indonesia”. Koperasi teh usaha babarengan anu hasilna keur kapentingan sarerea. Cindekna koperasi teh rukun gawe, sabab harti koperasi nya gawe reujeung / kerjasama. Hartina koperasi anti persaingan, sabab anu ngaranna perasingan pasti salahsaurangna aya nu perlaya. Lamun gugur, ngandung hati leungitna asset nasional. Gotong royong geus jadi budaya di unggal seler bangsa anu aya di Indonesia, jeung sanyatana koperasi ge ngahangkeutkeun gotong royong.

Koperasi dianggap penting ku Bung Hatta, minangka wangun usaha keur ngalaksanakeun ekonomi nasional. Nalika panaratas Nagara nyusun UUD 1945, Bung hatta jadi konseptor Pasal 33 UUD 1945 ngeunaan Ekonomi Nasional. Anjeunna nandeskeun yen prinsip ekonomi nasional nyaeta mangrupa ekonomi rayat, jeung wangun usaha anu payus nyaeta koperasi.

Seminar Nasional Saptu, (10/5/2025) di Ruang Aula lt.4 Gedung Magister Manajemen Fakultas Ekonomi dan Bisnis  (FEB) Unpad Jl. Dipatiukur No. 23 Bandung (Foto: Asep GP)

Lamun nilik kahirupan Bung Hatta, memang ti leuleutik geus diatik dididik ngutamakeun hirup babarengan silih simbeuh ku kadeudeuh silih kojayan ku kanyaah jeung sasamana. Kitu deui di bumina sadaya kulawargana kedah tuang sareng, teu diambeng sosoranganan. Hal ieu nerap dina emutan Bung Hatta, saterusna dilarapkeun dina ngatik ngadidik para putrana. Alhasil para putrana  ge bisa apal jeung paduli kana  sagala pasualan anu aya di masarakat.

Ajaran hirup kumbuh babarengan jeung gotong royong ge katarima ku  Bung Hatta nalika nuju alit ti akina anu jadi sudagar usaha angkutan pos. Nya ti tuang Eyangna  Bung Hatta diajar ngajenan jalma leutik, sabab usaha angkutan pos  mah pagawean anu mentingkeun  rukun gawe reureujeungan ti mimiti juragan,  pangurus kareta pos, tukang ngurus kuda, patugas angkutan pos, kusir kareta pos, sakabehna kudu patareman.

“Urang mah kedah ngajenan para pagawe, lamun taya jalma leutik kawas maranehna, usaha urang  hirupna moal lana,” kitu ceuk akina harita.

Jadi mimitran jeung gawe rukun dina ngahontal hiji tujuan, sukses bari jeung  ngutamakeun karaharjaan karyawan, eta konci utama  suksesna usaha. Hatta ge nyaksian gotong royongna masarakat Bukittinggi  (Padang) mangsa harita dina usaha ekonomi di pasar jeung di sawah dina ngawangun pasilitas keur balarea.

Hirup patareman jeung rukun gawe ieu ge nerap pageuh dina ingetana Pamuda Hatta  nalika nyuprih elmu di Rotterdam -Walanda jeung jadi anggota Perhimpunan Indonesia (PI). Para anggota PI sadar yen maranehna dialajar teh lain ngan saukur pikeun jalan nyiar pagawean, tapi keur modal dadasar  sangkan paham kana elmu mingpin nagara. Ku kituna sok sanajan harita Bung Hatta nyuprih  elmu ekonomi, tapi  anjeunna ge ngiring mata kuliah lianna kayaning Hukum Kolonial, Administrasi Negara, Keuangan & Moneter, jsb, anu aya gunanna keur bekel pangaweruh lamun jadi pajabat nagara,   dina mangsa Indonesia merdeka.

Lian ti kitu, Para mahasiswa anggota  PI ge dina  unggal gempungan remen reureujeungan tatahar dialajar jadi pamingpin sangkan bisa milu aub  ngolah nagara dimana Indonesia geus merdeka. Dina salah sahji rapat, maranehna ngaguar ngeunaan nagara-nagara Skandinavia, utamana Denmark, anu jaya ku  sistem koperasina, sarta dina pamustunganana sarerea sapuk ngutus Hatta jeung Syamsi anu dialajar ekonomi, sangkan ngalanglang ka Denmark. Carana kumaha? Nya didieu muncul prinsip reureujeungan patareman. Sararea rereongan, udunan. Komo  mahasiswa kedokteran mah udunanana ge panggedena sabab meunang beasiswana ge leuwih mucekil ti batan mahasiswa lianna.  Atuh bral Hatta jeung Syamsi miang  diajar sistem ekonomi di Denmark. Nya di Denmark ieu Hatta nyaksian yen ku jalan patareman ,rukun gawe,  jeung silih rojong,  Denmark jadi sukses perekonomianana,  anu taya lian make sistem koperasi tea.

Saterusna dina taun 1931, Bung Hatta geus nandeskeun dina bukuna, ‘Ke Arah Indonesia Merdeka’, yen rukun gawe,  gotong – royong babarengan teh geus jadi budaya  hirup  sapopoe bangsa Indonesia ti baheula mula. Anjeunna seueur ngaos buku anu aya di pabukon kampusna di Rotterdam ngeunaan Indonesia (harita mah Hindia- Walanda), nya tina buku anjeunna janten apal yen sipat guyub babarengan teh aya dina hirup kumbuh  sapopoena seler bangsa di Indonesia, lain ngan ukur di Minagkabau wungkul. Ku kituna Bung Hatta boga kacindekan yen demokrasi asli Indonesia teh gotong-royong, babarengan.

Koperasi anu kasaksen ku inyana di Denmark ge ngutamakeun pisan kana rukun gawe jeung gotong-royong, tulung-tinulungan. Kitu deui anu kabaca jeung kasaksen ku anjeunna dina hirup kumbuh sapopoena seler bangsa nu aya di Indonesia, ngutamakeun prinsip babarengan patareman jeung gotong-royong.

Ku kituna Bung Hatta ngararancang sitem ekonomi Nasional dina UUD 1945 anu dumasar kana ekonomi rayat jeung wangun usaha anu tepat teh nyaeta,  Koperasi,  lain sistem kapitalisme, liberalisme atawana komunisme. Ieu estu disain asli hasil pamikiran Bung Hatta.

Kacindekanana, salaku pamingpin Bung Hatta teu weleh nerapkeun  rukun gawe, gotong-royong, babarengan, silih tulung tinulungan, silih rojong pikeun kamajuan anu didadasaranan ku musawarah mupakat. Hal ieu pisan anu ngadadasaranan Bung Hatta salaku konseptor Pasal 33 UUD 1945.

Jadi dina ngararancang   konsepna teu padu nyomot  tina pamanggih nu lian, atawa nurutan nagara deungeun anu sukses, tapi estu kulantaran aya prinsip anu payus saluyu jeung hirup kumbuh bangsa Indonesia, anu geus mang abad-abad ka tukang hirupna gotong-royong, musawarah mupakat diantara para Datuk jeung Panghulu Adat anu diajen ku rayat. Sakumaha pituah Minagkabau, bulek aie den pambuluah, bulek kato dek mufakat, (Buleud cai ku awi, buleud ucap ku mufakat).

“Minangka pamungkas, Urang sadayana kedah ngutamakeun  rukun gawe babarengan dina kahirupan modern kiwari. Sabab dunya tambah maju, tapi kompetisi ge tambah mahabu. Lian ti eta geus lumangsung interdepedensi antara nagara maju jeung nagara-nagara nu keur tumuwuh mekar. Kumaha earna sajajagat akibat tarikna  tarip perdagangan anu disodorkeun ku Presiden Amerika Serikat Donald Trump anu ngalantaran nagara-nagara lianna ngaroceak ku tarikna tarip impor Amerika dina perdagangan Internasional.

Mugia urang tiasa ngokolakeun koperasi Indonesia ku cara anu wijak, ku jalan nerapkeun prinsip rukun gawe babarengan anu parantos nyampak dina ajen budaya unggal seler bangsa di Indonesia anu warna-warna namung hiji, bangsa Indonesia, “ kitu saur  Ibu Meutia Hatta mungkas panganteurna. (Asep GP)

***

Judul: Refleksi Gagasan Bung Hatta Ngeunaan Koperasi, Upaya Ngawujudkeun Kaadilan Sosial

Jurnalis: Asep GP
Editor: Prof Chye

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *